Ngawarung Bandung

oleh -299 views
Ilustrasi: Agus Mulyana

Éséy Téddi Muhtadin
(Kritikus Sastra & Sékrétaris Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran)

Dina hiji riungan anu diiluan ku sawatara jalma ti rupa-rupa kasang tukang (pelajar, mahasiswa, guru, dosén, wartawan, jsté.), hiji pamilon nyempad pamadegan pamilon séjénna kalayan rédaksi saperti kieu: “Sim kuring henteu panuju kana pamadegan Sadérék….”

Ki moderator, urang sebut kitu baé gancang megat kalimah nu nyarita, bari terus méré gambaran ngeunaan aturan maén di éta riungan.

“Punten,” saurna, “dina ieu riungan mah urang henteu nganggo kalimah sapertos nu nembé. Di dieu urang langkung merenah upami nganggo rédaksi sapertos: ‘Kamandang abdi mah kieu…’ atanapi ‘Abdi mah gaduh kamandang téh kieu…’.”

Ieu kajadian téh mémang lain dina riungan anu biasa sok disebut diskusi, séminar, atawa kongrés; tapi, dina hiji riungan anu dingaranan Ngawarung Bandung.

Numutkeun katerangan ti Bapa Hidayat Suryalaga, istilah ngawarung bandung téh kapungkurna digunakeun ku bujangga Haji Hasan Mustapa. Ki Bujangga sareng réréncanganana sering ngayakeun riungan dina raraga medar rupa-rupa perkara dumasar kana pangalaman séwang-séwangan. Suasanana rinéh, kalan-kalan dibarung ku sempal guyon. Sumangetna pakutan-kutan pageuning-geuning.

Kiwari, istilah ngawarung bandung dipopulérkeun deui ku Pa Hidayat. Tempatna bisa di kantor, perpustakaan, imah, atawa masjid. Waktuna, biasana, ti ba’da Isa nepi ka adan Subuh. Momenna, poé-poé istiméwa dina pananggalan Islam atawa poé-poé istiméwa anu aya patalina jeung kasundaan atawa kaindonésiaan. Jejerna, kaislaman, kasundaan, kaindonésiaan. Suasanana rinéh dibarung ku sempal guyon jeung tembang cianjuran.

Anu pangpangna narik perhatian kuring tina ngawarung bandung téh lain jejerna, tapi carana medar jejer. Dina riungan samodél diskusi biasana urang disanghareupkeun kana hiji masalah anu kudu dipedar terus dicindekkeun. Dina ngawarung bandung ogé masalah téh kudu dipedar, tapi disebar dumasar kana pangalaman anu ngarariung séwang-séwangan, tanpa merhatikeun teuing kacindekan.

Dina riungan samodél diskusi arguméntasi mangrupa hal anu penting. Pertanyaanana, kumaha carana urang bisa nyayakinkeun batur, sangkan batur sapamadegan jeung urang? Dina ngawarung bandung mah nu penting téh ngaregepkeun omongan batur. Pertanyaanana, kumaha carana sangkan pangalaman batur bisa ngabeungharan pangalaman urang.

Riungan samodél diskusi sipatna néros jeung singularistik, sabab percaya kana ayana bebeneran anu bisa ngungkulan bebeneran séjén. Ku kituna, dina riungan samodél diskusi pasti aya hiérarki: aya pamadegan anu kuat, aya pamadegan anu héngkér; aya pusat jeung aya bagian-bagian.

Riungan ngawarung bandung mah sipatna nyeuweu jeung pluralistik. Bebeneran nu hiji dianggap sajajar jeung bebeneran séjénna. Merenah pisan, Pa Hidayat sering ngagunakeun kekecapan: silih wangi keur nu sapapajaran.

* * *

Dunya beuki gandéng. Saban jalma “ngararomong”. Tapi, kakawasaan ditangtukeun ku kuatna nu ngomong. Logikana: logika kakuatan. Lain kakuatan logika. Bebeneran jadi nunggal. Saperti kakawasaan nu teu weléh diparebutkeun. Munasabah upama usaha marebutkeun bebeneran sok ditungtungan ku: getih! getih! getih!

Urang poho, yén kamahéran ngomong téh kudu dibarengan ku mahérna ngadéngé, ngaregepkeun. Sabab, ngadéngé téh hartina ngalébaran dada, muka jandéla-jandéla jeung panto-panto imah sangkan angin anu pinuh ku oksigén ngusir hawa di kamar-kamar anu sumpeg. Ngadéngé hartina ngahargaan pangalaman batur. Ngadéngé téh hartina surti.

Jaman modérn mémang sombong. Alam, manusa, malahan Gusti, kalungguhanana aya di handapeun si “kuring”. Kuring anu jumawa, kuring anu kumawasa. Omongan kuring jadi bebeneran anu kudu ditarima ku nu lian. Modernisme kudu jadi modernisasi. Liberalisme kudu ditarima ku nu séjén. Marxisme, sosialisme, komunisme kungsi dipaksa-paksakeun ka bangsa-bangsa anu cenah teu mibanda “kabudayaan”.

Tapi, si “Jaman Modérn” anu sorana handaruan jeung genggerongna anu heuras téh geus katangén buukna bodas, tarangna kerijut. Pusat kakawasaanana di Éropah beulah wétan burakrakan. Kakawasaanana di Éropah beulah kulon jeung Amérika katangén coréléngna. Loba jalma mimiti henteu percaya. Loba jalma mimiti néangan deui sora-sora para Nabi jeung para karuhun sélér-sélér bangsa nu teu pernah kacatet dina sajarah.

Kiwari, dékonstruksi, pluralisme, juktaposisi, féminisme, dérrida, posmodérnisme jadi ulikan anyar di sagédéngeun masalah étnik jeung agama. Jalma-jalma dialajar deui toléransi. Dialajar deui ngadéngé.

***

Ngawarung bandung mémang béda jeung ngawarung catur. Ngawarung catur gedé kamungkinanana pikeun ngukuhkeun “kuring” di antara “kuring”. Ngawarung bandung ngajajarkeun “kuring” jeung “kuring”. ***

 

CATETAN REDAKSI:
Ieu éséy kungsi dimuat dina Galura. Ngan, tanggal dimuatna ieu tulisan masih dipaluruh ku tim rédaksi.