Bulan Saha

oleh -294 views

Guguritan Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Bulan saha nu imut di langit
ampun teuing éta ku geterna
tumerus génjlong na haté
geuning bulan lumungsur
nété méga malipir jempling
lungsurna ka buruan
ku abdi diburu
dipapag ku geugeut tresna
kalah leungit bulan téh lunta ka mendi
kuring ambon sorangan

Bulan saha dina pucuk awi
ampun teuing éta ku dilakna
gumeter ngelusan sono
imut teu surud-surud
beu ka dieu baturan kuring
éstu narah sorangan
keueung taya batur
bet bulan angger di dinya
ngagupayan gupayna lain keur kuring
karah gupay keur saha

Bulan saha yeuh kuring nunggelis
taya batur geusan pakumaha
beubeureuh panyinglar simpé
taun-taun kalarung
engkang miang teu mulang deui
naha angkat ka mana
iber gé bet suwung
batina abdi kasiksa
saban wengi dirungrum ku sepi jempling
taya nu ngalongokan

Bulan saha dina tungtung peuting
ampun teuing éta ku degigna
bangun haré-haré baé
bulan naha bet kitu
karaosna lir pegat asih
ditilar ku panutan
nyeri sakalangkung
kuring mah anteng nyorangan
saban peuting saban sasih saban warsih
duka dugi iraha

Garokgék, 2009