Lailatul Qodar

oleh -293 views
Foto: Internét

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Neuteup langit na jejempling peuting
lebah lewang na jejemplang bulan
dina haréwosna simpé
béntang geuning bet suwung
teu ngiceupan cara sasari
ilang duka ka mana
kantun liuh linduk
ceuk angin semu dareuda
kapan kami jeung béntang keur anteng wirid
nyambat asma Pangéran

Langit wening cahyana dumeling
bulan tilem mung kantun hibarna
peuyar peuray teu katémbong
bumi bangun teu laju
lirih angin geus lila numpi
peuting reureuh sapisan
nyurup kana kalbu
janten motah ngaguligah
jero dada kalah rongkah perang sabil
ragot amal jeung dosa

Lirih peuting meungkeut satungkebing
ranjug dami niir pakarepan
jeung keteg nu beuki halon
ngembat muru lulurung
pangreureuhan tempat ning ngancik
lebah iraha boa
sapipir satungtung
butbat jalan sasapuan
tingtrim teuing salebeting ieu peuting
lugina pasrah lilah

Bray balébat dina tungtung lilir
angin lirih datang ngabubuhan
jeung béntang lir sumolondo
usik lebah jajantung
ngimpi naon sapanjang éling
asa mung sakedapan
gundam méméh usum
langit lénglang narawangan
pangsujudan asri teuing jeung lalening
kuring naha di mana

GBI, Hujung Shaum 1437 H