Éséy Éris Risnandar
(Sastrawan)
Kalipah Umar ngagurat hurup alip ku congo pedang dina tulang beunang nyokot Ki Silah tina carangka runtah. Laju diasongkeun ka Ki Silah bari nyarita, “Bikeun ieu tulang ka Amr Bin Ash!”
Éta téh adegan Ki Silah anu mangadukeun kateungeunahna ku tindakan Amr Bin Ash ngagusur lahan jeung imahna pikeun diadegan masjid ka Kalipah Umar. Saterusna éta tulang téh dibawa balik ku Ki Silah sarta dibikeun ka Amr Bin Ash. Bawirasa hurup alip dina tulang téh bisa dibaca sabagé simbol. Anapon ari simbol baris hirup ku dibéré tapsir. Di dieu kuring baris ngasongkeun tapsir ti Amr Bin Ash sabada nampa éta tulang ti Ki Silah.
Bari ngadégdég Amr Bin Ash nyarita ka Ki Silah, “Saéstuna ieu tulang téh pangwawadi anu kacida kerasna ti kalipah ka kuring. Dalah sakumaha luhur kuta gedé dunya jeung kumawasana kuring salaku pamingpin pamustunganana mah baris jadi tulang-taléng siga ieu tulang. Anapon ma’na tina gurat hurup alip mah mibanda harti masing adil dina saréngkak paripolah kawas hurup alip anu nanjeur kalawan lempeng. Lamun henteu bisa adil ka papada manusa nya ‘pedang kami’ anu baris ngalempengkeunana.”
Lajuning carita tina éta kajadian, Amr Bin Ash maréntahkeun ka bawahanana sangkan ngaruag masjid anu geus dibangun dina lahan Ki Silah téa. Puguh baé Ki Silah pohara reuwasna ku tindakan Amr Bin Ash. Ki Silah ngahalang-halang sarta nyarék éta masjid diruag. Ki Silah anu non muslim téh antukna asup Islam lantaran kataji ku adilna Kalipah Umar enggoning ngaréngsékeun hiji perkara. Atuh tanahna nya diwakapkeun pikeun masjid.
Hurup alip anu diguratkeun dina tulang téh simbol anu ngajurung kana tindakan nyata. Tindakan ngabongkar bangunan masjid téh hiji bukti. Bukti kasurtian tina ngama’naan hiji simbol. Ari surti téh enas-enasna mah nya puisi téa.
Di sabudeureun urang loba simbol anu dijieun pikeun ngaréspon réalitas. Contona baé di perumahan loba anu masang plang kalawan diwuwuhan ku simbol gambar budak. Anapon harti anu dimaksud atawa ditujul mah hayang ngabéjaan yén di éta perumahan téh loba barudak. Geus sawadina anu tarunggang kandaraan dipahing ngebut. Parandéné kitu lantaran éta simbol téh teu teurak pikeun mahing pangandara kandaraan sangkan ulah ngarebut nya teu saeutik anu ditambahan ku kalimah “DILARANG NGEBUT BANYAK ANAK-ANAK!” Teu cukup ku kitu deuih, bawaning ku jéngkél ka pangandara kandaraan anu norék sarta angger ngarebut, antukna pangeusi perumahan téh nyieunan polisi tidur di sapaparat jalan.
Ké ari polisi tidur lain simbol kitu? Ih, puguh baé polisi tidur téh simbol. Simbol anu nuduhkeun jeung nandeskeun yén dina danget ayeuna masarakat urang (tangtu teu kabéh), henteu bisa maca réalitas ku kasurtian. Da lamun bisa surti mah kuduna engeuh di perumahan téh loba barudak anu remen arulin di jalan boh sasapédahan boh arulin kaulinan lianna. Hartina ulah ngebut bisi nyilakakeun batur. Angot mun surtina dilegaan mah lain baé barudak pan anu sok ngalalar ka jalan téh. Bisa kolot anu keur jalan-jalan, ibu hamil anu keur jalan-jalan, atawa ingon-ingon kayaning hayam jeung ucing.
Masarakat anu séhat téh masarakat anu bisa maca réalitas ku kasurtian. Masarakat anu surti nya masarakat puisi. Sigana beuki dieu téh masarakat di urang beuki jauh tina puisi. Kahirupan jadi bala ku kalimah “Ulah kitu! Ulah kieu! Kudu kitu! Kudu kieu!” bari jeung angger dina émprona mah angger henteu digarugu. Palias mun ninggang kana babasan masarakat polisi tidur. Cag.