Mushap Beureum Ati: Kumpulan Carita Pondok

oleh -49 views

“Sapuluh carpon anu midang dina ieu buku kawas nu ngajak ngungkab rasiah haté wanoja. Duriat nu jadi eusina lir ibarat cai: dina hiji waktu ngabeku kawas és batu, séjén waktu lir cai kendi jangeun jalma anu tuhureun, tapi aya kalana ngajanggélék jadi caah déngdéng anu matak pibahlaeun. Dipidangkeun dina gaya réalis, plot anu basajan, émpati ka para tokoh, katut basa Sunda anu merenah, nu maca bangun nu ditungtun pikeun ngarasakeun naon hartina tibelat.”

  • Téddi Muhtadin, Kritikus Sastra & Kepala Pusat Studi Budaya Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran.

“Isur salaku pangarang ieu buku geus mampuh méré kani’matan jeung panggeuing ka nu maca sangkan bisa ngokolakeun panineungan kalawan apik, tartib, tur lantip ngaliwatan ranggeuyan basa anu basajan jeung wajar. Pon kitu deui lebah makihikeun plot jeung racikan konflikna; basajan tapi témbrés pisan gékgékanana. Salaku pangarang gé Isur mampuh ngajak ngaheungheum-ngabeuweung carita dina racikan plot jeung konflikna nu diwewegan ku sikep anu sawawa, bari teu kantun ti instrumén-instrumén séjénna nu teu weléh ngahudang pogot.”

  • Dian Héndrayana, Sastrawan, Ketua Déwan Kebudayaan Kabupatén Bandung, & Dosén Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia.