Nganti di Basisir Sepi

oleh -300 views
Poto: Dian Hendrayana

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Nganti deui di basisir wening
motah lambak sajeroeun dada
srangéngé bahé ka kulon
sora kalbu ngelentrung
natanyakeun nu tadi pamit
miang ninggalkeun tapak
Palabuan Ratu
rét ka anggang kalah melang
nyipta-nyipta nu indit seug témbong deui
sumerah na rangkulan

Nganti deui di basisir jempling
séah lambak ngoyag lelembutan
srangéngé monténg ka kulon
sora kalbu ngaguruh
lungsé nyungsi nu tadi indit
miang ninggalkeun sora
galindeng rumahuh
rét ka anggang geuning lewang
ngababadé nu indit seug mulih deui
léah muru lahunan

Anteng nganti di basisir sepi
héas lambak ngendag panglamunan
srangéngé surup di kulon
kalbu kapireng ngangluh
mapay lebah nu tadi indit
miang ninggalkeun seja
ngajugjug nu jauh
rét ka anggang kalang ringrang
ngarep-ngarep nu indit ronghéap deui
sadrah ngumbar kasmaran

Ngangkleung hening di basisir ati
geter lambak ngusik pangimpian
srangéngé tilem di kulon
dareuda sora kalbu
milepaskeun nu tadi indit
miang teu deui datang
ka jauh ning jauh
rét ka anggang lelenyapan
tutumpuran nganti ngadongkangan wanci
nu miang jeung nu ilang

Palabuanratu, September 2020