Karya Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaktur Majalah Manglé, & Kalawarta TVRI Jawa Barat)
3. Sabeni Jago Tanah Abang
Pasosoré. Poé béngras. Tanah lapang di padépokan Cakra Geni kahibaran ku cahaya layung. Sora torompét kendang penca ngalanglaung adumanis jeung sora kendang. Nu lalajo rentul sakurilingeun lapang.
Hamzah kabagéan ngamimitian midang. Sanggeus ngahormat ka nu lalajo jeung nayaga, tuluy baé Hamzah masang kuda-kuda bareng jeung goong tanda ngamimitian si anu silat geus bisa metakeun jurusna.
“Pasangan leungeun kurang rékép, ulah nyérébébéng teuing!” Guru Kamjay méré instruksi ka Hamzah, di sisi pakalangan.
Hamzah nurut kana instruksi ti guruna, dua puhu leungeunna diréképkeun kana kélékna. Hamzah némbongkeun kaparigelan silatna dina ibing tepak dua. Najan awakna leutik gerakanana cepet tur ngeusi. Kuda-kudana panceg. Matana rancingeus.
“Tah alus kitu. Kadé dépokna sing bener!” Guru Kamjay ngoméntaran.
Bérés Hamzah némbongkeun pangabisana, nu lalajo keprok kataji ku gerakan-gerakan anu ditémbongkeun ku Hamzah. Sanggeus Hamzah laju diteruskeun ku Dudus, Enduy, jeung para murid Guru Kamjay anu lianna. Kabéh teu éléh rancingeus jeung lincah ku Hamzah.
Sumanget para murid padépokan Cakra Geni dina latihan nu ayeuna mémang leuwih ngedur ti nu biasana, lantaran salian ti dilalajoan ku urang lembur téh ogé dilalajoan ku Pa Muhyi, dosén ti salasahiji perguruan tinggi di Bandung anu keur ngayakeun penelitian folklor atawa carita ra’yat di Kampung Karangnunggal. Pa Muhyi datang ka Kampung Karangnunggal dibaturan ku sababaraha urang mahasiswana. Kabeneran Pa Muhyi datang ka lembur Dudus saparakanca dina mangsa di lemburna keur ramé lalatihan kasenian pidangkeuneun dina acara malam kasenian agustusan. Nya tangtu baé salian ti manggih datang ngeunaan carita ra’yat, Pa Muhyi ogé bisa nyaksian kasenian-kasenian anu hirup di Kampung Karangnunggal, pangpangna penca silat.
Saperti biasa, bérés latihan, bari istirahat téh tuluy ngariung jeung Guru Kamjay. Ayeuna mah barudak urang lembur nu séjénna, pangpangna barudak awéwé, réa anu milu ngariung lantaran nyarahoeun yén sabérésna latihan Guru Kamjay osok ngadongéng. Pa Muhyi jeung para mahasiswana ogé teu tinggaleun milu ngariung.
“Bapa dina poé ayeuna ngarasa reueus ka hidep saréréa lantaran geus seurieus latihan. Maksimal némbongkeun kamampuhna. Komo deui ayeuna urang saréréa katamuan ku Bapa Dosén ti Bandung,” ceuk Guru Kamjay.
Kalawan réfléks barudak laju malencrong ka Pa Muhyi jeung para mahasiswana. Pa Muhyi saparakanca ukur imut. Ngan baé Dudus mah katémbong beungeutna jadi rada beureum lantaran ningali Néndén diuk gigireun mahasiswa Pa Muhyi, tapi kituna téh henteu lila lantaran Néndén bet bangun anu terus surti, manéhna pindah diuk ka tengah-tengah riungan barudak awéwé.
“Pa Guru!” Néndén ujug-ujug ngacung.
“Aya naon, Néndén?” Guru Kamjay mencrong Néndén.
“Saurna badé ngadongéng pendékar ti Betawi téa,” Néndén némbalan.
“Muhun badé ieu ogé, nungguan heula nu séjén sina bener-bener reureuh tina capéna sangkan bener-bener ngaregepkeunana,” ceuk Guru Kamjay. Kituna téh bari tuluy merhatikeun sakabéh anu ngariung di dinya.
Sanggeus kabéh katémbong saregep, siap ngabandungan, tuluy baé Guru Kamjay ngamimitian ngadongéng.
“Batawi téh kaasup salasahiji puseur sajarah penca silat. Sajarah penca silat di Batawi raket hubunganana jeung penca silat di Tatar Priangan. Ngan baé di Batawi mah ngaranna lain penca atawa maénpo, tapi maén pukulan. Saperti di daérah séjén, para pendékar ti Batawi ogé éstuning tareuneung nentang penjajah pikeun ngabéla rahayat anu katideresa. Salian ti Si Pitung anu geus kacida ‘terkenal’-na, aya ogé tokoh Sabeni jago Tanah Abang,” pokna.
Satuluyna mah ngan derekdek baé Guru Kamjay téh ngadadarkeun lalakon Sabeni jago Tanah Abang.
Wewengkon Tanah Abang anu kiwari dipikawanoh minangka séntra perdagangan tékstil, dina abad kasalapan belas mah kamashur minangka tempat lahirna jago-jago maén pukulan atawa silat.
Harita, salasaurang pejabat pamaréntahan Belanda nu ngaranna Tuan Danu, ngarasa kacida teu sukaeun ka jago-jago maén pukulan anu ngajarkeun élmuna ka para pamuda Batawi. Kituna téh lantaran manéhna ngarasa sieun para pamuda Batawi téh jadi muncul rasa percaya dirina sarta tuluy ngalawan ka Belanda.
Salasaurang jago maén pukulan anu kacida dipikagigisna ku Belanda téh nyaéta Sabeni, ahli maén pukulan ti Tanah Abang. Sawewengkon Tanah Abang geus taya nu bireuk ka Sabeni. Malah mah ngaranna ogé geus kamashur nepi ka wewengkon Batawi séjénna.
Tuan Danu, nu harita nyekel pamaréntahan di wewengkon Tanah Abang, beurang peuting teu weléh muter uteuk néangan akal pikeun meruhkeun Sabeni. Ku lantaran teu kapikiran ku sorangan, ahirna Tuan Danu ménta saran ka para centéng jeung badégana. Para centéng Tuan Danu salian ti urang Batawi asli téh aya ogé urang Ambon jeung Cina.
“Meruhkeun jago mah kudu ku jago deui tuan,” ceuk salasaurang centéng Tuan Danu.
“Maksud kamu orang Si Sabeni kudu diadukeun jeung jago maén pukulan?” Tuan Danu kerung.
“Bener, Tuan,” témbal Si Centéng.
“Bagus, bagus. Usul kamu orang masuk akal,” Tuan Danu unggut-unggutan, kawas ékék keur macokan siki jagong.
“Kamu orang berani ngelawan Sabeni?” pokna deui.
Tibatan némbalan mah Si Centéng téh kalah gideug sababaraha balikan.
“Tidak berani? Kamu orang tidak berani ngalawan Si Sabeni? Apa gunanya kamu orang saya angkat jadi centéng kalau tidak punya keberanian,” Tuan Danu ngomongna dibarung ku tipopolotot.
Ningali Dununganana kacida ambekna, Si Centéng ngan ukur bisa ngeluk kawas bueuk meunang mabuk.
“Apa centéng-centéng di sini tidak ada yang berani melawan Si Sabeni?” Tuan Danu beuki naék amarahna lantaran Si Centéng téh batan ngajawab mah kalah pupurungkutan.
“Jago-jago di dieu mah taya nu wani nangtang ijén ka Sabeni, Tuan,” ahirna Si Centéng némbalan.
“Kalau begitu, harus ke mana Tuan cari jago buat mengalahkan Si Sabeni?” Tuan Danu kerung.
“Kalau di sini tidak ada jago yang bisa mengalahkan Sabeni, gimana kalau cali jago di nagli owéh di Tiongkok, Tuan? Di sana banyak jago kuntaw, yang pasti bisa mengalahkan Sabeni,” centéng Cina nu ti barang datang cicing baé téh, antukna mah milu nyarita.
Tuan Danu laju ngalieuk ka Si Centéng Cina.
“Apa betul di negri kamu orang banyak jago berkelahi yang bisa mengalahkan Sabeni?” pokna.
“Betul, Tuan. Saya jamin,” Si Centéng Cina ngomongna daria naker.
“Kalau begitu, kamu orang Tuan suruh ke Tiongkok untuk bawa jago ke sini. Ingat, jago yang kamu orang bawa ke sini harus yang paling hébat,” Tuan Danu méré paréntah.
“Siap, Tuan!” ceuk Si Centéng Cina.
Gancangna carita, Si Centéng Cina téh indit ka Tiongkok sarta balikna mawa jago kuntaw, tuluy dibawa ka hareupeun Tuan Danu.
Ningali dedegan jago kuntaw ti Tiongkok anu jangkung gedé tur keker, Tuan Danu katémbong bangun anu sugemaeun pisan.
“Badan ini jago mémang bagus, tapi harus dicoba dulu apa berkelahinya juga bagus seperti badannya,” ceuk Tuan Danu, bari muril-muril kumisna anu geus semu bodas.
“Silakan saja kalau mau dicoba,” ceuk Si Centéng Cina.
“Kalau begitu, cepat kumpulkan centéng-centéng dan jago-jago yang kita punya di halaman rumah Tuan,” Tuan Danu méré paréntah deui.
Teu lila gé paréntah Tuan Danu geus dilaksanakeun. Di buruanana geus ngarumpul para centéng jeung jago bayaran penjajah Belanda, rék nguji élmu kuntaw Si Jago ti Tiongkok. Nu mimiti kabagéan nyanghareupan téh centéng Ambon, tapi ngan sageprakan ogé geus rubuh.
Ger anu lalajo surak, éak-éakan nyeuseurikeun centéng Ambon.
“Bagus, bagus!” Tuan Danu keprok.
Srog aya centéng Batawi maju ka pakalangan. Ngan dua geprakan, katiluna ngajungkel. Geus karuhan teu bisa disanghareupan ku saurang-saurang, tuluy baé Si Jago Kuntaw téh di hurup ku duaan nepi ka ku opatan, tapi angger kénéh tingjarungkel.
“Bagus, bagus! Ini jago hébat sekali!” Tuan Danu keprok deui. Paromanna bangun anu bungah pisan.
“Nanti kamu orang-orang harus panggil Sabeni ke sini. Bilang sama Sabeni, dia orang harus bisa mengalahkan jagonya Tuan Danu kalau mau terus ngajar maén pukulan sama orang-orang kampung! Bilang juga sama Sabeni, dia orang harus mau bertarung di Princen Park!” ceuk Tuan Danu.
“Siap, Tuan!” para centéng Tuan Danu némbalan, méh bareng.
Geus kitu mah salasaurang centéng Tuan Danu téh tuluy indit ngajugjug padumukan Sabeni, pikeun nepikeun panangtang ti dununganana.
Ari Sabeni, bubuhan ahli silat nu lébér wawanén, manéhna nyanggupan panangtang Tuan Danu kalawan sarat mun dirina unggul Tuan Danu kudu ngabébaskeun dirina ngajar maén pukulan ka bangsa pribumi.
Dina poé anu geus ditangtukeun, di tanah lapang Princen Park nu ayeuna robah jadi Lokasari, geus ngaliud ku jalma-jalma nu hayang nyaksian tarungna jago ti Tiongkok jeung jago ti Tanah Abang. Pakalangan tempat ngadu jago dikuriling ku para centéng Tuan Danu jeung Tentara Kerajaan Hindia Belanda atawa Koninklijk Nederlandsch-Indische Leger (KNIL), tentara pribumi nu dibayar ku penjajah Belanda nu réréana urang Ambon.
Jago kuntaw ti Tiongkok jeung Sabeni geus nyampak di tengah pakalangan. Duanana geus taki-taki dina kuda-kudana séwang-séwangan. Sanggeus Tuan Danu méré tanda tarung dimimitian, ngan sebrut baé Si Jago kuntaw miheulaan narajang, sukuna muru kana beungeut Sabeni. Sabeni anu ti anggalna kénéh geus taki-taki henteu cileureun, lep manéhna ngelok. Dampal suku Si Jago kuntaw ngaliwat luhureun embun-embunan Sabeni. Tapi Si Jago kuntaw kacida pisan gesitna, tacan gé sukuna napak kana taneuh geus langsung ditojérkeun deui ka Sabeni.
Mun lain Sabeni, jago Tanah Abang nu geus leubeut ku élmu kasantikaan, tangtu suku Si Jago kuntaw téh bakal nenggel pisan kana kekemplong. Serangan Si Jago kuntaw anu sakitu cepetna téh ku Sabeni mah cukup digiwarkeun ku cara ngarobah kuda-kudana, digésér rada ka tukang. Ningali seranganana henteu keuna kana sasaran, Si Jago kuntaw henteu leungiteun sumanget, manéhna terus merekpek narajang nepi ka Sabeni jadi sibuk ngagiwar jeung nakisan.
Lantaran nu narajang téh bangun nu taya reureuhna, Sabeni tuluy mundur sababaraha léngkah bari ngatur napas.
“Kaya kieu mah geus lain antepeun,” Sabeni ngagerentes.
Tacan gé Sabeni bérés ngatur napas, karérét mantén Si Jago kuntaw geus siap narajang deui. Geuwat Sabeni masang kuda-kuda dina ulin kelabang nyabrang, tuluy miheulaan narajang. Leungeun katuhu Sabeni ngahiuk kana irung Si Jago kuntaw. Ningali leungeun Sabeni sakitu gancangna muru kana irungna, Si Jago kuntaw ngarénjag, geuwat manéhna mundur saléngkah. Tapi tacan gé manéhna reureuh tina kareuwasna, suku Sabeni geus nyabet mantén kana sukuna, gancang sukuna diangkat ka luhur. Antukna Si Jago kuntaw ukur bisa ngagiwar jeung nakisan serangan Sabeni. Teu dibéré pisan kasempetan keur males narajang lantaran leungeun jeung suku Sabeni siga anu ngadadak ngaréaan.
“Adaw!” ahirna mah sukuna Si Jago kuntaw kasabet ku suku Sabeni. Manéhna ngagedebut labuh bari ngagoak.
Sabeni bener-bener teu méré kasempetan ka lawanna, waktu ningali Si jago kuntaw nguniang hudang sarta siap-siap masang kuda-kuda deui, geuwat ramo-ramo leungeun kénca Sabeni dicolokkeun kana angenna.
“Adaw! Ampun….!” Si Jago kuntaw ngagoak deui. Bru rubuh kana taneuh. Teu empés-empés, kapiuhan.
Ger masarakat surak. Ngarasa bungah lantaran Sabeni unggul tarung.
Nempo jagona rubuh, beungeut Tuan Danu anu bulé téh ngadadak jadi beureum euceuy. Centéng-centéngna jeung para soldadu KNIL gé taya nu nyarita. Kalawan teu basa-basi, Tuan Danu tuluy ngaléos ninggalkeun Princen Park.
“Tah kitu barudak, dongéng Sabeni jago Tanah Abang anu ngéléhkeun jago kuntaw titahan penjajah Belanda téh,” Guru Kamjay mungkas dongéngna.
“Dongéngna mah sapertos carita Aki Kahir jago Cimandé nya, Pa?” ceuk Dudus, tarangna katémbong kerung.
“Mémang bener méh sarua. Aki Kahir jeung Sabeni kungsi ngayonan jago kuntaw ti Tiongkok. Duanana boga kaleuwihan jeung ciri has séwang-séwangan. Aki Kahir ulinna neueul dina power jeung kakuatan anu museur dina kuda-kuda anu panceg tur maseuk bumi. Ari aliran silat anu dikembangkeun ku Sabeni mah kawéntar ku gerakanana anu cepet tur praktis. Ulin Sabeni teu weléh rapet jeung lawan, kituna téh dibarung gerakan leungeun anu kacida gancangna. Upama diteuleuman leuwih jero, maén pukulan aliran Sabeni éstuning ngutamakeun serangan tur husus keur béla diri. Jurus-jurusna henteu diancokeun keur kembang atawa ibing. Dua jurus Sabeni anu kamasur sarta dipikagigis ku lawanna, nyaéta jurus kelabang nyebrang jeung merak ngigel,” Guru Kamjay ngajéntrékeun, panjang lébar.
“Kelabang téh dina basa urangna mah babakaur téa nya, Pa Guru?” Néndén nyelengkeung deui.
“Enya. Ku jurus kelabang nyebrang jeung merak ngigel ngaran Sabeni jadi kawéntar satatar Batawi. Ngaran Sabeni mimiti moyan sabada mampuh ngayonan salasaurang jago di wewengkon Kemayoran nu boga jujuluk Macan Kemayoran, waktu rék ngalamar anakna éta jago,” ceuk Pa Guru Kamjay.
“Mun Dudus mah rék ngalamar téh teu kudu duél heula, da bapana Néndén mah lain jago silat tapi jago ngurek. Paling ogé ditangtang ngur…,” Enduy milu nyelengkeung, tapi omonganana henteu tamat lantaran dampal leungeun Néndén kaburu ngajeplak kana tonggong Enduy.
“Aduh…!” Enduy muringis.
Ger barudak nu aya di dinya sareuri, malah mah aya nu nepi ka akey-akeyan sagala.
“Meunggeus, tong harureuy baé!” Guru Kamjay nyentak.
Jep sora barudak téh ngadadak jempé. Kabéh gé taya nu wani nyoara lamun Guru Kamjay geus nyentak mah.
“Deuk diteruskeun moal dongéng téh?” sora Guru Kamjay masih keras.
Barudak ukur unggeuk lalaunan.
“Lalakon Sabeni ngayonan jago nu didatangkeun ku pamaréntah penjajah téh lain ukur dina jaman Belanda, tapi ogé dina jaman Jepang,” Guru Kamjay neruskeun dongéngna.
“Jepang ogé ngadatangkeun ahli kuntaw, Pa Guru?” ayeuna mah Hamzah anu nyelengkeung téh.
“Jepang mah teu kudu néang jago ti nagara batur, da di nagarana ogé réa ahli béla diri. Sanajan umurna geus kolot pisan, leuwih ti dalapan puluh tilu taun, Sabeni masih kénéh bisa ngéléhkeun jago-jago béla diri yudo jeung karaté nu ngahaja didatangkeun ku penjajah Jepang pikeun tarung jeung Sabeni di Kebon Sirih Park nu ayeuna jadi Gedong DKI, dina taun 1943. Lantaran unggul dina éta adu jajatén Sabeni dibébaskeun ku pihak Jepang tina sagala kawajiban nu ditibankeun ka rahayat Indonésia, malah tuluy dibéré hadiah kaos singlét jeung anduk sadus,” Guru Kamjay ngajawab pananya Hamzah.
Barudak anu ngabandungan dongéng Guru Kamjay katangén réa anu gogodeg, kataji ku wewesén Sabeni.
Sanggeus ngaregot heula cai dina gelas nu diasongkeun ku salasaurang budak awéwé, guru Kamjay tuluy neruskeun deui caritana.
“Nepi ka umur 84 taun, Sabeni masih kénéh ngajar maén pukulan ka para muridna di sakumna wewengkon Batawi. Ari miang ngajar téh ilaharna tara tutunggangan, cukup ku leumpang baé. Sabeni tilar dunya tanggal 15 Agustus 1945 atawa dua poé saméméh Proklamasi Kemerdékaan, dina umur 85 taun. Sabeni dikurebkeun di Jalan Kuburan, satuluyna éta tempat ku pamaréntah DKI diganti jadi Jalan Sabeni,” pokna.
“Janten kaistiméwaan silat Sabeni téh museur dina gerakanana anu cepet?” Pa Muhyi milu nyarita.
“Leres. Gerakan anu cepet dina aliran Sabeni mah mangrupa hal penting sareng wajib. Malah cék carita nu sumebar di masarakat Batawi, ku cepetna gerakan Sabeni waktu némbongkeun jurus-jurus inti, nepi ka katémbong sukuna bangun anu henteu napak kana taneuh. Tanpa gerakan anu cepet, tangtu baé jurus-jurus sarta téhnik-téhnik sabetan suku ti Sabeni hésé diaplikasikeunana. Ieu kacepetan jeung kaunikan gerakan aliran Sabeni téh ngalantarankeun Sabeni pada mikagigis jeung pada ngahormat.
Aliran Sabeni gaduh 15 jurus dasar nu dibagi jadi jalan jurus sareng jurus inti. Jurus anu kawéntar sareng jadi legénda di sakumna wewengkon Batawi nyaéta jurus kelabang nyebrang sareng merak ngigel. Ciri tina jurus kelabang nyebrang téh gerakanana anu gancang pisan ngudag lawan, kawas babakaur ngudag mangsana, kalawan dikombinasikeun sareng ulin leungeun anu cepet bari sakali-kali ngagunakeun sabetan suku kénca sareng katuhu, piligenti. Ieu jurus kelabang nyebrang upama dipraktékkeun ku gerakan anu leuleus liat tur gancang, mémang bakal hésé pisan disanghareupanana, lantaran konséntrasi lawan kabagi dua antara nyanghareupan serangan ti luhur sareng nyingkahan sabetan suku sangkan henteu rubuh ngajuralit.
Salian ti jurus kelabang nyebrang, jurus merak ngigel ogé sami kawéntarna, Pa. Réa jago-jago boh ti Batawi boh ti luar Batawi anu dirubuhkeun ku ieu jurus cekelan Sabeni. Kaunikan jurus merak ngigel téh lebah niron gerakan merak begér anu nuju ngigel, bulu-bulu buntutna nyérébébéng bari bujurna gutak-gitek. Aplikasina dina jurus, bulu-bulu buntut merak diganti ku leungeun anu ditanggohkeun ka hareupeun dada, laju ngabenyéng dua leungeun lawan kana deukeut dada sarta disusul ku serangan siku sareng serangan ti handap ngagunakeun dupakeun bujur, upama dipraktékkeun dina waktu anu meneran tur gancang bari muterkeun awak siga pér, bisa ngabalukarkeun lawan ngacleng jauh. Jurus merak ngigel ilaharna digunakeun pikeun tarung dina jarak anu kacida deukeutna.
Jurus inti séjénna, anu hésé dipraktékkeun sarta kedah ngaluarkeun tanaga téh nyaéta jurus selat bumi, nu mangrupa gabungan sadaya jurus dasar anu ulinna ngagunakeun posisi kuda-kuda anu handap pisan, ampir bisa disebut dépok. Capéna meraktékkeun ieu jurus lantaran remen kedah masang kuda-kuda handap sareng luhur. Kanggo nu tuurna létoy mah tangtu baé babari ngudupruk, Pa Muhyi.
Najan aliran Sabeni museur kana ulin tangan kosong, tapi aya ogé jurus anu ngagunakeun pakarang bedog jeung cukin nu mangrupa lawon panjang siga karémbong anu dibelitkeun dina cangkéng atawa beuheung, keur nyabet leungeun atawa suku lawan sarta ngarebut pakarang,” pananya Pa Muhyi dijawab ku Guru Kamjay kalawan panjang lébar.
“Luar biasa. Hatur nuhun Pa Guru Kamjay pedaranana,” walon Pa Muhyi dibarung reueus tur hormat.
“Sawangsulna, Pa. Tah sakitu barudak lalakon Sabeni jago Tanah Abang téh. Réa kénéh carita lalakon para jago silat nu aya di Tatar Sunda jeung sabudeureunana. Engké dina latihan nu kahareup urang guar deui. Latihan jeung acara ngadongéng poé ayeuna mah urang cukupkeun nepi ka dieu heula wé,” ceuk Guru Kamjay deui.
Sok sanajan barudak katangén bangun anu betah kénéh ngariung, tapi ku lantaran Guru Kamjay geus ngomong yén acara latihan jeung ngadongéng geus réngsé, taya nu wani mungpang. Sabada saurang-saurang ngambung dampal leungeun Guru Kamjay, tuluy baé barudak téh barubar, mulang ka imahna sewang-séwangan.
***