Éséy Djasépudin*
(Sastrawan)
Ceuk sawatara ahli kasenian, mamaos atawa tembang Sunda cianjuran téh kakolomkeun seni nu linuhung. Rupaning wanda seni sora gumulung ngajadi hiji dina tembang Sunda cianjuran. Hanjakal, éta seni hasil kamotékaran Dalem Pancaniti téh ngan sababaraha urang waé nu haat jeung parigel ngadadarkeunana.
Ari sabab, medar unak-unik tembang téh lain pasualan gampang. Komo mun ngandelkeun kareueus atawa kaagul doang mah. Teu mahi ukur apal cangkem kana pupuh, guguritan, paparikan, dangding, papantunan, jejemplangan, dongkari, atawa hal-hal nu sipatna téknis.
Leuwih ti kitu, lebah medar tembang atawa kawih mah mibutuh kajembaran pangaweruh, seukeutna rasa, sarta ngawasa pasualan sosiologis, idéologis, jeung filosofis. Hal éta bakal kapibanda upama urang leukeun ngotéktak jatining tembang Sunda cianjuran ti mangsa ka mangsa.
Untung waé aya Pa Apung. Jenengan lengkepna mah Apung Sumpena Wiraatmadja. Kana kawih atawa tembang téh Pa Apung mah bangun nu nyobat dalit.
Nya tina luang pangalamanana sarta diwekelan ku pangarti ti sakolaan, Pa Apung manjang sinambungan medar kasenian, utamana seni tembang Sunda cianjuran. Ku kitu téh urang saeutik-badagna jadi rada apal kana rupaning hal nu méméhna nyamuni.
Rupaning pamendakna diserat dina sajumlahing makalah, artikel dina rupa-rupa média, sarta sawaréhna dikumpulkeun winangun buku. Di antarana aya Kuring jeung Tembang Sunda (1996), Mengenal Seni Tembang Sunda (1998), Nu Sarimbag & Unak-anik dina Tembang Sunda (2006), Salawé Sesebitan Hariring (2009), sarta Énsiklopédi Mini Tembang Sunda (2009).
Minangka Camat Régol Kotamadya Bandung manten, minangka tawis katineung ka kota lemah cai kadeudeuh, Pa Apung ogé nyerat buku Lagu Liwung Urang Bandung (2006).
Dina buku nu ieu mah Pa Apung medar rupaning pasualan nu nyampak di Kota Bandung. Kaasup ngeunaan talajak PKL, runtah nu ngahunyud di lulurung-lulurung Kota Bandung, sual terminal, nu ngaramén, tepi ka ngeunaan walungan Cikapundung.
Bakat seni
Nurutkeun panalungtikan Téti Affiénti dina tésisna “Eksistensi Seniman Apung S. Wiraatmadja sebagai Tokoh dalam Perkembangan Seni Tembang Sunda Cianjuran di Jawa Barat (Sebuah Biografi)”, bakat seni Pa Apung geus kaasah di lingkungan kulawargana. Ibuna, Éharia, ibu rumah tangga, sarta ramana, Gandawinata, guru Sekolah Rakyat nu mahér kana seni Sunda.
Minangka pagawé nagara, ramana Pa Apung tugasna téh remen pipindahan. Taun 1940-an, ramana dialihkeun ka Cibunar, Rancakalong, Sumedang. Nya di Cibunar pisan titik pamiangan Pa Apung jadi seniman moyan.
Galibna barudak sapantaran Sakola Dasar nu nganjrek di lembur, Pa Apung ogé kungsi ngalaman ngangon. Bari ngangon domba atawa lolongkrang ngarit jukut, Pa Apung mindeng hahariringan-hahaleuangan. Saur Pa Apung, hahariringan atawa hahaleuangan di pangangonan mah leuwih karasa ngalagena. Lebah namperkeun atawa ngedalkeun éksprési téh karasa leuwih laluasa. Pupuh-pupuh nu dibandungan atawa diajarkeun ku ramana diapalkeun deui di pangangonan.
Ceuk Téti Affiénti kénéh, Pa Apung ogé remen nganjang ka tatanggana, Ua Édéng. Bari nyieunan tali tambang, Ua Édéng sok hahaleuangan. Salah sahiji kawih nu sok dihaleuangkeun ku Ua Édéng turta terus dipiinget ku Pa Apung nyaéta “Oray Welang” dina laras saléndro.
Pa Apung téh resep jarambah. Remen nganclang amengan ka warung di péngkolan jalan. Tapi, lain ulin saulin-ulinna. Sabab, di éta warung sok aya nu kakacapian. Nu kitu téh pagawé kahutanan Mang Épé jeung Mang Uyun, sarta urang budeureun Cibunar, Mang Usar. Cara nabeuh kacapi atawa cara ngawihkeun lalaguan kacida gemetna dibandungan ku Pa Apung.
Bakat ku halabhab kana pidangan seni, nya Pa Apung téh katelah gungclo. Upama aya pagelaran réog atawa tarawangsa di Rancakalong, Pa Apung ngabandungan dina kalang panghareupna. Malah, kana wawacan ogé Pa Apung mah ngalaman. Da diwawuhkeun ku rama jeung uana.
Mangkat rumaja, kana seni téh beuki moho. Waktu nyuprih pangarti di SMAN 3 Bandung, Pa Apung remen ngabandungan nu lalatihan ibing di SMPN 1 Bandung. Harita, salah saurang nu ngaping latihan ibing téh maéstro tari klasik Enoch Atmadibrata. Teu wareg ku seni ibing, Pa Apung ogé remen ngabandungan pidangan keroncong. Lagu keroncong nu hatam tepi ka mangsa sepuh di antarana “Bandar Jakarta” jeung “Telaga Sarangan.”
Téti ngécéskeun, pikeun ngapalkeun ratusan kawih Pa Apung ngamangpaatkeun téknologi gramofon. Atuh, sangkan leuwih anteb, Pa Apung téh mayeng ngabandungan RRI Bandung nu midangkeun tembang Sunda turta diasuh ku Nyimas Saodah saparakanca. Malah, bakat mindeng patepung, nya di RRI pisan cukang lantaran Pa Apung ngadahup ka papada panembang, nyaéta ka Aisjah Tjijah.
Anapon salah sahiji puncak karir kasenimanan Pa Apung nyaéta waktu ngawakilan IKIP Bandung dina Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Nonoman Sunda III. Pa Apung nyangking jadi pinunjul kahiji.
Dipisepuh
Luang sarta kaweruhna nu jembar bari nyosok jero, utamana dina tembang Sunda cianjuran, jadi sabab Pa Apung dipisepuh ku papada seniman jeung budawayan. Kamandangna, boh nalika sawala, boh pedaranana dina média citak, ku balaréa dibandungan jeung dilenyepan.
Sok komo Pa Apung ogé ilubiung ngadegkeun Konservatori Karawitan (ayeuna SMKI/SMKN 10 Bandung). Di Kokar, kitu disebutna, Pa Apung ngawulang karawitan, basa Sunda, jeung basa Indonésia. Murid-muridna, boh nu formal boh nu informal, réa nu jadi seniman moyan. Kalebet Nano S., Euis Komariah, Ida Widawati, sarta Imas Permas. Aranjeuna kaaping langsung ku Pa Apung.
Tangtu waé, éta duta-duta budaya Sunda téh ngawaris élmu deui ka entragan handapeunana. Luyu jeung fitrahna, élmu karawitan atawa tembang Sunda nu diajarkeun Pa Apung, saenyana mah mayeng lumangsung tepi ka ayeuna jeung mangsa nu bakal datang.
Teu ngan ngagugulung tembang deuih. Dina karya sastra Sunda ogé karya-karya Pa Apung téh kawilang onjoy turta réa pulungeunana. Carpon, sajak, jeung éséy-éséyna dimuat dina sajumlahing média Sunda. Malah, taun 1976 puisi dangdingna “Mipit Kembang” kasinugrahan Hadiah Sastra Manglé. Taun 1995, nyangking pinunjul Hadiah Sastra Daéng Kanduruan tina carpon “Kacai Kundang Cameti”.
Tina tapak lacakna nu kawilang pohara, nya munasabah upama Pa Apung téh dipisepuh sarta réa nu ngajénan. Taun 2007, bareng jeung papada seniman jeung budayawan lianna, Pa Apung kasinugrahan Anugrah Budaya ti Pamaréntah Kota Bandung.
Soméah-basajan
Tapi, najan Pa Apung nyangking rupa-rupa préstasi, najan Pa Apung réa nu misepuh, najan Pa Apung meunang rupa-rupa pangajén, anjeunna teu unggah adat. Anjeunna tetep soméah turta béréhan.
Nurutkeun sastrawan Sunda sakaligus produser di Bandung TV, Dian Héndrayana, Pa Apung mah iraha waé daék diajak sawala. Kana rupa acara di Bandung TV, saperti “Sekar Manis”, “Dalingding Asih”, jeung “Golémpang” ogé imeut ngabandungan. Upama aya nu teu sapagodos, atawa kurang keuna jeung lelembutanana, eusining acara téh dikritisi, ditembrakkeun héngkér jeung punjulna. Kalebet ngeunaan dongkari, upamana.
Ari nurutkeun aktivis kabudayaan jeung kasenian nu kiwari jadi Diréktur Institut Nalar Jatinangor, Hikmat Gumelar, nu kungsi ngontrak kamar di tukangeun bumi Pa Apung, di lelewek Jalan Caladi Dalam, Bandung, ku tatanggana Pa Apung téh dipihormat alatan basajan jeung soméah bari teu masualkeun ménak atawa somah.
Najan teu jugala, anjeunna kawilang béréhan. Hikmat nétélakeun, nalika Hikmat jeung balad-baladna ti GSSTF Unpad baris magelarkeun naskah “Dangding” di GK Rumentangsiang, Bandung, Pa Apung mantuan waragadna. Meureun teu badag, tapi ceuk Hikmat, Pa Apung nyumbang sabada GSSTF diskusi ngeunaan dunya téater. Jadi, sumbanganana téh bijil tina pangarti, tékad, jeung kaihlasan.
Pa Apung nu gumelar di Cicaléngka, 7 April 1936, tos ninggalkeun urang pikeun salawasna. Anjeunna dipundut ku Nu Kagungan meneran dina dinten Ahad, 8 Januari 2012, di Rumah Sakit Borromeus, Bandung. Mugia waé, Pa Apung kénging tempat nu pikagenaheun, ngalangkungan tenang tur éndahna tembang Sunda cianjuran. Amin.