Sawala Rawayan #2: Medar Buku Antologi Puisi Sunda 18+, Niténan Kamekaran Puisi Sunda Kiwari

oleh -276 views
Potrét: Rawayan

Puisi atawa sajak di dunya kasusatraan Sunda kiwari, lain waé hirup dina média cetak konvénsional saperti puisi-puisi saméméhna, tapi hirup ogé di média sosial utamana di Facebook jeung Instagram, saperti puisi-puisi nu kakumpul dina buku Antologi Puisi Sunda 18+ nu dikumpulkeun ku Déri Hudaya, sastrawan teureuh Singajaya Garut. Kumaha prosés kréatif jeung alesanana Déri ngumpulkeun ieu puisi?  Dina Sawala Rawayan #2 atawa kiwari mah sawalana baris dingaranan Ngawarung Bandung nu dijejeran “Puisi Sunda Ayeuna Tilikan Salalar-Saliwat”, Déri medar alesan-alesanana.

***

Unggal malem Saptu, bada Isa. Maneuh aya sawala Rawayan, ari nu kagiliran midang dina sawala kadua kiwari nyaéta medar prosés kréatif Déri Hudaya dina nyusun buku Antologi Puisi Sunda 18+ nu anyar terbit dina bulan Juli 2021. Aya 36 judul sajak Sunda karya 8 urang panyajak, nyaéta Arip Sanjaya, Édi Sutardi, Éris Risnandar, Godi Suwarna, Gusjur Mahésa, Ihung Cianda, Wahyu Hériyadi, jeung Willy Fahmy Agiska. Ieu sawala nu diayakeun tanggal 30 Juli 2021 nu anyar kaliwat téh dihadiran ku kurang leuwih 40 urang pamilon.

Ari nu jadi kasang tukang ngumpulkeun Antologi Puisi Sunda 18+ nurutkeun Déri mah minangka hiji tarékah pikeun milu ngadokuméntasikeun puisi basa Sunda nu ditulis ku sawatara panyajak, lantaran puisi-puisina dimaruat atawa mung saukur diposting dina média sosial masing-masing panyajak. Ari nu dikumpulkeun ku Déri dina ieu antologi téh sajak-sajak nu nenggang jeung béda ti sajak umumna. Niat ngumpulkeun sajak-sajak ieu téh geus ditaratas jeung diniatan ti taun 2018 kénéh, matak salah sahiji maksud tina judul buku dingaranan “18+” nandakeun kana titimangsa taun 2018.

“Puisi-puisi nu aya dina ieu buku loba kapangaruhan jeung pacampur jeung basa-basa séjén, kaasup basa-basa garihal atawa kasar, nu bisa jadi lamun puisi-puisi ieu dikirim ka média cetak mah bisa waé moal dirérét-rérét acan ku rédakturna lantaran bisa jadi teu dipikaresep ku masarakat,” ceuk Déri nandeskeun.

Ngan ceuk Déri deui, kamungkinan ditolak dina média cetak atawa umum mah geus kajudi ogé ku para panyajakna, da basa dipénta pikeun dimuatkeun dina blog tuluy dibukukeun dina wangun PDF atawa é-book loba nu nganaha-naha jeung ham-ham, “Sapertos Kang Gusjur sareng Kang Wili nu kalah naros ka sim kuring, naha teu éra kitu nerbitkeun puisi urang?” ceuk Déri deui.

Malah dina panganteur bukuna nu ditulis ku Déri nu dijudulan Sabulangbéntor, Godi Suwarna nu karyana rék dikumpulkeun sarua cangcaya karyana ayeuna disebut puisi, “Puisi uing ayeuna mah nu kieu, Dér. Lamun henteu dianggap puisi gé henteu nanaon, lah. Sigana mah moal dianggap, da horéam ngirim ka média gé. Asa moal aya nu ngamuat. Jadi status FB wé, lumayan.”

Ari niat jeung maksud Déri dina ngumpulkeun puisi-puisi nu béda ti nu ilaharna, mémang ngahaja pikeun ngadokuméntasikeun karya-karya nu teu ilhar nu lamun ditengetan jeung diteuleuman mah sarua waé nembongkeun ajén luhur. “Upami puisi-puisi umum atanapi konvénsional mah apan puisisna téh katingal dipayunan daria sareng témbong kesan inteléktual sareng héroismeu ti diri panyajakna, tah upami nu nyampak dina ieu buku mah nu langkung ditembrakkeun téh palebah kutukgendeng jeung humorna. Apan salah sahiji karakter urang Sunda mah kawéntar ku guyon sareng banyolna, pesanna mah ulah sérius teuing janten panyajak mah, komo dina mangsa kiwari nu sarwa susah alatan sasalad korona nu teuing iraha bérésna,” ceuk ieu dosén di Universitas Garut nandeskeun.

Puisi-puisi nu aya dina ieu buku Antologi Puisi Sunda 18+, ceuk Déri deui teu matok kana puisi-puisi nu geus leuwih ti heula aya jeung jadi standar baku, tapi puisi dina ieu buku mah leuwih jadi média pikeun ulin, ngébréhkeun ungkara aral, teu katalikung ku tungtutan nanaon, éstu bébas merdéka tina sagala rupa aturan.

Pamungkas ceuk Déri, sok sanajan ieu buku antologi puisi téh béda ti buku-buku puisi Sunda nu geus nyampak, “Muga-muga baé dokuméntasi alakadarna ieu téh aya mangpaatna keur nu haat maca,” pokna.*** (Taufik Rahayu)