Jalma Merdika

oleh -1,225 views
Foto: Rawayan

Nu kumelendang, nu masih jumeneng pasti hirupna hayang merdika. Gumeleber taya aling-aling anu ngadingding. Kumalayang anteng ngalanglang buana. Weruh kana tujuan hirup, sadar kana tanggung jawab.

Dunya sastrawan ti antarana anu jiwana merdika téh. Inyana surti kana saripati hirup nu kuduna hurip. Panonna telik nyaliksik ruruhit ati. Leungeunna ogé teuneung dina sual ngungkarakeun pamadegan. Enya, unggal nu karasa, katingali, kadéngé, jeung nu kaseuseup namper dina lelembutan. Tuluy ditembrakkeun éta pamanggih téh ngaliwatan cara anu kréatif, nyaéta ngaliwatan karya sastra.

Jigana kitu pisan hirup anu idéal numutkeun Déni Ahmad Fajar, sastrawan teureuh Babakan Ciparay, Bandung. Kang DAF, kitu kuring nyebut ka anjeunna, kaasup sastrawan dina kasusastraan Sunda. Ieu pangarang kalahiran 30 Nopémber 1968 mutuskeun hirup kudu dina dunya tinulis téh ti keur rumaja kénéh, nyaéta nalika cacarakan nulis di SMPN 21 Bandung. Malah, bakat seni rupana mah, hususna ngagambar kartun geus nyampak ti keur SD mula. Buktina, waktu masih kelas VI SD di SDN  Caringin, kartun beunangna kungsi dimuat dina koran Pikiran Rakyat.

Saban poé, teu weléh maca. Maca naon wé anu sakirana nyampak. Muhun, naon anu sok dibaca ku Kang DAF téh, kapungkur, teu weléh disadiakeun ku sepuhna, nyaéta ku Apa Ganda Suhénda sareng Ibu Ojoh Hadijah suargi. Lamun aya lolongkrang, atuh buku-buku koléksi sastrawan Wildan Yatim, Emangna gé tara luput dibaca. Diacak-acak. Lian ti éta,—najan datangna sok beurang waé ogé—média citak tara elat diundeur. Lantaran sepuhna sadar kana literasi téa, matak Kang DAF mah tara kakantun informasi.

Nincak SMA di SMAN 13 Bandung, karesepna kana maca beuki undak (book addiction). Tékad kudu tapis nulis gé geus panceg. Tina seringna maca kitu, imajinasi Kang DAF jadi ngacacang. Gedé motivasi pikeun nyangkem eusi dunya boh nu deukeut boh nu jauh. Anu tuluyna éta karep téh ngawujud jadi hiji cita-cita: kudu dihontal ku cara jadi wartawan.

Naha bet kudu wartawan? Ieu pananya pasti  nyamuni ogé di nu maca.

Tangtungan Kang DAF hayang jadi jalma merdika geus buleud. Enya, jalan jadi wartawan mangrupa solusina. Lian ti éta timbangan, profési wartawan bisa ngaraksa “idéalis” maca jeung nulis. Lamun milih pacabakan nu lian, duh inggis luntur kabawa palid. Ku kituna, milih pagawéan anu bisa ngajaga “idéalis” téh mutlak teu bisa dionggét-onggét. Atuh pikeun ngahontal éta udagan, nyaéta ngajaga karesep téa, taun 1988 anjeunna milih kuliah di Program Studi Sastra Sunda, Fakultas Sastra, Universitas Padjadjaran. Alhamdulillah, naon anu dicita-citakeun ti taun 2000 geus kahontal: Kang DAF konsistén jadi wartawan HU Tribun Jabar.

Wanoh ka pribadi Kang DAF téh kawilang leuir. Mimiti tepung téh lamun teu salah mah taun 2016 ahir. Harita kuring masih mahasiswa. Bisa tepung téh alatan kagiatan Pasanggiri Monolog Basa Sunda anu katilu alpukah Pamass Unpad anu rukun gawé jeung Rawayan. Ngaliwatan éta cukang, kuring jadi wanoh ka ieu salah sahiji sesepuh éta kelompok studi budaya nu soméah jeung resep heureuy. Tapi ari kana karyana mah geus nyaho saacanna, lantaran diwanohkeun ku Pa Téddi (Dr. Téddi Muhtadin) dosén nu ogé salah sawios sesepuh Rawayan, saperti Lagu Padungdung: Antologi Puisi Déni A. Fajar (2012) anu kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé taun 2013, carponna dina buku Néng Maya: Jeung Carita Lianna anu dikumpulkeun sarta ditarjamahkeun kana basa Inggris ku C.W. Watson, jeung sawatara naskah monolog anu kabaca dina Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda (2016) nu dikumpulkeun ku Pamass Unpad.

Kungsi sababaraha kali nganjang ka bumina di Jalan Caringin Gg. H. Muklis RT 03/RW 09, Kelurahan Babakan, Kacamatan Babakan Ciparay, Kota Bandung. Resep. Bumi Kang DAF aya pabukonna. Saeusi rohangan pinuh ku buku wungkul. Éh, kétang kasét musik jeung film gé papada lobana. Muhun, lian ti pogot ku karya sastra, Kang DAF gé sok katungkulkeun ku ni’matna musik sareng film anu rancagé, babakuna karya-karya nu holna ti mancanagara.

Alhamdulillah. Ku jalan kitu, kiwari Kang DAF tos eunteup na mangkak kembang: jalma merdika. Muga sapapaosna. Wilujeng, Kang. *** (Riki Nawawi)