Ngadu Jajatén | Novél Barudak #1

oleh -597 views
Foto: Dédé Syafrudin

Karya Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)

1. Jajatén Urang Cimandé

Poé Ahad, isuk-isuk, para murid padépokan silat Cakra Geni geus rapih maraké pangsi hideung. Guru Kamjay merhatikeun murid-muridna anu baris, siap ngalaksanakeun latihan rutin di buruan imahna.

“Saperti biasa, latihan poé ayeuna dimimitian ku latihan kuda-kuda,” ceuk Guru Kamjay.

“Mang,” ujug-ujug baé Dudus ngacung.

Murid-murid Guru Kamjay nu séjén tingrarérét ka Dudus. Mémang di antara para murid téh ngan Dudus wungkul anu wani tetelepék nanya, bubuhan Dudus mah kaasup alo Guru Kamjay.

“Aya naon, Dus?” ceuk Guru Kamjay deui.

“Ku naon sih unggal latihan kedah baé dikawitan ku latihan kuda-kuda?” ceuk Dudus.

Guru Kamjay imut, tuluy pok némbalan, “Kuda-kuda téh adeg-adeg, tangtungan. Dina silat mah tangtungan téh kudu kuat, ajeg, jeung panceg sangkan henteu babari dirubuhkeun ku lawan. Gerak leungeun jeung awak urang nu séjénna museur dina kuda-kuda,”

“Oh,” para murid Guru Kamjay rampak unggut-unggutan.

“Ajegna kuda-kuda atawa tangtungan téh ogé kudu dilarapkeun kana kahirupan sapopoé,” Guru Kamjay nyarita deui.

“Janten urang téh di mana-mana ogé kedah pasang kuda-kuda?” Dudus nanya bari kerung.

“Lain kudu hayoh masang kuda-kuda! Tapi, ajegna kuda-kuda silat téh kudu nyerep kana haté jeung pikiran urang. Hartina urang kudu boga tangtungan jeung pendirian anu kuat. Mun urang boga pendirian anu kuat tangtu moal kabawa ku sakaba-kaba. Moal kapangaruhan ku budaya deungeun anu goréng. Jadi, jalma anu kuat pendirianana, tohaga tangtunganana, tangtu moal milampah hal-hal anu goréng saperti nyalahgunakeun atawa terlibat narkoba jeung kalakuan jahat nu séjénna. Kaharti?”

“Kahartos…!” para murid padépokan Cakra Geni rampak némbalan.

“Sok ayeuna mah mimtitian kuda-kuda kahiji. Suku renggangkeun sajajar taktak, tuluy tekuk ka handap, awak ajeg ulah doyong ka hareup. Dua leungeun ngeupeul dina cangkéng,” Guru Kamjay mimiti méré instruksi ka para muridna.

Bari méré aba-aba gerakan jurus silat téh Guru Kamjay mapay mariksa murid-muridna, bisi aya anu salah gerakan atawa salah metakeun jurus.

“Kuda-kuda suku nu hareup kurang ajeg, Enduy!” ceuk Guru Kamjay bari ngadeukeutan Enduy.

Enduy geuwat memener kuda-kudana.

“Ké, ku naon éta pipi  siga nu geuneuk, Enduy?” ceuk Guru Kamjay bari nelek-nelek pipi Enduy.

“Gelut, Mang,” kalah Dudus anu némbalan téh.

“Bener, Enduy?” Guru Kamjay nanya deui.

Enduy ukur unggeuk.

“Gelut jeung saha?” Guru Kamjay semu muncereng.

“Sareng anak Babah Ahong,” Dudus mangjawabkeun deui.

“Polontong atuh da, Pa Guru. Abong bisa wushu, patangtang-paténgténg baé. Logay, loba gaya. Nya ku abdi téh ditangtang wé sakalian,” tungtungna mah Enduy ogé nyarita.

“Oh kitu,” Guru Kamjay nyaritana bari ngusapan gadona anu bala ku janggot.

“Yeuh, barudak,” Guru Kamjay neruskeun deui omonganana, “saenyana diajar silat téh lain keur gelut, lain keur jajagoanan. Da jelema mah euweuh nu jago. Diajar silat nu bener mah ukur keur ngajaga diri jeung ngajaga kaséhatan. Mun batur balaga, sombong, atawa gedé hulu antepkeun wé ari henteu ngaganggu kasalametan urang mah.”

Saméméh nyarita deui, Guru Kamjay ngarénghap heula sababaraha balikan.

“Baheula gé Aki Kahir, anu nyiptakeun ulin Cimandé, sakitu kawéntar jago. Élmuna luhur. Henteu jumawa. Malah waktu datang jago kuntaw ti Tiongkok ngajak ngadu jajatén, nangtang duél, mimitina mah teu dilayanan,” pokna.

“Ayeuna mah istirahat heula wé, Bapa rék ngadongéng. Sok dariuk ngariung,” ceuk Guru Kamjay.

Dititah istirahat téh barudak katémbong mani aratoheun pisan. Tuluy dariuk, sarila, ngariung hareupeun Guru Kamjay. Sawaréh mah bari ngalekik ngarinum.

Barabat Guru Kamjay ngadadarkeun lalakon Aki Kahir ngayonan jago kuntaw ti Tiongkok.

Harita, kira-kira taun 1800-an ka wewengkon Cianjur datang jago kuntaw ti Tiongkok. Datang lain ngadon piknik atawa ulin, tapi ngemu rasa panasaran pédah meunang béja yén di tanah Jawa aya jawara anu kacida jagona. Manéhna hayang ngabuktikeun nepi ka mana wewesén jago tanah Jawa téh. Sanggeus tatanya ka ditu ka dieu nya tuluy baé ditunjukkeun ka imah Aki Kahir di wewengkon Cimandé.

“Aki Kahil, ceuk béja kamu téh kasohol jago di tanah Jawa. Owéh jadi panasaran hayang nyoba nepi ka mana pangabisa ulang tanah Jawa téh. Di Tiongkok mah owéh téh can aya anu ngéléhkeun,” ceuk éta urang Tiongkok, waktu tepung jeung Aki Kahir.

“Kuring mah teu pisan-pisan rumasa jadi jago,” témbal Aki Kahir.

“Kamu olang ulah bohong! Kabéh anu ditanya ku owéh nyebutkeun di dinya geus katelah jago, pendékal, ahli béla diri!” Si Tiongkok ngomongna bari tipopolotot.

“Ari bisa usik sautak-saeutik mah kuring ogé rumasa, tapi da teu rumasa jago. Nu jago mah jalma anu geus bisa merangan hawa napsuna sorangan,” Aki Kahir ngomongna teu weléh leuleuy.

“Lék bisa saeutik rék bisa léa hayu ulang duél, gelut jeung owéh. Leungeun owéh geus ateul hayang ngasaan teuasna peuleup jago tanah Jawa, hayang nyaho kungfu ulang Sunda,” ayeuna mah nyaritana lain ngan saukur bari tipopolotot, tapi dibarung ku nulak cangkéng.

“Capé gelut mah, mending ogé hayu urang dahar. Kabeneran Si Nini kakara bérés ngaliwet,” Aki Kahir angger némbalan ku sora anu leuleuy.

“Owéh datang jauh-jauh lain lék ngadon barangdahal, tapi lék ngajajal élmu ulang dieu. Lamun kamu teu wani ngalawan owéh haltina ulang Nusantala, ulang Pulo Jawa, ulang Sunda téh taya kawani! Taya kabisa!” Si Tiongkok tuluy lujag-léjég, ketak jeung paripolahna éstuning ngarendahkeun pisan ka tuan rumah.

Ningali kalakuan Si Tiongkok anu kacida teu nyaho sopan santun, antukna Aki Kahir kahudang amarahna. Tuluy pok nyarita.

“Aéh-aéh, tétéla ieu mangkluk téh henteu bisa dileuleuyan disabaran. Nya ari silaing keukeuh hayang ijén ngadu jajatén jeung kami mah heug ku kami dilayanan. Tapi, ku lantaran silaing geus mamawa séké sélér, geus mamawa ngaran bangsa, hayu urang tarung téh di alun-alun ngarah kasaksian ku saréréa, naha wewesén bangsa silaing atawa bangsa kuring anu unggul!” pokna.

“Satuju! Kamu olang didagoan ku owéh di alun-alun!”

Sanggeus ngomong kitu, kalawan teu nyebut mangga heula, Si Tiongkok ngan kencling baé indit ninggalkeun imah Aki Kahir.

Dina poé anu geus ditangtukeun, rebun-rebun kénéh pisan, di alun-alun Cianjur geus ramé ku jelema, ngagimbung. Béja geus sumebar ka mana-mana yén jago ti nagri Tiongkok bakal ngadu jajatén jeung Aki Kahir, jago ti Tatar Pasundan. Nu datang lain baé pangagung jeung jalma-jalma nu hayang lalajo, tapi ogé anu daragang.

Wanci haneut poyan Si Jago Tiongkok datang ka tengah alun-alun. Papakéan sarwa sutra, warna konéng dipariasikeun jeung beureum. Buukna panjang diuntun ka tukang. Teu lila ti harita, Aki Kahir ogé tandang ka tengah alun-alun. Papakéan sarwa hideung, dibeubeur karémbong, maké iket barangbang semplak. Ger jalma-jalma surak.

Sanggeus pahareup-hareup, Si Tiongkok geuwat masang kuda-kuda. Ramo tengah jeung curuk katuhuna diacungkeun hareupeun dada, ramo kéncana disumputkeun tukangeun tonggong. Ningali peta Si Tiongkok kitu, Aki Kahir ogé tuluy baé masang kuda-kuda. Leungeun katuhu meureup di hareup, leungeun kénca nyilang nutupan dada.

“Hiaaat!” Si Tiongkok miheulaan narajang. Ramo kéncana anu disumputkeun dina tonggong téh ujug-ujug nyebrut muru kana beungeut Aki Kahir.

Aki Kahir ukur ngagiwar meueusan. Panarajang Si Tiongkok ngeplos, leungeunna ukur sababaraha sénti tina beungeut Aki Kahir. Nempo serangan nu mimiti gagal, geuwat manéhna metakeun leungeun katuhuna, ngarah iga burung Aki Kahir. Suku katuhu Aki Kahir mundur bari ngarobah pasangan leungeunna. Panarajang Si Tiongkok luput deui. Tapi ngan sakilat suku kénca Si Tiongkok ngahiuk ngala angen Aki Kahir.

“Aduh…!” ujug-ujug baé Si Tiongkok ngagoak, laju manéhna mundur sababaraha léngkah bari ingkud-ingkudan.

Aki Kahir katémbong masih kénéh ajeg dina kuda-kudana. Rupana baé waktu suku Si Tiongkok narajang angen téh sukuna dipapag ku peureup Aki Kahir.

Ger jalma-jalma anu aya di alun-alun surak.

“Hidup Aki Kahir! Hidup Aki Kahir!” cenah, handaruan

Tapi, Si Tiongkok mémang lain jawara atah-atah; sanajan sukuna nenggel kapeupeuh ku peureup Aki Kahir manéhna ukur ingkud-ingkudan sakeudeung, tuluy pasang. Beungeutna beureum euceuy, tanda  amarah anu ngagugudag. Sebrut manéhna narajang deui, merekpek. Tapi, kabéh seranganana bisa digiwarkeun ku Aki Kahir.  Nempo seranganana taya nu keuna kana sasaran, amarah Si Tiongkok beuki ngabebela.

“Kulang ajal!” ceuk Si Tiongkok, bari sakuat tanaga ngaheumbatkeun dua ramona kana mata Aki Kahir.

Lep Aki Kahir ngelok. Gebros dua ramo Si Tiongkok nobros tur nancleb kana tangkal jambé anu aya di tukangeun Aki Kahir. Teu kanyahoan, sakilat pisan Aki Kahir ngudar karémbong anu meulit dina cangkéngna. Reketek ramo jeung awak Si Tiongkok ditalian ku karémbong, dirangkét kana tangkal jambé. Manéhna teterejelan hayang leupas, tapi tali karémbong téh kacida pisan kuat jeung pageuh. Antukna Si Tiongkok ampunan-ampunan ménta dileupaskeun tina beungkeutan karémbong. Ku Aki Kahir diantep. Sanggeus aya kana sababaraha jam manéhna eureun teterejel, leuleuseun, kakara beungkeutanana ku Aki Kahir diudar.

“Harita kénéh éta urang Tiongkok téh ngaku éléh jajatén, sarta kedal sumpah yén ti harita dirina nepi tujuh turunanana moal wani-wani ngaganggu urang Sunda,” Guru Kamjay mungkas dongéngna.

“Hébat nya Pa, Aki Kahir téh. Diserang sakitu merekpekna taya nu keuna hiji-hiji acan,” ceuk Enduy, dibarung ku gogodeg.

“Muhun. Padahal Si Tiongkok ogé kapan kalebet jalmi jago, buktina ramona anu dipaké nyerang Aki Kahir téh nepi ka bisa nobros kana tangkal jambé,” Dudus mairan.

“Pa Guru!” Hamzah, murid padépokan silat Cakra Geni anu pangleutikna, ngacung.

“Aya naon, Zah?” ceuk Guru Kamjay.

“Ari urang bakal tiasa jago sapertos Aki Kahir?” pokna.

“Tangtu baé bisa, asal urangna keyeng jeung rajin. Latihan sing daria, ulah bari heureuy. Aki Kahir boga wewesén siga kitu gé lain meunang sulap, tapi hasil tina latihan anu ‘keras’. Métodeu latihan jurus Aki Kahir, anu kiwari nelah ulin Cimandé, nepi ka ayeuna masih kénéh sok dipaké. Contona, pikeun ngalatih kuda-kuda jeung teunggeulan sangkan kuat, nyaéta ku cara dikeueum dina cai walungan atawa dina leuwi. Tangtuna gé kudu ngalawan arus atawa malik ka girang. Lamun kuda-kuda geus panceg sarta teunggeulan bisa lempeng dina cai maju, hartina geus boga dasar kakuatan anu cukup keur narima jurus-jurus Cimandé. Atuh keur ngalatih kakuatan leungeun, saméméh ngamimitian latihan leungeunna sok diteunggeulan heula ku tiwu nepi ka tiwuna ancur. Mun di antara hidep aya boga karep hayang diajar ulin Cimandé sacara husus kudu bébéja ti anggalna, ngarah Bapa laluasa milih tiwuna,” Guru Kamjay némbalanana panjang lébar.

“Atuh nyeri diteunggeulan ku tiwu mah, Pa!” Enduy nyelengkeung.

“Nya wayahna wé. Ari boga kahayang mah kudu daék nyeri daék peurih,” ceuk Guru Kamjay.

Para murid padépokan silat Cakra Geni katémbong tingbirigidig.

“Ku héngkér jeung arogoan ari barudak ayeuna.” Guru Kamjay ngagerentes.

***