Ka Cianjur Natar Cianjuran

oleh -252 views
Foto: internet

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Keur Didi Wiardi *)

Urang paheut geus pada saati
mun isukan rék miang duaan
ka ditu ka tebéh kulon
Cianjur nu kamasur
pangjugjugan teu salah deui
sakantenan deuk nadran
ka sakur karuhun
ku anjeun gé disapukan
pajar meungpeung manggih wanci nu mustari
nyacapkeun pakarepan

Ngulon deui urang ngulon deui
ka Cianjur natar cianjuran
ngaberung mangprung na motor
ti Bandung urang sapuk
nu dijugjug ka Pancaniti
makam di Pasaréan
bari nyekar tangtu
di dinya aya nu tibra
tengrem kulem sumanding asihna Gusti
ku urang dicicipta

Ngagalindeng tembang dina ati
papantunan babon cianjuran
kapireng ngalalar baé
anjeun karérét deku
na paésan Ki Pancaniti
kuring milu ngalimba
deker milu deku
deudeuh teuing ieu makam
jajar pasar taya ciri nu mandiri
makam ménak gerotan

Ti dinya téh urang guntreng deui
aya makam nu ulah diliwat
Écé Majid tokoh kahot
ka dinya terus muru
bréh kapanggih makamna sidik
makam éndah diréka
kacapi parahu
menekung urang di dinya
bet kapireng kelentring jentréng kacapi
ngaweuhan rarancagan

Muru ngidul urang miang deui
ngajugjugan lembur Pamoyanan
di dinya Dalem Dicondré
anteng deui menekung
bari nyipta si rajapati
parebut bebeneran
pun Gencay ratnayu
ceuk anjeun boa di dinya
nu dicondré jeung nu nyondré bélapati
ceuk kuring boa enya

Méméh mulang da geus sapuk deui
lalampahan cacap na mumunggang
Cikundul di tebéh kalér
urang niiskeun kalbu
luhur pasir nu tengtrem tingtrim
bari ngalap barokah
Kangjeng Wiratanu
pareng mulang ngembat wetan
urang guntreng haliwu na jero ati
karah geus tepi mana

Bandung, Agustus 2008

*) ki sobat nu mulang ka kalanggengan 7 Juli 2008. Mugi pinarengan bagja.