Kukupu Mayung

oleh -202 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Gumeleber kukupu sahiji
kumalayang anteng ngalanglangan
teup eunteup lebah lalangsé
jangjangna teuing lucu
kaplak-kiplik teu reureuh usik
pareng nilik teuteupna
kumiceup kukupu
teu ku hanteu kalah nyeblak
ras ka engkang tos lami teu aya sumping
naha geuning ka mana

Bet kukupu teras hiber deui
muru eunteup luhureun pas kembang
nyeuseup seuseungit kembang ros
émut mangsa kapungkur
mindeng nyeuseup seungit malati
kembang paparin engkang
dikeukeup diambung
ayeuna mah geuning taya
iwal diri anteng sumegruk lumengis
midangdam nu geus ilang

Sumping deui kukupu sahiji
janten dua eunteup na rérégan
abdi mah nyorangan baé
ampun kumaha atuh
kalah engkang kacipta sumping
karaos ngarungruman
sakedap les mabur
kantun abdi lelenyapan
anteng ceurik micileuk ka nu geus leungit
engkang naha di mana

Geuning ngaleut kukupu sumanding
tangka reuteum eunteup na rérégan
sapalih ngalayang baé
kukupu teras mayung
idek liher lebah lalangit
boa enya tangara
rék aya nu cunduk
geura sindang duh jungjunan
hoyong teuing diri dirungrum diasih
nanging engkang teu aya

Bandung, April 2009