Ngageuhgeuykeun jeung Ngaheureuykeun

oleh -253 views
Ilustrasi: Rawayan

Éséy Téddi Muhtadin
(Pamingpin Rédaksi Rawayan.Id)

Dina Terjemahan Al-Qur’an Bahasa Sunda (2021?) ayat 14, surat Al-Baqarah, ditarjamahkeun “Nalika papanggih jeung jalma-jalma anu iman, pok maranéhna ngomong, ‘Kuring sadaya geus iman.’ Tapi, lamun geus balik deui ka sétan-sétan (para pamingpin)-na, maranéhna ngomong, ‘Sabenerna kuring saréréa téh babarengan jeung anjeun. Kuring saréréa mah ngan ngageuhgeuykeun wungkul.’” (Dicitak miring ku kuring).

Ké ké… naha bet ngageuhgeuykeun? Dina kalimah “Kuring sadaya geus iman”, anu ditepikeun ku jalma-jalma munapék ka jalma-jalma nu iman, ceuk rasa basa Sunda kuring mah, taya tanda-tanda ngageuhgeuykeun. Naon sababna? Lantaran kapan ceuk dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1980/II) ogé ngageuhgeuykeun téh hartina ngaheureuykeun jeung nyeungseurikeun. Jadi, dina kecap ngageuhgeuykeun mah lian ti ngandung harti ngaheureuykeun téh, aya ogé anasir séjén nyaéta nyeungseurikeun. Ari dina kontéks kalimah “Kuring sadaya geus iman” mah, asana, taya anasir nyeungseurikeun-ana.

Kecap ngageuhgeuykeun téh, di antarana, dianggo ogé dina Al-Amin: Al-Quran Tarjamah Sunda  (2017/V) yasana K.H. Qamaruddin Shaleh, H.A.A Dahlan, sareng Yus Rusamsi; Al Munir: Al-Quran Tarjamah Basa Sunda (2015/VIII) yasana Prof. Dr. H.M. Djawad Dahlan; jeung Muqaddam: Al-Qur’an Tarjamah Sunda (1993) yasana H.H. Qamaruddin Shaleh. Kecap ngageuhgeuykeun luyu ogé sareng tarjamah Al-Quran dina basa Indonésia, nyaéta berolok-olok.

Sabada mukaan deui tarjamah Al-Quran dina basa Sunda lianna, sihoréng aya ogé nu ngagunakeun kecap séjén. Drs. H.R. Hidayat Suryalaga dina Nur Hidayah: Saritilawah Basa Sunda Al-Qur’an (2002/II) ngagunakeun kecap heuheureuyan. Kitu deui Hj. Mariyah Maryati Sastrawijaya dina Anugerah Al-Quranul-Karim: Tarjamah Basa Sunda Juz Ka-1 dugi Ka-6 (2011) ngagunakeun kecap ngaheureuykeun (ngabobodo).

Kecap ngaheureuykeun, dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda LBSS, hartina sarua jeung ngulinkeun atawa ngabobodo. Ari kecap heuheureuyan, dumasar kana Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2006) hartina lain heureuy saenyana (Danadibrata). Jadi, boh dina kecap ngaheureuykeun boh dina kecap heuheureuyan taya anasir nyengseurikeun-ana. Nya ku lantaran kitu, asana, kalimah panungtung dina surat Al-Baqarah ayat 14 téh langkung merenah ngagunakeun kecap ngaheureuykeun ti batan ngageuhgeuykeun. Dina Anugerah éta ayat téh ditarjamahkeun “Sabenerna kuring saréréa sapagodos jeung anjeun éta mah ngan saukur ngaheureuykeun (ngabobodo).” (Dicitak miring ku kuring).

Wallahu’alam. Da ukur sabéngbatan. Ukur nyatetkeun nu ngolébat dina ingetan lantaran sieun kaburu kapopohokeun. Muga-muga ka hareup bisa kasampeur, bisa katalungtik leuwih daria. Atuh dina henteuna, nya teu nanaon. Sahenteuna kuring kungsi mikiran nu kitu atawa kungsi mikir cara kitu.

                                                                               Suku Gunung Guntur, 8 Agustus 2021