Karya Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaktur Majalah Manglé, & Kalawarta TVRI Jawa Barat)
4. Nu Suhud Nyuprih Pangarti
Acara péntas seni di Kampung Karangnunggal lumangsung kalawan obyag, ramé, jeung suksés. Rupa-rupa kasenian nu aya di éta lembur kabéh dipintonkeun. Pa Muhyi katut para mahasiswana éstuning kacida ngarasa katajina ku pintonan seni urang Kampung Karangnunggal, pangpangna ku kamonésan para murid ti padépokan silat Cakra Geni. Alatan kitu, Pa Muhyi laju ménta waktu pikeun ngobrol jeung Guru Kamjay, husus ngeunaan silat bari sakalian hayang nyaho sagemblengna kaparigelan para murid padépokan Cakra Geni dina metakeun jurus silatna. Lantaran dina péntas agustusan mah midangna ukur sakeudeung-sakeudeung. Paménta Pa Muhyi disanggupan ku Guru Kamjay.
Geus ditangtukeun waktu ngariung jeung Pa Muhyi téh diayakeun malem Ahad, sangkan kabéh murid padépokan Cakra Geni bisa hadir bari henteu ngaganggu kana waktu sakola.
“Ningal jurus-jurus silat nu dipintonkeun ku murid Pa Kamjay téh abdi mah asa mendakan hal-hal anu anyar. Asa bénten sareng jurus silat anu sering ku abdi dilalajoan dina pintonan-pintonan penca silat di Bandung sareng di wewengkon lianna di Tatar Sunda,” kitu ceuk Pa Muhyi, muka obrolan di imahna Guru Kamjay.
“Saleresna mah jurus anu dipintonkeun ku barudak di dieu téh sanés jurus anyar, tapi sami sareng jurus-jurus anu sering dipintonkeun dina pagelaran-pagelaran silat di Bandung sareng di wewengkon lianna. Namung, béntenna téh upami di nu sanés mah jurus-jurus anu aya téh parantos dikombinasikeun, dicomotan, dihiji-hijikeun dugi ka jurus asalna tos teu katingal deui. Di dieu mah langkung nyoko kana jurus-jurus heubeul anu aya di Tatar Sunda,” témbal Guru Kamjay.
“Maksadna?” Pa Muhyi kerung.
“Jurus-jurus silat nu berkembang di urang méh sadayana intina atanapi nyandak tina ulin Cimandé, ulin Sabandar, Kari, Madi, Cikalong, sareng Timbangan. Barudak di dieu ku abdi ngahaja sina wanoh kana éta jurus-jurus heubeul nu asli. Tangtos baé jurus-jurus anu diajarkeun téh diajarkeun dumasar kana karakter sareng dedegan barudak nu diajarna. Nu awakna leutik tangtos baé moal tiasa disamikeun sareng anu jangkung badag. Contona baé jurus anu diajarkeun ka Hamzah…. Sok, Zah, geura tingalikeun jurus Hamzah ka Pa Muhyi!” ceuk Guru Kamjay.
Teu talangké, Hamzah geuwat nangtung. Sanggeus ngahormat ka Guru Kamjay jeung ka Pa Muhyi, Hamzah langsung metakeun jurus silatna. Kuda-kuda Hamzah panceg jeung weweg. Dua leungeunna teu weléh rékép, teu daékkeun jauh tina awakna. Geus bérés, tuluy hormat deui ka Guru Kamjay jeung ka Pa Muhyi.
“Tah, nembé nu dipintonkeun ku Hamzah téh ulin Madi, nami jurusna Tapak Jalak,” Guru Kamjay nerangkeun.
“Oh,” Pa Muhyi unggut-unggutan.
“Ulin Madi anu diciptakeun ku Syéh Madi atanapi Bang Madi sok aya ogé anu nyebat ulin rikesan. Luyu sareng namina, gerakan ieu jurus seueur ngarikes, atanapi dina basa Indonésia mah patahan sareng kuncian. Ieu jurus cocog kanggo nu pangawakanana alit atanapi nu pendék, nu daya jangkau-na pondok. Jalmi nu kitu mah teu kedah miheulaan nonjok sareng najong, tapi cekap ku nadah panarajang lawan. Panangan sareng sampéan anu narajang téh ditampanan teras dirikeskeun dugi ka pateuh atanapi potong,” Guru Kamjay ngajéntrékeun deui.
“Oh, kutan kitu, kahartos,” Pa Muhyi beuki kerep unggut-unggutanana, kawas hayam macokan béas.
“Tah, ayeuna mangga geura bandungan béntenna sareng jurus anu diajarkeun ka Enduy. Sok, Duy, Geura nangtung!” Guru Kamjay ngarérét ka Enduy.
Enduy geuwat nangtung, tuluy metakeun jurusna. Gerakanana ngeusi, pinuh ku tanaga.
“Tah, jurus nu dipintonkeun ku Enduy mah leuwih neueul kana kakuatan fisik, kana power, saluyu sareng dedeganana anu jangkung gedé,” ceuk Guru Kamjay, sanggeus Enduy bérés némbongkeun jurusna.
“Ayeuna cobi deui tingal jurusna Dudus,” pokna deui.
“Sok, Dus!” Guru Kamjay méré paréntah ka Dudus.
Dudus ogé tuluy nangtung, némbongkeun gerakan silatna. Gerakan suku jeung leungeunna kacida pisan cepetna. Najan remen dimimitian ku gerakan ngagiwar miceun serangan lawan, tapi dina waktu gerakan nyerangna éstuning merekpek méh teu katémbong piligentina leungeun kénca jeung katuhu ogé jeung gerakan sukuna.
“Jurus nu dipintonkeun ku Dudus namina Cikalong Buhun. Gerakanana paranjang, cocog kanggo Dudus nu jangkung sareng jangkauanana panjang. Kakuatan ulin Cikalong museur dina kecepatan gerak-na. Dina ulin Cikalong katangén aya pangaruh ulin Kari sareng Madi, da mémang Radén Ibrahim, nu nyiptakeun ulin Cikalong, kawéntar minangka pendékar anu suhud nyuprih pangarti,” Guru Kamjay nerangkeun riwayat jurus anu dipintonkeun ku Dudus.
“Asik, ngadongéng deui!” ceuk Enduy, bari nyusutan késang nu masih kénéh nyalangkrung dina pipina.
“Manéh mah ngan kana dongéng baé, Enduy! Nyaho ieu téh keur ngobrol seurieus jeung Bapa Dosén ti Bandung!” Guru Kamjay rada muncereng ka Enduy.
“Sawios, Pa Kamjay. Sakantenan abdi ogé hoyong terang lalakon ulin Cikalong,” ceuk Pa Muhyi.
“Oh kitu, nya mangga ari Pa Muhyi kersa ngabandungan lalakon ulin Cikalong mah. Sugan wé kaanggo,” ceuk Guru Kamjay.
Geus kitu mah tuluy derekdek baé Guru Kamjay ngadadarkeun sajarah ulin Cikalong.
Di antara silat buhun nu mekar di Tatar Sunda, di antarana Cimandé, ulin Kari, Madi, jeung Sabandar, ulin Cikalong bisa disebut mangrupa aliran anu pangorana. Ieu pamanggih dumasar kana carita ngeunaan tokoh nu ngagelarkeun ulin Cikalong, Radén H. Ibrahim, nu kungsi guguru ka sawatara pendékar, di antarana ka Syéh Madi, Syéh Kari, jeung Sahbandar.
Silat atawa maénpo nu dikembangkeun ku Radén H. Ibrahim dingaranan maénpo Cikalong, nurut kana ngaran tempat dumukna ieu tokoh, nyaéta di Désa Cikalong Cianjur. Radén Ibrahim lahir di kulawarga bangsawan Cikalong taun 1816, sarta tilar dunya taun 1906.
Radén H. Ibrahim—anu méméh munggah haji ngaranna téh Radén Jayaperbata—kawéntar ku watakna anu keras jeung lébér wawanén. Mimiti wanoh kana silat sabada diajar ku dahuanana, Radén Aténg Alimudin, pendékar ti Kampung Baru Jatinegara. Radén H. Ibrahim mah upama keur latihan atawa keur nyanghareupan lawan téh teu weléh waspada, sarta tara miheulaan narajang (bertahan). Téhnik nyerangna kudu baé dimimitian ku ngagiwarkeun panarajang lawan, tuluy marekpek malik nyerang ku leungeun jeung suku. Kamahéran Radén H Ibrahim lain ukur ngulinkeun leungeun jeung suku, tapi ogé parigel ngulinkeun gobang nu jadi pakarang favoritna.
Karep Radén H. Ibrahim pikeun terus neuleuman élmu silat éstuning dirojong pisan ku dahuanana. Laju Radén H. Ibrahim dibawa ka Kampung Karét Tanah Abang, diwanohkeun Abang Ma’rup, pendékar anu geus kakoncara di Batawi. Anjeunna téh suhud pisan diajar silat ka Abang Ma’rup. Dina waktu nu kawilang ngan sakeudeung, ieu radén geus bisa nyerep élmu silat Abang Ma’rup.
Lian ti diajar maénpo, Radén H. Ibrahim ogé ku dahuanana diajar kana jual-beuli kuda. Dina hiji waktu anjeunna meuli kuda Éropa anu kacida pisan linghasna ti Batawi. Éta kuda kudu diganti talapokna atawa sapatuna, tapi taya saurang gé tukang kuda anu wani masangkeun talapok kana éta kuda.
“Teu sanggeum abdi mah masangkeun talapok kuda anu sakitu lingasna, sieun néjéh. Di dieu mah ukur Bang Madi nu wani masangkeun talapok kuda lingas mah, Juragan,” ceuk salah saurang tukang kuda nu dititah masangkeun talapok kuda Radén H. Ibrahim.
“Di mana imahna Bang Madi téh?” ceuk Radén H. Ibrahim.
“Bumina di Kampung Gang Tengah. Ti dieu mah teras baé ngalér,” témbal éta tukang kuda.
Geus kitu mah tuluy baé anjeunna mawa kudana ka Bang Madi. Kalawan antaré naker, Bang Madi muka talapok kuda nu geus heubeul pikeun diganti ku nu anyar. Tapi barang rék makukeun talapok, kuda téh ujug-ujug néjéhkeun sukuna. Ku gerakan nu ngan sakilat, Bang Madi ngarikeskeun suku kuda nepi ka pateuh.
Ningali kajadian sarupa kitu, Radén H. Ibrahim jadi hookeun, teu nyangka sacongo buuk gé yén Bang Madi anu péndék bari jeung romanna jauh tina kereng téh horéng pendékar silat. Sanggeus ditalungtik leuwih jero, horéng Bang Madi téh pendékar anu kacida jagona. Antukna Radén H. Ibrahim meredih sangkan Bang Madi daék dibawa ka Cikalong pikeun ngajar silat ka dirina. Pamaredih anjeunna teu burung dicumponan.
Ku Radén Aténg Alimudin jeung Bang Madi, Radén H. Ibrahim laju dititah guguru deui ka Abang Kari, pendékar moyan ti Désa Bénténg Tangerang. Ku Abang Kari, Radén H. Ibrahim ditarima jadi muridna kalawan sarat yén élmu silatna lain keur ujub takabur atawa dipaké nyilakakeun batur.
Sanggeus nyanggupan éta sarat, laju anjeunna diistrénan jadi murid Bang Kari, dimitian ku puasa dina poé Kemis. Peutingna, sanggeus bérés beberesih (mandi) Radén H. Ibrahim diuk papahareup jeung Bang Kari dina luhureun amparan lawon boéh. Sabada sasalaman (ijab kabul) jeung guru anyarna, laju ngedalkeun sumpahna pikeun taat kana paréntah sarta ngajauhan naon anu dilarang ku ajaran agama Islam jeung guruna.
Radén H. Ibrahim réngsé nyuprih élmu silat ti Abang Kari dina umur opat puluh taun. Sanggeus kitu mah kakara manéhna ngarasa percaya diri jadi pendékar. Papadaning kitu, karepna pikeun nungtut élmu ti pendékar-pendékar moyan henteu kungsi pareum. Atuh rasa hormat ka guruna tetep dijadikeun cecekelan hirupna. Ngeunaan guruna, Radén H. Ibrahim ngungkabkeun, Abang Kari anu awakna jangkung badag tur dina taarna katémbong aya urat nu ngageleng téh, boga ulin leungeun jeung suku nu keras dibarung ku serangan anu merekpek.
Sabada ngarasa cukup ngumbara di Batawi, Radén H. Ibrahim mulang ka lemburna, di Cikalong. Upama keur nyalsé, anjeunna sok leukeun ngadumaniskeun élmu-élmu silat anu geus katarima ku dirina, sarta tuluy diajarkeun ka kulawarga jeung barayana. Muridna nu munggaran nyaéta Radén Sirod ti Pasar Baru Cianjur jeung Radén H. Enoh de Hoofd, Panghulu Cianjur. Rupaning jurus silat nu diadumaniskeun ku Radén H. Ibrahim téh laju nelah ulin Cikalong.
Lantaran jaman harita mah élmu silat di Jawa Barat téh mangrupa élmu béla diri nu dirusiahkeun, sarta henteu bisa sambarangan diajarkeun ka masarakat awam, atuh henteu anéh upama ulin Cikalong mekar di kalangan kulawarga bangsawan Cikalong.
“Kiwari, ulin Cikalong geus lain deui milik bangsawan Cikalong, tapi jadi banda kabeungharan budaya Sunda. Sumebarna ogé henteu ngan ukur sa-Tatar Sunda, tapi geus nepi ka mancanagara,” Guru Kamjay mungkas dongéngna.
“Tétéla Radén H. Ibrahim téh horéng kalebet tokoh silat anu teu daék reureuh nyiar élmu pangaweruh,” Pa Muhyi ngoméntaran dongéng anu dilalakonkeun ku Guru Kamjay.
“Muhun. Turutaneun urang sadaya. Pangpangna turutaneun hideup kabéh, Barudak. Nu masih kénéh boga waktu nu pangjang keur nungtut élmu,” Guru Kamjay neuteup murid-muridna.
“Pa Kamjay, di perguruan tinggi tempat abdi ngajar téh unggal taun sok diayakeun Pekan Kebudayaan Daérah. Dina Pekan Kebudayaan ka payun mah abdi hoyong ngulem padépokan Cakra Geni kanggo midang dina éta kagiatan,” ceuk Pa Muhyi.
“Nya nuhun pisan, abdi mah kacida atohna upami pangabisa para murid di dieu kaanggo ku Pa Muhyi. Namung, pamugi tiasa ngamaklum upama jurus silat anu dipintonkeun ku barudak téh tebih kénéh tina saé,” témbal Guru Kamjay.
“Ih, tos saraé pisan matak abdi hoyong ngulem ka Bandung ogé!” Pa Muhyi nyarita deui.
“Nya mangga. Mung, upami janten diulem, pamugi ngiberan ti anggalna supados tiasa lalatihan heula anu leres,” ceuk Guru Kamjay.
“Mangga,” témbal Pa Muhyi.
Para murid padépokan Cakra Geni katémbong paromanna marahmay, gumbira, lantaran mireng omongan Pa Muhyi nu bakal ngondang padépokan Cakra Geni pikeun midang di perguruan tinggi nu aya di Bandung. Saréréa boga tékad bakal leuwih rajin jeung leuwih seurieus latihan sangkan henteu ngérakeun nu jadi guru, sarta henteu ngérakeun Kampung Karangnunggal.
***