Sambang

oleh -46 views

Kulawarga Pa Hérdi héraneun kana kalakuan Ryan, budak bungsuna. Budak anu sasarina bageur jeung soléh téh, ayeuna mah mani katangén béda pisan. Asa sok matak pimelangeun jeung ngarungsingkeun. Kituna téh ti saprak eureun di jalan tol ku sabab hayang kahampangan téa. Asup kana mobil gé, jol beledag waé nutupkeun pantona sahabekna. Kitu deui waktu anjog di Pangandaran. Réa peta Ryan anu lain kalakuan Ryan sabenerna. Kabéh gé nganaha-naha. Enya, pelesirna téh teu saluyu jeung harepan. Apan kuduna mah suka bungah. Ari ieu kalah meunang dodoja.

Tah, carita éta téh gurat badag dongéng nu ditepikeun ku Uwa ka para suanna. Pangarangna, Dian, katangén parigel ngulinkeun alurna nu matak metot kapanasaran nu maca.