Éséy Déni A. Fajar*
(Sastrawan & Wartawan HU Tribun Jabar)
DEUK wakca waé, kuring kaasup anu bogoh kana tulisan (karya sastra) Ahmad Bakri. Malah teu deuk diangles lamun kuring kapéngpéongan pisan ku karya-karya Ahmad Bakri, boh carpon-carponna boh novélna. Ogé moal disumput-sumput mun kuring sok moho lamun maca carpon atawa novél Mang Bakri, misalna waé lamun urang ngahanca Bedug ti Nagri Ajrak, Lebaran Poé Jumaah, Payung Butut, Jurutulis Malingping, Kabandang ku Kuda Lumping, jeung Asmaramurka jeung Bedog Sirajapati.
Keur kuring, sakuringeun, Ahmad Bakri lain ngan ukur pangarang Sunda produktif jeung favorit, tapi ogé salah sahiji pangarang anu kagolongkeun master, utamana dina madhab karya réalis. Ahmad Bakri ogé lain pengarang anu teu wawuh kana kualitas, komo deui nyapirakeun perkara kualitas tulisan. Buktina waé dina taun 1967, basa Ikatan Penerbit Indonesia (IKAPI) Jawa Barat ngayakeun pasanggiri ngarang dina basa Sunda jeung Indonésia, opat karya Ahmad Bakri meunang dina opat widang, nyaéta Payung Butut, Rajapati di Pananjung, Kabadang ku Kuda Lumping, jeung Nu Sengit Dipulang Asih (ilikan panganteur Ajip Rosidi kana kumpulan carpon Dukun Lepus, 2002). Ieu pangarang anu dibabarkeun di Rancah, Ciamis, téh ogé kasinugrahan hadiah sastra Rancagé taun 2016 pikeun bukuna Nadran, jeung hadiah Samsudi taun 2015 pikeun buku carita budak Kasambet.
Lamun Ahmad Bakri ku kuring disebut salah sahiji master pangarang Sunda, pédah baé ieu pangarang téh tapis pisan dina ngagunakeun basa, nyambaraan tulisan ku humor, ogé parigel dina ngawangun carita ti mimiti bubuka nepi ka madakeunana di ahir. Ku kituna, naon waé téma anu diangkat ku Ahmad Bakri, ngajanggélék jadi carita anu matak pogot jeung moho dibacana téa. Coba waé ti mimiti urusan pangalaman Ngalongok Munding, Kabandang ku Kuda Lumping, soal pangkat jeung darajat manusa dina Payung Butut, nepi ka soal laku nirca awéwé jeung lalaki di hiji lembur (lain kota) dina Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati.
Perkara humor, lain ngan wungkul jadi ciri karya-karya Ahmad Bakri, tapi jadi kaunggulan karya-karya ieu pangarang, anu cenah sapopoéna mah tara ngabojég. Sakumaha ceuk Ajip, ogé ceuk kuring, humor dina karya-karya Ahmad Bakri teu karasa témpélan, rarangkén, komo deui ngan ukur asésoris; tapi geus gumulung dina carita, malah jadi roh carita. Dina ieu hal, éta téh salah sahiji kakuatan Ahmad Bakri anu teu katimu dina karya pangarang séjén.
Salian ti kuat dina humor, sanggus neuleuman karya-karyana, Ahmad Bakri ogé katangén deukeut jeung alam pasantrén jeung boga pangaweruh soal agama. Munasabah lamun karya-karya Ahmad Bakri loba anu latar tempat jeung waktuna di pasantrén, bulan puasa, atawa maleman Lebaran pisan. Misalna waé dina Srangéngé Surup Mantén, Payung Butut, Bedug ti Nagri Ajrag, jeung Ki Merebot. Malah dina Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, Amin anu palid ku birahi Émah, Nonoh, Ceu Imas, jeung Si Boyoh, apan urang pasantrén pisan.
Soal pangaweruh kana élmu agama, ku Ahmad Bakri teu dijadikan modal pikeun dakwah dina karya-karyana. Anu aya, pangaweruh jeung bagbagan agama, ku Ahmad Bakri dijadikeun bahan keur ngawangun humor, guyonan, parodi, atawa naon boa ngaranna. Ieu hal téh bisa kapanggih dina Ki Merebot. Lamun teu nyaho soal élmu agama, misalna waé ngeunaan naon waé anu matak ngabatalkeun puasa, Ahmad Bakri moal bisa laluasa ngomong, ngaheureuykeun, jeung ngagambarkeun bulan puasa jeung anu ngalakonan puasa di lembur jaman baheula.
Lahir tahun 1907, Ahmad Bakri, tangtu kabagéan sésa-sésa jaman normal mangsana ménak-ménak, wadana, nepi ka upas-upasna masih ngalalakon. Tah, karya-karya Ahmad Bakri loba pisan anu nyaritakeun urang Sunda di jaman normal katut ka ménak, wadana, kuwu, upas-upasna, teu tinggal ronggéng-ronggéngna. Kumaha urang Sunda jeung kahirupan urang Sunda di jaman normal, dina jaman ménak-ménak manggung téa, nonggérak dina Payung Butut, Potrét, jeung Jurutulis Malingping.
Tah, ngeunaan ménak téa, dina Potrét jeung Jurutulis Malingping kapanggih aya tokoh-tokoh anu sarua alias éta-éta kénéh. Keur kuring, sakuringeun, tokoh-tokoh-kembar dina Potrét jeung Jurutulis Malingping, lain ngan ukur matak hémeng jeung jadi tanda tanya adu gedé, tapi ogé narik pikeun ditalungtik sacara leuwih teleb jeung daria.
Tokoh kembar dina Potrét jeung Jurutulis Malingping téh nyaéta juragan wadana pangsiun Luragung, Kubangkul, katut istri jeung para putra, Endén Téja jeung Endén Mari. Bisa jadi ieu tokoh téh ngan tokoh rékaan alias fiktif, tapi teu nutup kamungkinan aya dikieuna (soal ieu anu kudu ditalungtik sacara daria téh). Anu jadi pertanyaan naha tokoh-tokoh ieu, sok sanajan lain tokoh séntral, bet aya dina dua carita jeung nyekel peran penting dina carita?
Dina Potrét, Endén Téja jeung Endén Mari pada-pada tokoh penting anu aya kaitan jeung tokoh utama, Dén Suria. Dina Potrét, Endén Téja ditikahkeun ka Dén Suria, padahal saacanna disebutkan Dén Suria téh papacangan jeung Endén Mari. Ari Endén Mari ditikahkeun ka Sé-A, gegedén jeung ménak Tasikmalaya.
Ari dina Jurutulis Malingping, Endén Mari jeung Endén Téja teu acan nikah atawa teu ditikahkeun ka sasaha. Sok sanajan kapanggih di awal carita, peran Endén Mari jeung Endén Téja dina Jurutulis Malingping teu bisa dileupaskeun ti tokoh utama, Suradi, jurutulis anu dipiceun ka pasisian Malingping téa.
Soal tokoh kembar alias tokoh anu sarua, mémang loba katimu dina karya-karya Ahmad Bakri. Tapi, lolobana lain tokoh anu nyekel peran penting atawa tokoh séntral dina carita siga dina Potrét jeung Jurutulis Malingping. Contona waé tokoh Si Boyoh jeung Si Asih, ronggéng anu seurina siga kunti jeung bulu kélékna heuras téa, lian ti aya dina Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, ogé aya dina novél lianna jeung sababaraha capon Ahmad Bakri.
Dina karya-karya Ahmad Bakri ogé katimu adegan atawa narasi anu sarua, adegan atawa narasi sarua téa di antarana adegan atawa narasi tokoh anu keur bobogohan di pasir bari ngala jambu jeung dianteur ku batur-baturna, misalna baé dina Kalangkang Panjara jeung Payung Butut.
Ieu tulisan kuring téh hasil tina panoong sabéngbatan anu tangtu waé héngkér kacida jeung loba ayumaneunana, keuna kana paribasa tidak ada gading yang tak retak téa. Tah, dina ieu tulisan pisan kuring butuh diayuman, dilelempeng, jeung dibenerkeun ku saréréa.***