Tepung Deui

oleh -317 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Tepung deui jeung jirim nu tadi
dina kiceup teuteup sarénghapan
bet asa geus lila wanoh
disusud na jajantung
ditanyakeun ka sanubari
lebeng taya ngiberan
suwung ku pituduh
kalah hémeng ngalimpudan
dina bingbang sapanjang amparan éling
naha saha salira

Tepung deui jeung jirim kamari
dina reungeu sora sakecapan
bet asa landes misono
da puguh kungsi wawuh
meulit ngait dalit ngahiji
tapi naha di mana
weléh teu katimu
rumandeg kalalanjoan
liwung bingung ngareumpeukan wening pikir
salira saha téa

Tepung deui jeung jirim bihari
dina karep keteg sabéngbatan
teu ilang teu poho-poho
ditatar saban lawung
teu kasungsi ku panon ati
samar teu kajugjugan
malaur kasarung
kalah anteng kumoléang
uleng mikir jirim saha nyiliwuri
palias kumalangkang

Kalah tepung jeung jirim awaking
dina rasa najan sarénjagan
moal kabobodo ténjo
geuning karep jeung laku
anteng montél teu leungit-leungit
nyayang lebah mamaras
nutur-nutur napsu
da puguh susah rék pukah
anteng matri sumanding na sanubari
nyawa saraga badan

Wanayasa, 2005