Ringrang

oleh -350 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Awi lantas pigeusaneun suling
engkang miang naha luluasan
kunaon atuh kunaon
abdi kapeuteuy gunung
rungsing pikir kaletir teuing
lemah nunjang sagara
baringung lalanjung
naha mana pupuasan
sok kantenan réncang bantal batur ngimpi
rasa gulinggasahan

Simpay tangan dumeling disangling
tangtos melang haté lelenyapan
hawatos mugi hawatos
awi konéng di hunyur
paur teuing diri miasih
inggis bonténg malaya
ukur janten lamun
naha geuning bibilasan
sok sanaos lemareun daun dilinting
moal reureuh mitresna

Bandung, 20 Agustus 2013