Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan

oleh -50 views

Dina leungeun Dian, puisi guguritan lain wungkul tarékah pikeun ngasup-ngasupkeun kekecapan sina surup kana wadah nu geus baku (guru wilangan), tapi mangrupa kamahéran lebah ngulinkeun kekecapan dina wadah nu kacida “kaku” sakaligus nalukkeun éta aturan nu baku téa sina léah biluk kana jengléngan kekecapan nu kumawasa. Temahna, leunjeuran rumpaka guguritan téh karasa hirup, ngamalir, tur ngawirahma.

  • Téddi Muhtadin, kritikus sastra, sesepuh Rawayan, dosén Sastra Sunda Unpad