Bingbang

oleh -333 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Sok tumaros saban neuteup langit
naha béntang nu ngampar baranang
cicingna di dinya baé
tara patukeur matuh
sumawona pahili calik
narah pagirang-girang
teu paluhur-luhur
bet angin héman ngiberan
maneuh sotéh puguh béntang nuju wirid
anteng nyambat pangéran

Sok tumaros saban neuteup langit
naha bulan satia némbongan
bangun nu taya kacapé
kumaha lamun pundung
bulan indit teu deui balik
béntang taya baturna
ngabigeu ngawagu
angin héman ngabéjaan
puguh bulan satia moal rék jalir
gumusti ka pangéran

Sok tumaros saban neuteup langit
mangsa beurang alam téh gumawang
kacaangan panonpoé
pareng mangsana surup
cahya ngempray ngampih ka mendi
inggis teu deui datang
lunta duméh pundung
pok angin halon ngiberan
moal enya nu dikir indit lumingsir
ngolémbar ti pangéran

Saban pareng anteng neuteup langit
tingkalayang kalangkang sorangan
ngoléang pating koloyong
geuning diri kapahung
rampang-reumpeung ka mana ngeumbing
taya akar keur muntang
ngulawing ngaliung
da puguh diri keur bingbang
gupuy-gapay pangéran taya kasungsi
duka aya di mana

Wanayasa, 2005