Saha Ari Téddi Muhtadin?

oleh -2,196 views
Foto: Rawayan

Nénéhna Téddi. Disebut kitu téh pangpangna ku koléga jeung mahasiswana di kampus. Atuh nu lian gé nu anyar panggih nyarebutna Pa Téddi atawa Kang Téddi. Tapi, sepuhna mah nyaéta Bapa Adang Fatihudin sareng Ibu E. Sukastini sarta dulur-dulurna sok nyebat Cécép. Ari babaturan saentragan di Sastra Sunda Unpad taun 1986, nu deuheus pisan, sok nyarebatna téh Encép.

Cécép téh saenyana mah ngaran kanyaah ti éyang istri. Téddi ti rama. Ahmad Najmul Muhtadin ti éyang pameget. Ramana mah deuih nyebatna téh Asép. Lian ti éta, aya ogé nu sok nyarebat Uwa cara ku babaturan SMA-na di SMAN Rancaékék, awak-awak Rawayan, kulawarga, jeung babaturan lianna saperti Hikmat Gumelar jeung Hawé Setiawan; tandaning dipikolot ku lingkungan deukeutna. Ngan, dina ieu tulisan mah badé nyebat “Uwa” waé.

Urang Cipasir Rancaékék Uwa téh. Alamat lengkep lemburna nyaéta Jalan K.H. Ahmad Syadili No. 58 Cipasir, Désa Jelegong, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung. Tapi, kiwari anjeunna bumén-bumén di Lélés, Garut. Linggih di Garutna ieu Dosén Sastra Sunda Unpad téh sareng kulawargana di Pérum Qoryah Thayyibah, Blok A-1 No.1 RT 1 RW 9, Désa Ciburial.

Uwa téh kaasup entragan pangarang Sunda nu lahir taun 1960-an katompérnakeun. Karanganana geus réa, boh fiksi boh nonfiksi. Ngan, réréana mah masih bacacar ti antarana dina média citak. Najan kitu, aya sawatara karyana anu geus hasil dikumpulkeun tur ngawujud buku, nyaéta Ning: Kumpulan Sajak 1994-2004 (2008) wedalan Kiblat Buku Utama, Lain (Ukur) Éta: Kumpulan Éséy Sastra Sunda (2020) wedalan Unpad Press, jeung Renaisans Sunda: Fungsi Sosial Kritik Sastra Sunda Ajip Rosidi (2020) wedalan Layung.

Di pakalangan sastra Sunda, Uwa babakuna dipikawanoh alatan éséy-éséyna nu mesék hasil sastra atawa ngabahas masalah kasusastraan umumna. Nu matak remen kapeto jadi juri hadiah sastra kayaning Hadiah Sastra LBSS, Carpon Pinilih Majalah Manglé, jeung Hadiah Sastra Rancagé. Salian ti éta, Uwa gé ancrub kana dunya téater Sunda boh jadi aktor (misalna dina pagelaran “Oléng Pangantén” naskah Ki Jantuk atawa Arthur S. Nalan), penulis naskah (saperti nulis naskah drama “Pasaran” kalayan sandiasma Raspati), atawa jadi sutradara. Malah, waktu nyutradaraan Uwa kungsi kasinugrahan nominator “sutradara terbaik” dina Pasanggiri Drama Basa Sunda (PDBS) Téater Sunda Kiwari (TSK) taun 1992 dina garapan naskah “Tonggérét Banén” karya Wahyu Wibisana.

Pribadi ieu Kepala Pusat Studi Budaya Sunda (PSBS) FIB jeung Sékrétaris Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Universitas Padjadjaran sopan, handap asor, tartib, teu réa codéka. Getol maca, tapis tulas-tulis. Kitu nu kapeunteun ku batur-baturna boh di jero kampus boh di luar kampus. Komo kahémanna ka nu ngarora mah jigana taya anu mapakan. Teu weléh ngarojong jeung ngamotivasi. Matak pantes lamun disebut paraji pangarang Sunda téh, hususna nu kabeungkeut di Kelompok Studi Budaya (KSB) Rawayan. Enya di Rawayan pisan panineungan Uwa réa anu namper, pangpangna itikurih medalkeun Jurnal Rawayan taun 1990-an. *** (Riki Nawawi)