Ka Sumedang Naha Melang

oleh -276 views

 Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Ka Sumedang gilig miang deui
mapay beurang na tétélar bingbang
ngadongdon babon lalakon
jauh anu dijugjug
pareng tepi biheung sumanding
jeung anu dipicangcam
saati sakalbu
kumaha lamun sulaya
gandrung liwung ditundung indit ka mendi
nyangsang duka di mana

Ka Sumedang naha geuning sepi
nitih peuting na ruruhit melang
lalakon ambon kasondong
kembang nu kapiambung
pareng deukeut leungiteun sari
jeung anu dicicipta
ti kapungkur-pungkur
geuningan enung sulaya
deudeuh geugeut mung ukur dugi ka ngimpi
riwan lebah lamunan

Ti Sumedang engkang mulang deui
nyanding peurih sugan jadi peurah
kasono hamo kalakon
malati sekar arum
ragrag murag na dahan asih
ngoléang ngarangrangan
ligar muru layu
sulaya tina panyangka
kantun diri dirungrum rurungsing asih
Sumedang kantun ringrang

Isola Katumbirian, 2012