Sawala Rawayan #1: Téh Kéwér Resép Buhun Titinggal Karuhun

oleh -217 views
Judul pedaran Sawala Rawayan #1

Garut pangirutan. Sigana teu nyalahan éta cacandran ditujukeun ka Kabupatén Garut téh, komo lamun ditilik tina poténsi alam jeung pariwisatana, Garut mémang poténsial jadi pangjugjugan jeung pangirutan balaréa, malah tempat/désa biasa ogé bisa disulap jadi désa wisata, saperti Désa Sukalaksana nu aya di wewengkon Kacamatan Samarang, Garut.

Saméméhna ieu désa nyingkur téh kaasup “désa miskin”, tapi kiwari ieu désa robah jadi désa wisata nu pada ngadeugdeugan ti suklakna-ti siklukna, malah ngabogaan racikan tutungkusan karuhun “Téh Kéwér” nu dikokojokeun jeung kajojo ka mamana. Naon téa Téh Kéwér téh? Naon béda jeung entéh-entéh séjénna? Siti Julaeha kitu nénéhna atawa Zulaikha Sasmita, salah sahiji awak Rawayan medar ngeunaan Téh Kéwér nu kiwari jadi ikon jeung “branding” Désa Wisata Sukalaksana.

*

Sababaraha waktu katukang (Jumaah, 23 Juli 2021), awak-awak Rawayan ngariung dina sawala daring (zoom meeting). Kabeneran peuting éta téh Sawala Rawayan munggaran. Nu cumarita dina éta kasempetan nyaéta Zulaikha Sasmita, awak Rawayan teureuh Cianjur nu ayeuna bumén-bumén di Samarang, Garut. Éta sawala téh dijudulan “Téh Kéwér, Sebuah Racikan Kearifan Lokal yang Kembali Dihidupkan”, kalawan panumbu caturna Taufik Rahayu. Hadir dina éta acara, awak-awak Rawayan; Teddi Muhtadin, Agustin Purnawan, Dian Hendrayana, Deni Ahmad Fajar, Eris Risnandar, Dedih Supriadi, jeung Riki Nawawi.

Nurutkeun Pupuhu Rawayan Agutin Purnawan, “Sawala Rawayan téh insyaallah baris mayeng saban malem Saptu, giliran antara awak-awak Rawayan atanapi ngulem nu ti luar,” pokna dina panganteur sawala. “Kanggo sawala kapayunna mah insyaallah badé ngulem ogé masarakat umum, kanggo sawala munggaran mah masih kawatesanan ku awak-awak Rawayan, nanging jejer matérina baris dibagikeun dina média sosial Rawayan, boh di Facebook boh di Instagram,” ceuk Agustin Purnawan.

Téh Kéwér, ceuk Zulaikha Sasmita kiwari geus identik jeung Désa Sukalaksana nu aya di Kacamatan Samarang Garut nu kiwari jadi désa wisata. “Aya nu unik, sok sanaos namina Téh Kéwér, nanging saleresna sanés entéh saperti umumna, da ieu mah bahanna ogé tina tangkal kéwér,” pokna dina bubuka sawala.

Sabada diécéskeun ku Zulaikha, horéng Téh Kéwér téh asalna diolah tina siki tangkal kéwér nu biasana jadi di mana waé di wewengkon Désa Sukalaksana. Nurutkeun inyana, geus biasa urang Sukalaksana mah ngamangpaatkeun éta tangkal jadi inuman téh, geus jadi resép karuhun jeung turun-tumurun. Sok sanajan saméméhna kungsi ampir kapopohokeun lantaran mahabuna produk entéh nu aya di pasar nu kawilang murah jeung leuwih gampang dibeuli.

“Téh Kéwér mimiti populér deui di Désa Sukalaksana téh sabada ieu désa mekar jadi désa wisata nu museur kana jejer wisata edukasi jeung eco-wisata nu terus ngamangpaatkeun poténsi kaarifan lokal nu aya di désa. Kaleresan aya tangkal kéwér nu sok biasa dileueut ku sabagian masarakatna, nu teras janten inovasi produk unggulan sareng janten ikon sareng branding ti Désa Wisata Sukalaksana,” ceuk ieu guru basa Sunda di MTs Negri 1 Garut bangun nu reueus.

Tangkal kéwér nu saméméhna disapirakeun, kiwari mah jadi tangkal jeung pepelakan nu aya hargaan, malah ku jasana ieu tangkal kéwér terus bisa ngangkat darajat jeung citra désa jadi désa wisata munggaran nu aya di Garut. Téh Kéwér ngabogaan seungit campuran entéh jeung kopi, padahal bahan dasarna lain tina tangkal entéh atawa tangkal kopi, tapi tangkal kéwér.

“Téh Kéwér ogé ngagaduhan rupi-rupi mangpaat, salah sawiosna mangaruhan kana kaséhatan awak, komo upami sateuacan dileueut téh dibarikeun heula. Tos kabuktosan turun-tumurun tiasa meresihan ginjal sareng nyinglar rupa-rupa kasakit, utamana kasakit nyeri cangkéng sareng cararangkeul,” ceuk Zulaikha deui.

Nurutkeun Zulaikha, ka Désa Sukalaksana ogé geus aya nu mitembeyan nalungtik Téh Kéwér, salah sahiji hasil uji coba labolatorium Universitas Pasundan Bandung, dina Téh Kéwér aya kandungan antioksidan langkung ti 45%, tangtu waé keur urang Désa Sukalaksana mah éta jadi béja pikabungaheun, malah ka hareupna miharep aya deui panalungtikan séjénna.

Kiwari, Téh Kéwér geus kawilang éksis di Désa Sukalaksana nu mangpaatna lain waé jadi ikon jeung branding désa wisata, tapi ogé ngahirupkeun poténsi ékonomi warga, jeung bisa ngahirupkeun resép titinggal karuhun nu jadi ngabogaan nilai jual. Ku jasa resép inuman titinggal karuhun Téh Kéwér ieu, Désa Sukalaksana nu saméméhna désa miksin nu aya di wewengkon Samarang Garut, kiwari jadi salah sahiji désa unggulan jeung désa pikareueuseun di Garut.

Hasil Sawala

Sabada Zulaikha medar ngeunaan panganteur Téh Kéwér nu jadi inuman has ti Désa Sukalaksana jeung jadi ikon désa wisatana, dina éta kasempetan Teddi Muhtadin naléngténg ngeunaan asal usul kecap “kéwér”, da apan ilaharna mah kecap kéwér téh lamun ngarujuk kana kamus mah hartina ngajiwir sisi kebat (kaén atawa samping) nu keur dipaké bari leumpang, dikéwér hartina kana kecap pagawéan.

Ari nurutkeun Zulaikha, patali jeung sajarah jeung asal-usul ngaran Téh Kéwér atawa tangkal kéwér téh masih jadi péér keur urang Désa Sukalaksana pikeun maluruh jeung nanyakeun ka kokolot-kokolot lembur, lantaran sajarah Téh Kéwér di ieu désa téh kawilang panjang, da saméméh entéh nu dibawa jeung diwanohkeun ka Indonésia ku Andreas Cleyer dina abad ka-17 ogé, cenah ceuk urang lembur mah tangkal kéwér nu biasa dijadikeun racikan inuman mah geus leuwih ti heula aya jeung dipikawanoh ku masarakat, “Malih carita asal usul Téh Kéwér téh kiwari janten lagénda sareng folklor nu ngantosan sarjana sareng panalungtikan élmu sastra sareng antropologi nalungtik,” ceuk Zulaikha deui pinuh harepan.

Ari nurutkeun Dedih Supriadi nu ngabandungan pedaran ngeunaan fungsi jeung hasiat Téh Kéwér nu alus keur ginjal, “Boa-boa kapungkurna sepuh sareng karuhun di Désa Sukalaksana téh, tangkal kéwér mémang dijantenkeun obat hérbal. Margi sim kuring kantos maca seratan, ngaran tutuwuhan téh saluyu sareng hasiatna siga ‘pecah beling’ keur kencing batu, daun eurih paragi ubar raheut nu peurih. Katawisna kapungkurna éta tangkal kéwér téh mémang landong nu hésé ngompol ku lantaran kencing batu. Sajarahna kieu, aya nu hésé kiih, tuh cobaan ngagodog siki kéwér ngarah kiihna wér-wéran,” ceuk Dedih Supriadi.

Patali sareng mangaat jeung asal-usul tangkal kéwér, Teddi Muhtadin nambahan, “Upami saur Dedih Supriadi supados wér-wéran gampil kahampangan. Saberna perkara éta geus aya dongéngna nu patali jeung kéwér nu aya hubungan jeung kahampangan. Kapungkur aya dongéng nu ngéwér samping, nu aya dina salah sahiji novél. Jaman kapungkur upami cacandakan badé ka pasar téh tara euleum-euleum, digéndong di pengkér sagémbolan-sagémbolan bari rébo ku babawaan, ti mimiti angkat dugi ka tujuan téh teu tiasa calik. Ari jaman kapungkur apan ilahar nganggo sinjang. Janten, upami sakalieun hoyong kahampangan téh istri nyalingkur kana tangkal ageung bari ngéwér sinjang. Tah kecap kéwér éta, janten kecap kunci patali sareng ginjal ogé kahampangan nu rada nyambung sareng kamandang Dedih, kantun digali folklor atanapi asal-usulna ti Désa Sukalaksanana nyalira.”

Patali sareng ngaran Téh Kéwér, Dian Hendrayana ogé méré kamadang ngeunaan Téh Kéwér nu sabenerna lain entéh. “Kedahna mah nu diicalna tangkal kéwérna, teu kénging tangkal kéwér nu nuturkeun kapopuléran entéh. Komo upami tos kasusud yén racikan inuman tina siki kéwér ieu langkung sepuh tibatan entéhna nyalira. Alternatifna tiasa ieu téh inuman téh nu asalna tina siki kéwér. “Upami Téh Kéwér mah, posisi tangkal kéwér janten langkung handap tibatan entéh, padahal tangtos wae di dieu mah maksadna tangkal kéwér langkung kolot tibatan entéh. Ngan naha ieu téh masih tiasa digentos kanggo penamianana? Atanapi tos teu tiasa dirobih?”

Ngan, hanjakal ceuk Zulaikha, patali jeung brand atawa ngaran Téh Kéwér téh geus umum jeung jadi ikon désa. “Rada sesah upami kedah digentos téh da urang lembur tos terangna éta téh Téh Kéwér, tos kacida populérna sanés waé di Désa Sukalaksana tapi di tempat sanés nu nyandak oléh-oléh Téh Kéwér ti ieu désa wisata, sok sanaos sapalih aya ogé nu nyebatkeun Téh Karuhun.”

Patali jeung kamandang Riki Nawawi ngeunaan désa wisata Sukalaksana, Zulaikha ogé neueulkeun pentingna boga produk atawa kaarifan lokal has désa nu dijualna. Lantaran salah sahiji sarat bisa jadi désa wisata téh nyaéta ngabogaan ciri has atawa ciri mandiri, siga Désa Sukalaksana nu horéng ngabogaan resép inuman titinggal karuhun Téh Kéwér. Nya ku ayana  inuman Téh Kéwér ieu tuluyna mah bisa ngangkat harkat jeung darajat Désa Sukalaksana. Tangtu waé ieu téh racikan nu jadi kaluhungan inteléktualitas karuhun dina ngokolakeun jeung ngamangpaatkeun alam sabudeureunana. Tangkal kéwér nu asalna pada nyapirakeun geuning bisa jadi tangkal penting nu jadi ikon désa.

Ari Taufik Rahayu nu ngajukeun dua pananya ngeunaan cara melak jeung ngamangpaatkeun tangkal kéwér sangkan ngabogaan nilai ékonomi, mémang geus dikeureyeuh dipelak ku urang lembur jeung hasilna geus kabuktian bisa ngaronjatkeun ékonomi wargana, lantaran Téh Kéwér nu kawéntar jeung jadi ikon Désa Sukalaksana nu jadi désa wisata. Ari patali jeung balukar négatif tina loba teuing nginum Téh Kéwér, nurutkeun Zulaikha mah can manggihan, nu pasti mah Téh Kéwér bisa jadi ubar jeung bisa jadi baheula mémang obat hérbal pikeun meresihan ginjal, nyegerkeun awak, jeung nyinglar nyeri awak.

Pamungkas, nurutkeun Zulaikha, rupa-rupa kaarifan lokal anu nyampak di lembur téh bisa diguar jeung diangkat deui pikeun kamekarana désa, salah sahiji contona tangtu waé Téh Kéwér nu bisa ngangkat éksisténsi Désa Sukalaksana. Dipiharep kaarifan lokal séjénna bisa ngangkat ka-Sunda-an pikeun leuwih éksis sarta sakaligus numuwuhkeun kareueus jeung kanyaah masarakat, hususna generasi ngorana minangka hiji sélér bangsa ku mangpirang kapunjulanana.*** (Taufik Rahayu)