Modél

oleh -213 views
Ilustrasi: m.brilio.net

Sajak Éris Risnandar
(Sastrawan)

nu nyieun modél batur
nu migawéna urang
aya ku modél

sawah sawah nu urang
binih gemuk disadiakeun batur
aya ku modél

paré paré nu urang
lagu panén pangaji ditangtukeun batur
aya ku modél

nu nyieun modél batur
nu migawéna urang
aya ku modél