Karya Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)
2. Élmu Para Pahlawan
Geus prah di mana-mana yén saban bulan Agustus sakumna warga masarakat di Indonésia teu weléh ngayakeun rupa-rupa kagiatan, pikeun ngareuah-reuah poé kamerdékaan. Rupaning acara péntas seni, pertandingan olahraga, jeung perlombaan séjénna diayakeun di unggal wewengkon.
Dudus saparakanca nincak kana bulan Agustus téh beuki rajin latihan penca, lantaran bakal midang dina acara péntas seni nu diayakeun di Kampung Karangnunggal. Upama dina poé-poé biasa latihan téh ukur gerakan penca wungkul, ayeuna mah dipirig ku musik kendang penca. Sok sanajan ukur latihan, tapi réa warga Kampung Karangnunggal nu lalajo.
Torompét geus disada dina lagu “Wangsit Siliwangi”. Dudus, Enduy, jeung batur-batur nu séjénna narangtung di sisi lapang paranti latihan, tuluy lumpat ka tengah lapangan, ngabaris. Léngkah Dudus saparakanca eureun bareng jeung eureunna lagu “Wangsit Siliwangi”. Ti dinya laju diteruskeun kana ibing tepak dua. Para murid padépokan Cakra Geni parigel naker metakeun gerakan pariasi ulin Cimandé, Cikalong, Kari, jeung Madi.
“Sing bener barudak mincig-na, ulah rusuh teuing,” Guru Kamjay méré instruksi.
Bérés Dudus saparakanca metakeun ibing rampak, nu lalajo kareprok. Dudus ngarérét ka nu lalajo, katémbong di antara nu lalajo aya Néndén milu keprok. Dudus bungangang, haténa ngarasa bungah.
Sanggeus ibing rampak diteruskeun kana ibing tunggal. Saurang-saurang maju ka tengah lapangan, mintonkeun kamonésanana sorangan. Dudus katémbong leuwih sumanget ti biasana, meus-meus manéhna ngarérét ka Néndén.
Ahirna latihan téh anggeus. Nu lalajo bubar, kari Néndén jeung sababaraha urang babaturan awéwé mawa téko cai jeung gelas. Para murid padépokan Cakra Geni nu geus capé ngibing paheula-heula nyicikeun cai kana gelas, tuluy ngalekik nginum. Dudus mah mandeurikeun manéh, henteu pahibut nginum cara batur-baturna. Ningali Dudus cicing baé, Néndén geuwat nyicikeun cai kana gelas tuluy diasongkeun ka Dudus. Leungeun Dudus semu ngageter waktu nampanan gelas cai ti Néndén téh!
“Ehem!” ujug-ujug baé kadéngé Enduy déhém gigireun Dudus jeung Néndén.
Dudus jeung Néndén ngaralieus, kaéraan.
“Mun geus ngarinum kadarieu ngariung, barudak!” ceuk Guru Kamjay.
Barudak murid padépokan Cakra Geni nurut kana paréntah guruna, dariuk ngariung hareupeun Guru Kamjay.
“Bapa pesen, hidep ulah bosen-bosen diajar penca, lantaran ieu téh élmu ti karuhun urang anu luhung ajénna. Malah dina jaman penjajahan Belanda mah élmu silat téh mindeng dipaké alat keur ngalawan penjajah. Salasaurang ahli penca anu teuneung ludeung ngalawan ka pamaréntah Belanda nyaéta Uwa Nampon,” Guru Kamjay ngamimitian muka carita.
Para murid padépokan Cakra Geni katangén daria naker ngabandungan caritaan Guru Kamjay.
“Uwa Nampon lahir di Ciamis taun 1988. Sanggeus nincak déwasa tuluy dumuk di wewengkon Padalarang sarta cekel gawé di Jawatan Keréta Api Belanda. Uwa nampon kaasup tokoh anu teuneung némbongkeun sikep anti penjajah, lantaran ningali ra’yat anu kacida sangsarana alatan dikakaya ku penjajah. Ku lantaran kitu, ku pamaréntah pejajahan Belanda Uwa Nampon dianggap pengacow sarta ngabahayakeun Jawatan Keréta Api, nepi ka antukna dipecat ti Jawatan Karéta Api. Papadaning kitu, kateuneung Uwa Nampon pikeun ngalawan penjajahan téh henteu ngurangan, sok sanajan kudu kaluar-asup panjara,” Guru Kamjay nuluykeun deui caritana.
Satuluyna derekdek baé Guru Kamjay ngadadarkeun lalakon Uwa Nampon.
Uwa Nampon kaasup jalma anu haus ku élmu pangaweruh, teu reureuh nyuprih pangarti. Ku lantaran kitu, Uwa Nampon suhud guguru ka sawatara ahli penca jeung maénpo. Di antarana Uwa Nampon guguru ka Aki Kahir, Bang Kari, jeung Bang Madi. Ku kréativitas Uwa Nampon, élmu silat meunang diajar ti guru-guruna téh dihijikeun tur dipariasikeun nepi ka ngajanggélék gerakan silat anyar anu has.
Jaman harita jalma anu kasebut geus boga ngaran dina widang persilatan sok aya baé anu datang ngajajal pangabisana. Kaasup ka Uwa Nampon.
Dina hiji waktu Uwa Nampon nganjang ka imah sobatna di wewengkon Tegalega. Keur uplek ngobrol jeung nu boga imah, ujug-ujug baé aya sémah. Ti barang torojol Si Sémah téh patangtang-paténgténg kawas hayam jago néangan lawan.
“Kuring jawara ti Banten, jauh-jauh datang ka dieu lantaran ngadéngé béja di dieu aya jago. Kuring hayang ngajajal nepi ka mana élmuna jago urang dieu téh!” pokna, bari gék diuk dina korsi.
“Di dieu mah teu aya nu jago, sadayana ogé jalmi biasa,” Uwa Nampon némbalan, miheulaan nu boga imah.
Ditémbalan kitu téh tuluy merenggut. Tarangna katangén kerung.
Dasar kudu panjang carita, keur kitu téh ujug-ujug torojol datang budak leutik nyampeurkeun Uwa Nampon.
“Aéh geuning Uwa Nampon sumping,” ceuk éta budak, bari ngambung dampal leungeun Uwa Nampon.
“Tuh bener ceuk aing ogé, di dieu aya jago! Tétéla dia jelema tukang bohong, hayoh geura kaluar ku kami rék dipaténi!” Si Jawara Banten ngadadak hudang amarahna. Manéhna nangtung, nyarita bari tutunjuk ka Uwa Nampon.
“Ih, saha nu tukang bohong? Leres kuring téh nu katelah Uwa Nampon, tiasa sakudak-sakedik kana penca, tapi da teu pisan-pisan rumasa jadi jago,” témbal Uwa Nampon.
“Ulah loba omong, hayoh geura kaluar! Urang ngadu jajatén jeung aing!” sora Si Jawara Banten handaruan.
Najan Si Jawara Banten nyaritana bari sentak sengor, Uwa Nampon mah angger leuleuy. Tapi, ku lantaran manéhna tuluy baé maksa nangtang ijén ngadu jajatén, ahirna Uwa Nampon éléh déét.
“Nya ari anjeun keukeuh-keukeuh teuing ngajak ijén mah heug ku kuring dilayanan, tapi aya saratna,” ceuk Uwa Nampon.
“Sarat naon?” Si Jawara Banten angger handaruan sorana.
“Mun kuring éléh nepi ka nemahan pati, anjeun kudu nanggung jeung ngabiayaan kahirupan kulawarga kuring. Tapi, mun anjeun nu éléh, kuring teu kudu nanggung nanaon. Sanggup?” Uwa Nampon malik nanya.
Si Jawara Banten kerung, ngahuleng rada lila.
“Sanggup!” tungtungna mah manéhna némbalan.
“Hayu urang kaluar, urang gelut jeung aing!” pokna deui. Tuluy miheulaan leumpang kaluar imah, ngajugjug buruan nu rada lega.
Nepi ka buruan, duanana langsung masang kuda-kuda. Geus kitu mah teu réa carita deui, ngan sebrut baé Si Jawara Banten nyerang Uwa Nampon. Peureup katuhuna nyebrut narajang dada Uwa Nampon. Uwa Nampon ukur ngusikkeun taktak katuhuna ka tukang, peureup Si Jawara Banten bisa digiwarkeun, ukur sababaraha mili tina dada Uwa Nampon. Ningali seranganana nu mimiti henteu keuna kana sasaran, ngan sakilat pisan manéhna nutugkeun sikuna kana angen Uwa Nampon. Tapi Uwa Nampon geuwat mindahkeun suku katuhuna ka tukang, panarajang Si Jawara Banten ngeplos deui.
Si Jawara banten merekpek narajang Uwa Nampon, tapi hiji gé seranganana taya nu keuna kana sasaran. Atuh tangtu baé amarahna beuki ngagugudag. Perbawa ku amarah, Si Jawara Banten neunggeul sataker kebek. Uwa Nampon ngagiwar meueusan, tuluy leungeun Si Jawara Banten anu dipaké neunggeul téh dikenyang ka tukang saeutik, laju sakaligus disentokkeun ka hareup.
“Aduh…!” Si Jawara Banten ngagoak. Awakna ngacleng ka tukang sababaraha léngkah. Bruh rubuh kana taneuh. Nambru dina taneuh buruan, pingsan.
Geus karuhan teu empés-empés mah geuwat baé Si Jawara Banten téh diparayang, dibawa ka jero imah tuluy diceuceuhan jeung diubaran. Teu lila nyah manéhna beunta, sadar. Sanggeus bisa hudang gancang manéhna ngagabrug suku Uwa Nampon, nyuuh ménta hampura bari meredih hayang diajar ulin Nampon.
Kitu di antarana dongéng anu nyaritakeun wewesén Uwa Nampon. Ari gedé jasana Uwa Nampon kana perjuangan bangsa Indonésia mah lain ngan saukur ku némbongkeun kaceuceubna ka Belanda wungkul. Anjeunna jeung sawatara urang tokoh laju nyebarkeun jeung ngajarkeun élmu silat ka para pamuda Indonésia, sangkan maranéhna boga rasa percaya diri sarta sadar kana harkat jeung darajatna salaku manusa anu merdika. Kabeneran harita di Bandung réa tokoh pamuda anu keur kuliah jeung sakola di THS, Kweek School, AMS MULO, HBS, jeung OSVIA, maranéhna réa anu diajar élmu silat ka Uwa Nampon. Di antara tokoh pamuda anu diajar élmu silat ka Uwa Nampon téh Bung Karno anu satuluyna jadi Présidén Indonésia nu munggaran, jeung Moh. Natsir, nu ogé jadi tokoh perintis kemerdékaan Indonésia. Tangtu baé Uwa Nampon ngajarkeun élmu silatna téh bari susulumputan, lantaran bisi kapanggih ku Belanda.
Ulin atawa usik anu diciptakeun ku Uwa Nampon, sabada neuleuman sawatara élmu silat anu aya di Jawa Barat jeung Batawi, laju dipikawanoh kalawan sababaraha sebutan. Di antarana aya nu nyebut ulin Nampon, Stroom, Timbangan, jeung Spierkracht atawa tenaga dalam.
Kalolobaanana murid Uwa Nampon téh jaradi pejuang geusan merjuangkeun jeung mertahankeun kemerdékaan Indonésia. Salian ti Bung Karno jeung Moh. Natsir, aya ogé Ki Agus Mahmud Thamim anu leuwih nelah ku sebutan K.M. Thamim, jeung H. Setia Muchlis. Malah dina jaman perang kemerdikaan H. Setia Muchlis mah kungsi mingpin pasukan ngalawan tentara Jepang jeung Belanda. Dina perjuanganana, H. Setia Muchlis kungsi suksés ngarebut senjata ti tentara Jepang sarta sababaraha kali lolos tina kepungan tentara Belanda.
“Tah kitu barudak, lalakon Uwa Nampon anu salasahiji téhnik silatna sok disebut ulin Timbangan téh. Sipatna anu handap asor sarta rajin nyuprih pangarti jeung élmu pangaweruh, éstuning turutaneun urang saréréa,” Guru Kamjay mungkas dongéngna.
Para murid padépokan Cakra Geni taya nu nyoara, kabéh bangun nu hookeun, kataji ku lalakon anu dicaritakeun ku Guru Kamjay.
“Ayeuna mah hidep saréréa kari daékna jeung kari rajinna diajar silat téh, henteu hésé cara baheula,” Guru Kamjay ngémbohan.
“Na kapungkur mah sesah nya badé diajar silat téh?” Néndén nyelengkeung.
“Enya, susah keur jalma atawa ra’yat biasa mah, lantaran baheula mah silat atawa maénpo téh diajarkeunana ukur di kalangan para ménak jeung jalma gedéan séjénna. Latihanana remen bari susulumputan, lantaran bisi kapanggih jeung diturutan ku jalma réa. Nya Uwa Nampon anu mimiti ngajarkeun élmu silat ka masarakat biasa téh. Malah prosés Uwa Nampon milih muridna anu munggaran ogé kawilang unik,” Guru Kamjay ngajawab pananya Néndén kalawan panjang lébar.
“Unik kumaha, Mang?” ayeuna mah Dudus anu nanya téh.
“Kieu dongéngna…,” ceuk Guru Kamjay, bari laju derekdek nyaritakeun lalakon Uwa Nampon néangan murid.
Uwa Nampon boga cacarékan yén upama dirina kabiruyungan boga anak, bakal ngajarkeun élmuna ka jalma di luareun kulawargana. Dina taun 1932, sabada putrana nu munggaran lahir ka alam dunya, ngan beretek baé Uwa Nampon lumpat ka pasar di hareupeun Statsion Karéta Api Padalarang. Di pasar, Uwa Nampon tuluy ceuceuleuweungan kawas jalma anu owah.
“Teunggeulan kuring! Teunggeulan kuring!” ceuk Uwa Nampon.
Jalma-jalma anu aya di pasar tingrarénjag. Kabéh mencrong ka Uwa Nampon.
“Teunggeulan kuring! Teunggeulan kuring!” Uwa Nampon angger ceuceuleuweungan.
Tapi taya saurang ogé anu wani ngadeukeutan, lantaran disangkana Uwa Nampon téh nu gélo anyar. Alatan taya nu ngadeukeutan baé, Uwa Nampon beuki tarik ceuceuleuweunganana. Antukna aya saurang pamuda anu wani ngadeukeutan Uwa Nampon.
“Kurang ajar, ngadon ribut di pasar nu gélo téh!” ceuk éta pamuda, bari habek ngaheumbatkeun peureupna ka Uwa Nampon.
Tibatan keuna mah kalah manéhna anu ti juralit. Lantaran ngarasa panasaran, manéhna hudang tuluy narajang deui Uwa Nampon, tapi unggal narajang kalah manéhna anu tijuralit.
“Bisi kurang sugema mah pék rék maké bedog ogé!” ceuk Uwa Nampon.
Henteu loba carita, ngan serepet baé Si pamuda ngalugas bedog laju narajang Uwa Nampon. Hasilna angger kénéh, batan bedog keuna kana awak Uwa Nampon mah kalah manéhna anu rubuh. Antukna Si pamuda sadar yén Uwa Nampon téh lain jalma sambarangan. Laju manéhna ngaku éléh sarta ménta diajar élmu silat ka Uwa Nampon.
“Tah barudak, éta pamuda téh jadi murid munggaran Uwa Nampon ti luareun lingkungan kulawargana. Ti harita réa pesilat jeung masarakat lianna anu diajar silat Nampon. Réa kénéh carita ngeunaan pendékar silat anu teuneung ludeung ngalawan penjajah Belanda, lain baé di Tatar Sunda, tapi ogé ti tempat-tempat séjénna, di Betawi upamana. Di tanah Betawi, di antarana salian ti Si Pitung anu caritana geus dipilemkeun téh aya ogé Sabeni jago Tanah Abang. Dina latihan nu ka hareup urang guar dongéngna,” Guru Kamjay nyaritana bari mencrong ka barudak nu keur ngabandungan carita anu didadarkeun ku dirina.
“Dongéngkeun ayeuna wé atuh, Pa Guru. Abdi mah janten panasaran,” ujug-ujug baé Hamzah ngacung, ngajukeun usul.
“Muhun, Pa Guru,” barudak raéng nyatujuan usul Hamzah.
“Ih, kapan ayana mah geus burit. Geus téréh Magrib. Geus waktuna hidep kabéh ngampih, beberesih tuluy indit ka masigit,” Guru Kamjay némbalan ku sora anu leuleuy.
Mireng jawaban ti Guru Kamjay, katémbong roman beungeut barudak bangun anu kuciwa, tapi taya nu wani mungpang kana paréntah Guru Kamjay. Sanggeus ngambung dampal leungeun Guru Kamjay, tuluy barudak téh mulang ka imahna séwang-séwangan.
***