Ngadu Jajatén | Novél Barudak #5 (Réngsé)

oleh -252 views
Foto: olympics30.com

Karya Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaktur Majalah Manglé, & Kalawarta TVRI Jawa Barat)

5. Jawara nu Handap Asor

Warga Kampung Karangnunggal, pangpangna para murid padépokan Cakra Geni, meunang béja anu pikabungaheun, yén perguruan tinggi tempat Pa Muhyi ngawulang ngondang padépokan Cakra Geni pikeun midang dina acara Pekan Kebudayaan Daérah.

“Hidep saréréa boga kawajiban pikeun leuwih rajin latihan, sangkan dina waktuna tampil di Bandung bisa maksimal,” ceuk Guru Kamjay, waktu mingpin latihan.

Dudus saparakanca saregep naker ngabandungan naon anu diomongkeun jeung diparéntahkeun ku Guru Kamjay. Kituna téh lantaran kabéhanana hayang kapilih pikeun milu tandang di Bandung.

“Enduy, benerkeun éta kuda-kuda, kurang ka handap! Awakna ulah doyong teuing ka hareup!” Guru Kamjay méré paréntah ka Enduy.

Enduy geuwat ngarobah kuda-kuda jeung posisi awakna.

“Tah, bener kitu,” ceuk Guru Kamjay.

Salila latihan, Guru Kamjay teu eureun merhatikeun saban gerakan para muridna, bisi aya nu kuda-kudana kurang panceg atawa gerakanana kurang sampurna.

“Di Bandung téh hidep saréréa boga kawajiban pikeun némbongkeun kamampuh diri kalawan maksimal. Hidep saréréa lain baé mawa ngaran diri sorangan tapi ogé mawa ngaran padépokan Cakra Geni jeung Kampung Karangnunggal. Mudah-mudahan ku midangna padépokan urang di perguruan tinggi tempat Pa Muhyi ngawulang téh, ngalantarankeun silat jadi leuwih dipikareueus jeung dipikaagul ku balaréa,” Guru Kamjay nyarita deui.

“Siap, Pa Guru. Abdi sareng réréncangan siap latihan keras supados tiasa tampil maksimal. Supados tiasa némbongkeun kahébatan padépokan Cakra Geni,” ceuk Hamzah, bari nyusut késang dina taarna.

Mireng omongan Hamzah, Guru Kamjay ukur kéom.

“Bapa mah moal mangkir kana kanyataan yén dipilihna urang ku Pa Muhyi pikeun midang dina acara Pekan Kebudayaan Daérah téh mémang padépokan urang aya leuwihna, aya onjoyna. Tapi éta hal ulah ngalantarankeun urang jadi gumedé, gedé hulu, alias sombong. Lantaran, jalma anu luhur élmuna mah salawasna handap asor, jauh tina sombong. Méh kabéh pendékar silat anu luhur élmu pangartina boga sipat handap asor, salasaurang di antarana Mama Sahbandar,” ceuk Guru Kamjay nétélakeun.

“Na Kumaha kitu dongéngna Mama Sahbandar téh?” Dudus kerung, romanna katémbong ngemu rasa kapanasaran.

“Panjang dongéngna mah. Sok ayeuna mah aristirahat heula, bari sakalian urang medar lalakon Mama Sahbandar,” Guru Kamjay némbalan.

“Asik…!” Enduy surak, tuluy gagancangan muru kana téko, nyicikeun cai kana gelas, leguk nginum.

Nu séjénna ogé nuturkeun Enduy, paheula-heula nyicikeun cai tina téko kana gelas. Geus bérés nginum tuluy kabéhanana sila hareupeun Guru Kamjay.

“Kumaha lalakon Mama Sahbandar téh, Pa Guru?” Enduy henteu sabar, hayang buru-buru ngabandungan dongéng ti Guru Kamjay.

“Sok sanajan lain asli urang Sunda, Mama Sahbandar kaasup salasaurang tokoh anu gedé jasana kana kamekaran silat Sunda,” Guru Kamjay ngamimitian ngadongéng.

Satuluyna mah ngan derekdek baé Guru Kamjay téh ngadongéngkeun lalakon Mama Sahbandar.

Dina hiji waktu di Cianjur, dina mangsa pamaréntahan Dalem Pancaniti, tukang kebon R.H. Musa manggihan saurang jalma anu dedeganana jangkung badag keur hulang-huleng di sisi jalan, bangun anu keur kacida bingungna.

“Ki Silah, keur naon huleng jentul di sisi jalan?” ceuk tukang kebon R.H. Musa.

Jalma nu keur hulang-huleng téh ngarénjag, tuluy ngalieuk ka nu nanyana.

“Abdi téh wasta mah pun Kosim. Dongkap ka dieu seja milarian damel. Namung dugi ka dieu janten bingung, kedah ka mana abdi milarian damel,” pokna.

Si tukang kebon neuteup éta jalma. Lantaran katémbong jalmana bageur, jorojoy timbul rasa karunya dina haténa.

“Oh kitu, daék ngabantuan kuring ngurus kebon kalapa jeung balong kagungan Agan Haji Musa?” ceuk tukang kebon.

“Mangga, keresa pisan,” témbal éta jalma.

Nya ti harita éta jalma nu ngaranna Kosim, lengkepna mah Muhammad Kosim, tuluy ngabantuan pagawéan tukang kebon R.H. Musa.

Ari R.H. Musa, geus maneuh saban poé Ahad sok mariksa kebonna. Anjeunna kacida reuwaseunana ningali di kebonna aya jalma anyar téh. Tuluy baé anjeunna nyaur tukang kebon.

“Mang, ari itu bet siga jalma anyar nu kuring teu nyaho?” ceuk R.H. Musa.

“Muhun, Gan. Éta jalmi kapendak nuju hulang-huleng di sisi jalan, saurna nuju milarian damel. Ku margi katingalna bageur, nya teras wé ku abdi dipiwarang babantu di dieu,” témbal tukang kebon.

“Oh, kitu.” R.H. Musa unggut-unggutan.

Sanggeus ditimang-timang, antukna ku R.H Musa Kosim téh diangkat jadi pagawéna. Salila opat taun jadi tukang kebon R.H. Musa, taya saurang gé nu nyaho yén sabenerna mah Kosim téh ahli silat.

Jaman harita, para ménak Cianjur, kaasup R.H. Musa, umumna marahér maénpo. Dina hiji poé, sabada Kosim réngsé digawé, manéhna ngahaja lalajo R.H. Musa keur latihan maénpo jeung dulurna, R.H. Enoh.

“Héy, Kosim. Tibatan colohok baé kitu mah mending ogé milu latihan jeung kuring,” ceuk R.H. Enoh ka Kosim.

Kosim teu loba nyarita, jung nangtung, nurut kana paréntah R.H. Enoh. Laju Kosim dititah latihan jurus jeung kuda-kuda. Salila latihan téh Kosim saeutik gé henteu némbongkeun yén dirina ahli silat.

Sanggeus aya kana sababaraha kalian milu latihan, Kosim digentraan ku R.H. Enoh.

“Latihan téh kudu katingali maju henteuna. Kudu dités. Cik ayeuna kami hayang nyaho geus nepi ka mana hasilna salila sababaraha kali milu latihan téh,” ceuk R.H. Enoh.

Laju R. H. Enoh masang kuda-kuda. Kosim ogé geuwat nurutan, masang kuda-kuda.

Kalawan teu ngiberan heula, ngan sebrut baé R.H. Enoh narajang Kosim. Peureupna ngahiuk muru angen. Gilek Kosim ngagilek. Lantaran peureup anu dianteur ku tanaga satakerna téh ngeplos, antukna R.H. Enoh leungit kasaimbangan, awakna semu nolonjong kabawa ku leungeun. Keur kitu, ngan sakilat naker awak R.H. Enoh disentokkeun ku Kosim. Koléang, gedebut, R.H. Enoh tibeubeut kana taneuh.

Kabéh gé kagét taya papadana ningali kajadian kitu téh. Taya nu nyangka sacongo buuk gé yén Kosim téh sihoréng ahli silat. Demi R.H. Enoh, sanggeus tibeubeut gancang hudang deui, kulit pipina katangén jadi beureum lantaran éra jeung wirang. Sanggeus masang kuda-kuda, ngan sebrut baé narajang deui. Tapi, méméh seranganana nepi kana sasaran, teu kanyahoan suku Kosim ngagaét suku R.H. Enoh. Juralit. R.H. Enoh ngajuralit.

Geus kitu mah R.H. Enoh sadar yén Kosim téh saenyana ahlit silat nu lain lawaneun dirina. Antukna R.H. Enoh ngaku éléh jajatén sarta tuluy guguru ka Muhammad Kosim. Kadieunakeun ménak Cianjur nu lianna ogé réa anu diajar silat ka Muhammad Kosim, kaasup Rd. H. Ibrahim, pendékar ti wewengkon Cikalong. Nya ti harita Muhammad Kosim nelah jadi Mama Sahbandar, nurut kana ngaran kampung tempat dumukna di wewengkon Cianjur.

“Tah, kitu barudak lalakon Mama Sahbandar téh. Anjeunna jawara anu kacida handap asorna, tara ningalikeun yén dirina ahli silat,” Guru Kamjay mungkas dongéngna.

“Tadi saurna Mama Sahbandar téh kawitna sanés ti Tatar Sunda?” Dudus ngacung.

“Enya. Mama Sahbandar asalna urang Kampung Pagaruyung Sumatra Barat. Lantaran aya hiji pasualan, anjeunna tuluy ngumbara ka Pulo Jawa,” témbal Guru Kamjay.

“Oh.” Dudus unggut-unggutan.

Saperti biasa sabérésna dongéng, para murid padépokan Cakra Geni téh tuluy marulang sabada ngambung dampal leungeun Guru Kamjay.

*

Ahirna nepi ogé kana waktuna para anggota padépokan Cakra Geni miang ka Bandung. Para kulawarga nu rék miang jeung warga kampung Karangnunggal séjénna nganteurkeun nepi ka jalan désa. Néndén ogé milu nganteur. Manéhna bangun anu teu daék jauh ti Dudus.

Waktu mobil nu ngakut rombongan padépokan Cakra Geni ngageuleuyeung maju, tina jandéla mobil Dudus nyérangkeun Néndén nu ngajanteng di sisi jalan.***