Mahasiswa (Jatinangor), antara Kuliah jeung Nyarumbang Masalah

oleh -226 views
Potrét: Dok. Ravivaldi Permana (Kumparan.com)

Éséy Djasépudin*
(Sastrawan)

Kaom nonoman, hususna para mahasiswa, saban mangsa gedé yasana dina nangtukeun sajarah jeung pangwangunan bangsa. Bedas tanaga, nyakola, sarta sumanget nu ngagedur jadi sababaraha sabab warga nagara gedé harepan ka para mahasiswa. Nya pantes pola hirup mahasiswa ayeuna téh nangtukeun nanasiban bangsa jeung nagara dina mangsa nu bakal kasorang. Ceuk urang Bogor mah di nu kiwari ngancik nu bihari, seja ayeuna sampeureun jaga.

Sanajan kitu, ulah dipiandel teuing para mahasiswa téh. Ari sabab teu sakumna mahasiswa mibanda idéalismeu nu ngagalura. Boa di antara mahasiswa ogé mikahayang nu patukang tonggong jeung harepan balaréa.

Réa carana maca pipikiran, ucapan, jeung paripolah entragan nu ngarora jaman ayeuna. Salah sahijina nengetan rohang pribadina. Nyatana pamondokan sapopoéna.

Ari pamondokan, penginapan, asrama, kontrakan, kosan, atawa apartemén dina seuhseuhanana mah tempat cicing samentara mahasiswa sangkan teu jauh ti kampus tempat nyiar pangartina. Tangtu baé bisa ngekos kitu téh alatan nyéwa bulanan atawa taunan.

Upama di Bogor gegek ku mahasiswa nu ngalumbara di lelewek Ciheuleut atawa Darmaga; ti sakuliah Indonésia ngaronyok di Pondok Cina, Dépok; atawa di Kota Bandung para mahasiswa ti mana mendi sumebar di lelewek Sékéloa, Tamansari, jeung Lédeng; nya para mahasiswa di Kabupatén Sumedang mah ngahunyud di wewengkon “Kota Métor” Jatinangor.

Ari di Jatinangor, kampus nu kawilang panglobana mahasiswana téh ti Institut Pemerintahan Dalam Negeri (IPDN), Institut Manajemen Koperasi Indonesia (IKOPIN), Institut Tekhnologi Bandung (ITB) cabang Jatinangor, jeung Universitas Padjadjaran (Unpad).

Éta opat paguron luhur téh ngajajar di Jalan Bandung-Sumedang titinggal Gubernur Jénderal Daendels. Teu ngan paguron luhur, di sabudeureun Unpad ogé ngadeg sababaraha TK, SD, SMP, jeung SMA negeri jeung swasta.

Hanjakal ngajegirna opat kampus jeung puluhan rébu mahasiswa teu sakumna mahasiswa paduli ka para tatanggana. Kitu deui kampus can gembleng jadi solusi nyata pikeun lingkunganana.

Kurangna rasa paduli paguron luhur (mahasiswa) ka warga Jatinangor jeung sabudeureunana gedé atawa leutik ngabalukarkeun Jatinangor témbong awut-awutan. Trotoar jadi lapak parkir jeung dagangan, sawah jeung kebon salin jinis jadi wangunan beton, jalan liliwatan di unggal gang beuki ngaheureutan, geus puguh runtah mah ngalayah di unggal juru.

Enya ogé aya Tri Dharma Perguruan Tinggi, tangtu baé aya ogé komunitas mahawasiswa nu gerak dina widang lingkungan atawa literasi, tapi bangun nu jalan napsi-napsi. Bisa jadi aya nota kesepahaman, tapi can gembleng dijalankeun luyu jeung nu diguratkeun.

Hal éta bisa dibaca tina pamondokan mahasiswa. Pajurawutna tata kota pamondokan di Jatinangor teu éléh acak-acakanana lelewek Jalan Suci, Tamansari, atawa Sékéloa di Kota Bandung.

Nya sawang baé pamondokan mahasiswa di Kampung Bojongeureun, Caringin, Warungkaldé, Ciawi, Ciséké, Sukamanah, Sukawening, Cikuda, Jatimulya, Jatiroké, Narongtong, Cilélés, jeung Cinenggang. Gegek jeung heurin usik. Malah, di lelewek Cikuda jeung Warungkaldé mah ngadeg apartemén sagala. Atuh warga di sabudeureunana aya nu leungiteun jeung kahalangan cahya panonpoé atawa éndahna pamandangan Gunung Geulis jeung Manglayang.

Nu leuwih parna mah meneran peuntaseun gerbang Unpad, aya jalan atawa gang nu legana kurang ti satengah méter. Jalan téh beuki pikasieuneun sabab tong boro peuting pasisiang ogé poék ngajumleng.

Ka luhurna, wangunan hateup, dak, jeung sorondoy pajurawet teu puguh  alang ujurna. Di éta gang lain hal nu ahéng sok bijil kalabang,  titinggi, leunyay, ogé oray.

Untung baé di éta gang tara kawénéhan nu milampah teu uni. Tapina, praktik séks bebas di kalangan mahasiswa lumrah dilakukan di pamondokan. Geus hal nu umum pabeubeurang atawa maju ka peuting nu ngalanteurkeun pesenan emih rebus, nasi goréng, atawa kadaharan lianna mireng jeung némbong sabagian para mahasiswa keur milampah hal nu nirca.

Teu kudu héran di solokan salian kotor, hideung jeung bau ogé dipinuhan ku rupa-rupa runtah, kaasup kondom jeung cangkang uubaran husus nu keur sapatemon.

Ku geus mayar tilu puluh rébu rupiah jero sabulanna ka patugas kabersihan,  warung, toko, atawa pamondokan di Jatinangor bangun teu mibanda deui rasa kawajiban dina nyanghareupan pasualan runtah. Ngarasa geus mayar, urut bungkus roko lung baé ka mana karep.

Notorogan mahasiswa téh lain dina pasualan runtah doang. Tibatan museurkeun diri tolab élmu luyu jeung jurusan nu dipilihna mangsa SMUP atawa SBMPTN, sabagian mahasiswa malah anteng kapéngpéongan ku PS, atawa games online modél Free Fire atawa PUBG. Balas ku katungkulkeun teuing ku permainan onlén teu saeutik mahasiswa nu tepi ka kuliahna teu jucung.

Kosan mahasiswa modél kitu ulah teuing dipiharep némbong tumpukan buku, kliping koran, majalah, atawa lambaran makalah tina rupa-rupa diskusi ilmiah nu mayeng digelar di jero jeung luareun kampusna.

Dina enyana ogé ka kampus malah jadi tempat pamér pamor haliah dunya. Atuh buruan fakultas téh jadi mirupa déler. Padahal, anggang pamondokan jeung fakultas ku leumpang ogé moal leuwih ti sajam.

Pantes baé Jatinangor beuki bayeungyang. Geus kitu téh sajumlahing tutuwuhan di kampus ditaluaran. Hayang gancang bérés nya masang AC jadi pilihan. Padahal, asa teu pantes wangugan nu padeukeut jeung suku Gunung Manglayang katut Gunung Geulis bet di AC-an.

Upama pamaréntah kawas nu pasrah sumerah, naha paguron luhur malah nyumbang masalah? Laju, di mana peran mahasiswa nu mindeng cocorowokan mahasiswa téh agen perubahan?

Naha tetep betah hirup konsumtif nu ditalikung ku permainan modél Poker, Mobile Legend, FF, jeung PUBG?

Mangga lenyepan.