Nu Ngalalakon 4023 Poé

oleh -401 views
Foto: Rawayan

Opat rébu dua puluh tilu poé kalarung, Agustin Purnawan dibenum jadi Pupuhu Rawayan. Ciplesna tanggal 28 Januari 2010 mareng jeung dijieunna akta notaris ieu kelompok studi budaya. Anjeunna nuluykeun hanca gawé Pupuhu saméméhna: Dédih Supriadi, Déni Ahmad Fajar, jeung Éris Risnandar. Ku itungan taun mah anjeunna téh geus nyorang 11 taun 5 poé. Reueus pisan.

Enya éta téh kaasup préstasi anu pikareueuseun dina kancah politik komunitas sastra mah, lantaran kailaharan ayeuna mah apan sok diwates mangsa gawé kapangurusan téh. Hartina, salila 96.552 jam jadi pupuhu ieu panyajak kalahiran 20 Agustus 1972 dipercaya ku batur-baturna, saperti ku Téddi Muhtadin, Duddy Rahayu Suhada, Déni Ahmad Fajar, Dian Héndrayana, Dédih Supriadi, Cucu Suhartini, Dédé Syafrudin, Éris Risnandar, Zéni Nugroho, Ayi Déni, Siti Julaéha, jeung Bambang Supena. Jigana, mangsa kiwari mah arang manggihan sesepuh nu dipercaya saperti kitu téh.

Agustin Purnawan téh nénéhna mah Apun. Boh sepuhna nyaéta Bapa O.S. Priatna (alm) sareng Ibu N. Nuryatin (almh) boh babaturanana nyarebutna téh Apun, kaasup kuring salaku asuhanana. Ngan, kuring mah nga-Akang-keun da anjeunna téh sénior di Sastra Sunda Unpad entragan 92. Jadi, dina ieu pedaran gé—sangkan loma—kuring nyebutna Kang Apun.

Demi harti kecap “Apun”, sabenerna, bisa dicukcruk ogé dina kamus basa Sunda. Dina Kamus Umum Basa Sunda (2015) beunang nyusun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), upamana, ngahartikeun kecap “apun” téh nyaéta sesebutan ka budak lalaki terah ménak Purwakarta. Muhun, Kang Apun Bibit buitna mah ti Wanayasa, Purwakarta. Ngan, kiwari anjeunna bumén-bumén di Komplék Griya Prima Asri Balééndah, Jalan Manfish No. 9, RT 1/RW 14, Désa Bojongmalaka, Kacamatan Balééndah, Kabupatén Bandung.

Wanoh ka tangtungan Kang Apun téh ceuk kuring mah penting. Kitu deui “generasi muda” nu lian gé kudu nulad kahadéanana. Nu sok dituturkeun ti ieu wartawan téh, di antarana (1) daria diajar, (2) loyal ka babaturan, jeung (3) rancagé dina gawé. Poin kahiji, geus puguh da kawajiban aub di Rawayan mah diajar. Teu ngabibisani lamun Rawayan téh ceuk istilah dina carita wayang mah kaasup candradimuka. KBBI Daring ngahartikeunana nyaéta tempat penggemblengan diri pribadi supaya kuat, terlatih, dan tangkas. Matak tina sakitu lobana kagiatan Rawayan anu teu weléh nineung keur Kang Apun nyaéta lamun ngariung; anjeunna ngarasa nyurup sepon, resep nyerep élmu ti nu lian. Lain élmu sastra wungkul, tapi élmu hirup. Jeung, lantaran Rawayan deuih Kang Apun jadi wanoh ka sastrawan-sastrawan moyan téh.

Poin kadua, dina unggal riungan anjeunna teu weléh hadir. Lamun kapépét datangna bakal leuir tara poho ngiberan. Boh kagiatan anu daria boh kagiatan panglipur, Kang Apun siap “join” dina unggal kagiatan Rawayan. Arang absén.

Poin katilu, ti Juli 2000, ieu aktor nu diajakan ku Kang Ibing maén dina drama “Juragan Hajat” (2005) téh cepeng gawé di Radio Mara. Hiji radio swasta anu aya di lelewek Bandung. Salaku wartawan—nu kungsi kaasuh ku séniorna saperti ku Aom Kusman, Kang Ibing, jeung Muhammad Sunjaya—Kang Apun disiplin. Ieu alumni SMAN 13 Bandung bisa ngabagi-bagi waktu mana keur kulawarga, pagawéan, jeung babaturan. Jadi, najan pakepuk ku rutinitas, anjeunna masih bisa rancagé gawé.

Palebah karya sastra, hanjakal karya Kang Apun masih bacacar. Acan gembleng ngawujud buku. Najan kitu, anjeunna masih aktif jeung sumanget diajar. Salian ti éta, nu kungsi kacatet Kang Apun kantos nampi pangajén ti LBSS salaku Sirung Harepan, ngaliwatan carpon pinunjulna “Sora ti Jabaning Langit” taun 1997.

Kiwari ieu nu ngusulkeun ngaran stadion “Si Jalak Harupat” Bandung téh (jeung batur-baturna) terus ngupayakeun sangkan Rawayan beuki ngalemah tur loba mangpaatna keur balaréa, di antarana ngaliwatan média éléktronik Rawayan.Id. Mugia dipaparin kalancaran. *** (Riki Nawawi)