Nyungsi Siliwangi

oleh -241 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Siliwangi nu leungit bihari
tilem ilang di lebah nu mana
di dinya di leuweung ganggong
tapakna teu kasusud
teu kasungsi sugan di leuwi
suwung lebah babantar
di girang ngaguruh
sirah cai mataholang
nyacas hérang palidna ngalun ka hilir
biheung kiruh di mana

Siliwangi nu indit kamari
kebat meuntas ka leuweung larangan
ti léngkob semu rék nonggoh
di dinya henteu matuh
mung saukur sareureuh calik
teu lami teras jengkar
ka ditu ka jauh
jauhna satungtung tingal
ningal seukeut deudeuleu si panon batin
siga muru ka dinya

Siliwangi nu nyanding kiwari
dina getih jeung kereteg lisan
galécok bari aléwoh
ngaguruh na jajantung
balawiri na lamping ati
guligah bangun motah
nyayang dina kalbu
reg bumetah lebah dinya
anteng naros sakapendak sakapanggih
kuring aya di mana

Siliwangi nu aya di kuring
jadi rénghap jeung keleter sora
ngaleunjeur di lebah omong
geuning panon geus lamur
naha ceuli sangli misurti
léngkah sok mindeng sasar
kasarung kalangsu
kapireng keteg sorangan
lungsé teuing nyusud nyungsi Siliwangi
musna laratanana

Bandung, 2 Séptémber 2010