Hujan Poyan

oleh -367 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Hujan poyan lungsur ti wiati
murag halon mapay urat beurang
dina béngras panonpoé
nyawér di lebah kalbu
janten galeuh kembang malati
haturan keur salira
mun laksana tepung
nanging hujan kalah manjang
janten cipruk caina malipir damis
ngembeng lebah cisoca

Hujan poyan ngepris dina ati
anteng nyiram gegeter mamaras
maseuhan keleter sono
cai laju ngabandung
na jajantung puseuring asih
ka dinya lalayaran
nengah muru jauh
kelebuh lebah lamunan
ngantos saha ngajanteng salami-lami
taya anu mihéman

Hujan poyan ngadeupaan wanci
cai raat tayohna geus lila
bet asa sakeudeung baé
payung anteng ngalingkup
dina hibar si katumbiri
langitna anteng caang
mung kalbu laliwung
wayahna ayeuna mulang
hujan poyan biheung isuk datang deui
natar séwu kamelang

GBI, Juli 2014