Bulan Eunteup dina Damis

oleh -181 views

 Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Geuning bulan eunteup dina damis
teras calik na liliuh soca
kantenan sok matak silo
naha salira ngungun
sari-sari medal citangis
ngamalir nitih cahya
lungsur semu alum
numawi teu kedah ringrang
geura mangga itu bulan seug tingali
nuju imut ka urang

Bulan eunteup na damis nu manis
anteng linggih na lilinduk soca
kantenan sok matak sono
naha salira nguyung
sari-sari ngemu kanyeri
mangga saé balaka
tinimbang dikemu
supados akang teu bingbang
geura wakca tuh bulan ngiringan nguping
geter katresna urang

Éta bulan anteng dina damis
sinanglingan ngempur cahayaan
kantenan sok janten moho
teuteup ngajadi rangkul
sari-sari alim patebih
pageuh handapeun bulan
ngaberung ku gandrung
teu kedah melang honcéwang
bulan pareum énjing gé da sumping deui
lebah keleter héman

Bulan anteng na geugeulis damis
langgeng mayeng maneuh kaambungan
dipatri lirih haréwos
bulan tong waka pundung
sari-sari ngemu kaisin
ilang semu ngolémbar
undur muru surup
kantun nu paduduaan
geugeut meumeut neuteup ka nu bieu leungit
bulan jeung caritana

Sawit Januari, 2017