Gupay Pileuleuyan

oleh -271 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Lieuk deui teuteup muru lamping
kandeg léngkah teu kebat lumampah
haté dipontélan sono
geuning abot lalanjung
mungkas nineung kembang birahi
nu mangkak ngarandakah
ligar méméh usum
ngarangrangan maluguran
puguh peurih asih dijujurung indit
kedah pukah papisah

Tungtung lembur dilieukan deui
bat ngolébat nu anteng gugupay
boa gupay tilam sono
geuning semu nu alum
dumareuda ngedalkeun asih
lilisan pileuleuyan
jajap ka nu pundung
dilelekan kalah taya
bet lamunan jujul teuing muru langit
kalah nambahan lewang

Layung kuning nu hibar kamari
mungkas lawang lawung panungtungan
implengan peunggas lalakon
geuning salira nyegruk
balilihan medal citangis
teu wasa mungpang kadar
tumut dawuh sepuh
mikacinta ka nu lian
léah sadrah najan kedah nandang peurih
lintang pasrah sumerah

Teu kaampeuh saban neuteup lamping
bray kagambar sarwaning ciciptan
ngalalakon jeung cipanon
di langit alum ngungun
na jajantung ngaguruh angin
praspris jadi cimata
nyalangkrung ngabandung
limpas mungkaskeun carita
tungtung lembur jeung lamping diteuteup deui
ngagupay pileuleuyan

Bandung, 2007