CIK aya nu terang, iraha urang Sunda mimiti naék haji? Siga nu teu sapira nya? Padahal mah penting kacida nyusul tepus asbabunujul téh. Komo deui, ibadah haji téh Rukun Islam anu kalima. Anu kahiji sahadat, kaduana solat, katilu puasa, kaopat jakat, jeung nu pamungkas, anu kalima, ibadah haji. Lamun apal kana sajarah mah ibadah téh bakal leuwih husu jeung daria.
Saméméh abad ka-20, dina naskah Carita Parahyangan disebutkeun, jalma nu munggaran naék haji téh Déwa Bratalegawa, turunan Raja Galuh. Anjeunna sok ngumbara. Lian ti ngaprak nusantara ogé nepi ka mancanagara. Di antarana waé Sumatra, India, Srilanka, jeung nagara-nagara Arab.
Satuluyna kacaritakeun Déwa Bratalegawa jatukrami atawa nikah jeung wanoja urang Gujarat, jenenganana Farhana Binti Muhammad.
Harita pisan Déwa Bratalegawa asup agama Islam. Satutasna nyacapkeun ibadah haji taun 1337 Maséhi, Déwa Bratalegawa katelah sok disebut Haji Purwa, lantaran jadi urang Sunda munggaran nu naék haji.
Lian ti ditembrakkeun dina Carita Parahyangan, aya ogé carita ngeunaan putrana Sri Baduga Maharaja, Prabu Siliwangi, nu naék haji antara taun 1446-1447. Nyaéta Walangsungsang, raina Nyi Rara Santang.
Nyi Rara Santang nikah sareng Syarif Abdullah bin Nur Alam bin Jamaluddin Akbar, ulama ti Gujarat India. Tah, ti dinya Rara Santang ngababarkeun Syarif Hidayatullah, nu ayeuna katelah Sunan Gunung Jati téa.
Kabéhdieunakeun, ibadah haji geus jadi kacapangan umat Islam Indonésia. Unggal taun nu ibadah haji ngabrul, antré. Nungguan bagéan, bakat ku loba téa. Da lamun miang sadaya mah moal kaangkut ku kapal terbang.
Gaya apan ayeuna mah naék haji téh naék pesawat. Kapungkur mah boro-boro. Nu aribadah haji angkleung-angkleungan di laut, naék kapal cai. Di jalanna ogé mangbulan-bulan. Malah ngajugjug ka palabuhan ogé nikreuh. Leumpang.
Kacipta, urang Ciamis leumpang ka Cirebon. Maksudna rék naék kapal laut ka Mekah. Baheula mah bebekelan téh lain ku duit cara ayeuna. Tapi mawa emas, hasil tina nabung ngajual cengkéh jeung tatanén.
Di laut ngangkleung, nepi ka genep bulan. Ngangkleung ti palabuhan nu hiji ka palabuhan nu lian. Biasana mah nu jadi pangjujugan téh Acéh. Nu rék naraék haji ngumpul di dinya, saméméh nuluykeun lalampahanana. Éta pisan naon sababna Acéh sok disebut Serambi Mekah téh.
Geuning baheula mah naék haji téh angkleung-angkleungan di jalanna ogé nya? Teu cara ayeuna, naék pesawat terbang ngan ukur sababaraha jam. Jeung deuih téréh ayeuna mah teu lila di Arabna ogé. Copélna sabulan geus bisa balik deui ka lembur. Baheula mah naék haji ogé nepi ka sataun campleng.
Disarikeun tina sawatara sumber