Meuntas Wahangan Cianting

oleh -214 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Mudun jalan wahangan Cianting
bet lumenyap léngkah rarandegan
ka landeuh katémbong kabéh
langit dipulas paul
gelik heulang hiber ngagaris
ngejat meuntas walungan
muru ka nu jauh
nu di landeuh rampak tanggah
ngan sahiji teuteupna nyangsang ka kuring
kétang biheung ka saha

Séah cai walungan Cianting
ngalun ngangkleung neumbag kana dada
nu neuteup imutna témbong
ngupyak aricikibung
silih simbeuh dibarung seuri
kapireng hawar-hawar
awor jeung haliwu
sanaos mung sakolébat
nu imut téh karérét ngalieuk deui
kétang boa ka saha

Nu keur ngebak di leuwi Cianting
anteng jongjon salira dikasay
caina palid ku manéh
kantun teuteup jeung imut
ngalun nyangsang di leuwi kuring
leuwi geter kasmaran
liliuh nu linduk
lieuk deui ka nu siram
bet imutna malipir na lamping ati
naha imut keur saha

Meuntas cukang  wahangan Cianting
ngahiliwir angin halon pisan
sada naros ngaharéwos
geuning bet luas ngantun
na ka mana teuteup nu tadi
palias kumoléang
palid milu ngalun
geus jauh anjog ka peuntas
nu di lebak jongjon icikibung deui
taya imut kamelang

Bandung, Désémber 2010