Sekar Gawir: Kumpulan Sajak

oleh -69 views

“Niténan sajak-sajak Sri Sussi Ariés Lulupi témbong yén tradisi liris dina sajak Sunda téh masih kénéh kandel. Harmoni lain baé jadi udagan gumulungna anasir pangwangun sajak, tapi némbongkeun dalitna hubungan subyék lirik jeung alam lingkungan. Dina sajak modél kieu, jagat ageung henteu ngan ukur jadi latar nu kemba, tapi jadi subyék oténtik nu jadi panghudang rasa katut pangjurung laku ka subyék lirik pikeun namperkeun tur ngémbarkeun ajén-inajén kahirupan.”

  • Teddi Muhtadin, Kritikus Sastra, Kepala Pusat Studi Budaya Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran.

 “Sussi salaku penyair geus tabah dina nulis (puisi). Inyana geus mampu meruhkan basa jeung diksi dina puisi-puisina. Tah, dina ieu buku puisi Sekar Gawir, Sussi lain ngan ukur nyatet lalampahan inyana ka sababaraha tempat. Tapi, ieu penyair geus méré ajén kana puisi-puisina. Nu maca bakal manggihan ajén-inajén atawa niléy-niléy koléktif urang salaku manusa. Ngeunaan bobot niléy anu baris kakoréh, tangtu waé gumantung kana modal anu nyampak di urang anu macana.”

  • Deni Ahmad Fajar, Panyajak & Wartawan HU Tribun Jabar, Pinunjul Hadiah Sastra Rancagé 2013, Penulis Buku Kumpulan Sajak Lagu Padungdung (2012).

 “Sri Sussi Arriés Lulupi téh panyajak anu lampar. Lain baé lampar jarambah lolongok ka unggal lelewek, tapi ogé rancagé ‘ngararadan’, ‘ngarautan’, laju namperkeun imprési ngawujud sajak anu beuneur. Leubeut ku ma’na jeung simbul guar-guareun surahaneun nu maca.”

  • Eris Risnandar, Panyajak, Pinunjul Hadiah Sastra Rancagé 2019, Penulis Buku Kumpulan Sajak Sérah (2018).