Béntang Hariring

oleh -87 views

Béda jeung Résty. Basa kagiliran tandang ka hareup dina pasanggiri tingkat kecamatan téa, Résty mah ngahariringna téh teu béda ti basa anyaran latihan téa. Ngahariring lagu wajib ‘Du’a Indung Bapa’ téh, ceuk Wina jeung Salma mah, mani tibeberegég. Sorana rada ngagerem bari jeung diendag-endag. Enya, ceuk Wina jeung Salma gé, ngahariringna téh mani siga penyanyi seriosa baé. Kaleuleuwihi. Diaya-ayakeun teuing.

“Mawa karep sorangan tuda Résty mah nya Win?” Salma ngaharewos basa nyaksian Résty midang di luhur panggung.

“Enya, sigana mah seueur teuing nuang vibra, téhnik vokal, sareng improvisasi nya?” témbal Wina bari nyikikik.

Ari pareng giliran Nia midang, ti mimiti ngong téh saeusi aula kecamatan bangun nu kasirep ku halimpuna sora Nia.

Gusti pangéran abdi
mugi asih, asih ka pun biang
sakumaha pun biang ka abdi
miasih taya lirénna

Gusti pangéran abdi
muga nyaah, nyaah ka pun bapa
sakumaha pun bapa ka abdi
nu nyaah taya reureuhna

Asih indung asih bapa
teras nganteng teu laas ku mangsa
duh indung duh bapa
welas asih ihlas taya pamrih

Du’a indung du’a bapa
nungtun jalan sangkan bener pinter
duh indung duh bapa
nungtun léngkah sangkan ulah salah

Salila Nia midang téh ti nu lalajo mani taya sora saeutik-eutik acan. Pa Camat nu kaleresan nongton gé, bangun nu katajieun pisan. Guru-guru ti sakola séjén deuih, bangun nu milu katajieun ku pidangan lagu nu dihaleuangkeun ku Nia. Wina jeung Salma mah mani bari kudu silih cekel leungeun salila lalajo Nia téh. Ti dituna mah sok sieun Nia ngahariringna aya nu salah. Tapi salamet, salila midang téh Nia mah kaasup anu pangmulusna.