Jurnalis, Rawayan Pangaweruh

oleh -1,858 views
Foto: Rawayan

Jurnalis téh rawayan pangaweruh. Kitu ceuk Duddy  Rachayu Suhada, wartawan sénior nu kiwari nganjrek di Jalan Sirnagalih No. 6A, Indihiang, Tasikmalaya. Duddy Rachayu Suhada téh ngaran lengkepna. Ngan, nu remen kabaca jeung kapireng ku balaréa mah nya Duddy R.S. waé. Arang anu nyaho ngaran lengkepna, iwal ti kolot (Bapa Sardjijono sareng Ibu Rokayah), dulur, jeung batur-baturna. Kétang ari ku nu dalit pisan mah disebutna téh Ujil atawa Kang ujil, lain Duddy R.S.; pangpangna nu sok nyebut kitu téh sobat-sobatna di Pamass Unpad entragan 1989 jeung awak-awak Kelompok Studi Budaya (KSB) Rawayan. Alesanana mah pondok, cenah éta pédah lahirna bulan Juli, lengkepna 6 Juli 1970.

Ceuk inyana, muhun saur Kang Ujil—badé nyebat kitu wé supados loma, éta profési wartawan mangrupa sasak informasi balaréa. Enya, kitu pisan sabab wartawan bisa nyaangan masarakat, nyaéta ku warta jeung pangaweruhna. Ku tangtungan wartawan, atuh masarakat sabudereunana jadi mabra; teu weléh ngempray ku informasi ngeunaan hirup jeung kahirupan.

Resep ngawangkong sareng Kang Ujil mah, amis budi. Alus budi parangi. Hadé semu. Sabab lamun nyarita téh mindeng dibarung ku seuri. Lian ti éta kapunjulan, nu geus pasti mah Kang Ujil parigel nulis jeung getol maca. Aéh, hilap. Lian ti tapis tulas-tulis téh, Kang Ujil gé jago ngagambar. Nu kungsi kasakséni mah gambar nu biasa dijieun téh kartun. Tuluy, dina widang tinulis, karyana henteu ngan saukur nonfiksi, tapi meuntas ogé kana dunya fiksi. Kétang boa tibalik, nulis sastra heula, kakara disambung kana warta. Ngan, nu hanjakal karyana masih bacacar. Can gembleng ngawujud jadi buku. Najan kitu, nu kacatet salah sahiji éséy karyana nyaéta “Budak Angon jeung Stik Golf” nu dimuat di majalah Manglé kungsi kasinugrahan Hadiah Sastra LBSS taun 1993.

Kang Ujil milih jadi jurnalis minangka tarékah ngawewegan karep jeung ketak. Ngundeur hikmah pikeun mageuhan diri sangkan jadi jelema pasagi; jelema loba kabisa atawa loba kanyaho. Geuning lumampahna dina dunya wartawan téh kurang leuwih geus tilu puluh taun. Pantes lamun disebut jurnalis anu legok tapak genténg kadék téh. Geus pasti loba luangna, pangalamanana, jeung kanyahona. Kitu deui palebah pangalaman liputan atawa ngundeur carita di masarakat. Cenah aya hiji anu pohara luar biasana jeung natrat inget tepi ka ayeuna, nyaéta liputan “bursa seks” di Pantura.

Ayeuna, nu maca pasti hémeng, “Alumni Sastra Sunda Unpad jol brasna jadi wartawan? Lumrahna mah apan ti jurusan jurnalistik.” Teu salah éta pamadegan téh. Ngan, pikeun anu daria diajar, gunung anu gedé bisa ditaékan, kitu deui leuwi anu sakumaha jerona gé pasti bisa diteuleuman. Atuh pikeun ngulik élmu kawartawanan gé, Kang Ujil daria diajar ku otodidak. Leuwihna tataros ka sénior, di antarana ka Pupuhu Pamass almarhum, Kang Ato atawa Kang Hérmanto Pamass entragan 1985.

Pamungkas, lalakon jadi wartawan atawa jurnalistik ieu inohong anu kasinugrahan Anugerah Budaya Gubernur Jabar 2008 dimimitian ti Koran Mingguan Kudjang Bandung (1990-1992), Majalah Manglé Bandung (1992-1996), Éditor Pelaksana Tabloid Pesantrend Tasikmalaya (1999-2000), jeung di HU Kabar Priangan (2000-2019); anu ti taun 2015-2019-na kaamanatan jadi Pamingpin Rédaksina. Kiwari, Kang Ujil mandiri ngadegkeun média éléktorik Kapol.Id. Malah kawilang leuwih maju pacabakan anu disanghareupan ayeuna téh. Muga-muga waé Kang Ujil sapapaosna ginuluran karaharjaan lan kabarokahan. *** (Riki Nawawi)