Peutingan Lebaran

oleh -205 views

 Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Geuning ketir nguping sora takbir
dina liwung satungkebing lewang
ngaweuhan semu nu halon
ratug lebah jajantung
naha mana kareueung teuing
ringrang dihuru bingbang
mung kantun rumanjug
kapapay tapak sorangan
limit lantis silanglang lebah mamanis
guyang di leuwi nirca

Puguh ketir ngalenyepan takbir
dina bingung satungkebing melang
ngalanglaung semu naros
lampah naha kulawu
hideung peteng sareukseuk teuing
iman dihuru dosa
mung kantun lalanjung
ngalangkang léngkah sorangan
anteng laput tilem di parung karisi
kalebuh dina cidra

Naha ketir nyoarakeun takbir
dina geter sora kateudaya
dumareuda ngaharéwos
Gusti Nu Maha Agung
hoyong teuing diri beresih
nampi galeuh hampura
lepat sareng luput
kantenan abdi mo kiat
dipibendu tebih tina asih Robbi
Alloh Nu Maha Héman

Puasa, 1436 H