Kabuyutan Ciburuy: “Sakola” Pamingpin Sunda Baheula

oleh -838 views
foto: Rawayan

Tempat atikan, tempatna ngulik élmu. Ilaharna, lain tempat jalma joré-joré, kaasup Kabuyutan Ciburuy minangka “sakola” urang Sunda baheula; lantaran nu sadar kana pentingna atikan téh teu sakumna golongan masarakat. Umumna, nu ngarasa butuh pisan ku élmu téh jalma-jalma ngarti nu lolobana mah kaum inteléktual, saperti para golongan ménak mun baheula mah.

Mun Jawa Barat sohor lantaran loba lembaga atikanana, teu anéh da puguh aya ti dituna, ti karuhunna, salah sahijina nu disebut “mandala”. Enya sakola pamingpin Sunda baheula téh disebutna mandala. Kitu saur Dr. Undang Ahmad Darsa, Filolog, Dosén Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Padjadjaran (Unpad).
Raja-raja Sunda baheula, biasa ngulik élmu di mandala. Salah sahiji mandala nu kacukcruk laratanana téh, nyaéta Kabuyutan Ciburuy, Garut Jawa Barat. Éta tempat perenahna di suku Gunung Cikuray. Pasna mah, di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Garut. Anggangna ti kota Garut, kurang leuwih 23 kilométer. Mun ngajugjug ka éta tempat téh, ti Alun-alun Bayongbong bisa nyorang jalan Désa Pamalayan atawa Désa Ciburuy.

Nu boga karep ulin ka Kabuyutan Ciburuy, upama jolna ti Bandung, upamana ti Cileunyi, butuh waktu kurang leuwih 2,5 jam. Lalampahanana, ti Cileunyi bisa muru Terminal Guntur Kabupatén Garut. Ti dinya, bisa tumpak angkutan kota jurusan Bayongbong nu butuh waktu 30-50 menit. Turun tina angkot, ti jalan raya kacamatan, bisa maké ojég. Ngan, teu bisa langsung ka tempat, da kudu leupang deui mudun, nu ahirna bras wé ka nu dituju.

Dina mangsa Tatar Sunda dipingpin ku para raja, kabuyutan téh jadi simbul kakutan jeung harga diri. Kudu dijaga jeung diriksa ulah sagawayah katincak deungeun. Malah, dina waktuna nagara aya nu narajang, nepi ka jadina perang, kabuyutan mah ulah nepi ka karebut musuh. Da, nu karebut kabuyutanana, ceuk naskah Sunda “Amanat Galunggung” mah, bakal leuwih hina batan kulit lasun di jarian.

Para ahli filologi jeung sajarah nganggap éta kabuyutan téh penting pisan lantaran nyimpen barang-barang titinggal karuhun anu gedé ajénna, di antarana naskah Sunda Kuno. Tina ratusan lempir anu nyampak, salah sahijina naskah “Séwaka Darma” beunang nulis Buyut Ni Dawit. Eusina ngeunaan pépéling hirup—utamana keur murid nu keur diajar—sangkan jadi PAMINGPIN ANU BENER boh keur dirina boh keur balaréa. *** (Riki Nawawi)

Sumber:
Diropéa ku Riki Nawawi tina tulisan “Mandala Sakola Pamingpin Sunda Baheula” karya Riki Nawawi & Ensa Wiarna, dimuat dina rubrik “Sungkeman” majalah Manglé nomer 2651.