Ka Mana Nyimpaykeun Tresna

oleh -303 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Teuteup saha nu linduk kamari
kumoléar mapay lelembutan
geuning haté ngaléngléong
kantun alum lalanjung
manjang kangen kaimpi-impi
tibelat ku sorotna
seukeut niruk kalbu
teuteup téh naha keur saha
palangsiang diri nu salah miharti
asih kadungsang-dungsang

Imut saha nu geugeut kamari
kumalangkang nyukang panglamunan
sono asa diganggayong
kalbu naha bet liwung
beurang peuting pikir rarungsing
lumenyap ku gupayna
bet ratug jajantung
imut téh atuh keur saha
boa enya diri geus sangli misurti
tresna kalunta-lunta

Kiceup saha nu liuh kamari
kumilisik mipir pangimpian
horéng rasa diréréwong
temahna bet rumahuh
ngait meulit muhit na ati
sumeblak ku dilakna
bangbaluh ngaguruh
kiceup téh saha nu boga
puguh enya diri katambias nyungsi
ka mana nguyang tresna

Deudeuh saha nu eunteup kamari
anteng langgeng nyayang na ciciptan
silo ngabobodo ténjo
tineung dilingkung bingung
direumpeukan asih teu jadi
ngejat duka ka mana
lunta muru jauh
deudeuh téh ngan sakolébat
ukur nyanding antara lilir jeung ngimpi
pageuh betah nyorangan

Rawayan, 2004