Wawacan Putri Sekar Arum

oleh -88 views

“Wawacan Putri Sekar Arum mageuhan deui ajén-inajén luhung papagon agama ngeunaan pentingna kajujuran, patriotismeu, jeung kasucian. Cucu ngahirupkeun deui tradisi nulis wawacan nu kungsi popilér dina awal abad ka-20, ngan baé tuluy tilem lantaran henteu dirojong deui ku masarakat sastera Sunda modérn.”

  • Béjér pangajén Hadiah Sastera Rancagé 2021

“Wawacan kungsi dianggap puncak kréativitas bujangga Sunda, tapi nalika modérnisasi nu dirojong ku pola atikan katut téhnologi citak sumarambah ka mana-mana, wawacan mimiti dikritik nu antukna kasilih ku karya winangun prosa, kaasup novél. Sok sanajan kitu, wawacan lir bakung nu daun jeung kembangna layu laju sirna, tapi beutina istuning hirup. Éta jigana mah nu matak wawacan Putri  Sekar Arum nu ditulis ku Cucu Suhartini tetep némbongkeun kakuatan imajinasi ‘liar’ alam wawacan, anu henteu kasungkeret ku alam pikiran modérn anu ‘tartib’ nu ngalantarankeun disenchantment of the world ‘ilangna pangirut dunya’.”

  • Dr. Teddi Muhtadin, M.Hum., Kritikus Sastra & Kepala Pusat Studi Budaya Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran.

“Awalna mah ‘asa-asa’ maca ieu karya téh. Mangmang. Asa tambuh laku. Jaman kiwari nu sakitu meredih singsarwa gancang tur ngagungkeun téknologi canggih, bet kalah ka diajak maca lalakon modél jaman baheula. Jadul ah …, tapi geuning, basa ieu buku dikeureuyeuh dibaca kecap demi kecap, kalimah demi kalimah, nepi ka manglambar-lambar, lain hayang eureun, malah mah beuki pogot macana tur panasaran nepi ka ahir carita. Pangarang kawas ngahipnotis kuring salaku nu maca ku cara jeung gaya nulis nu luar biasa. Pangarang tapis pisan muka lapis-lapis tokoh jeung kasang tukangna sarta lalakon demi lalakon dibuka saeutik-saeutik nepi ka pogot macana. Wilujeng ka Pangarang. Ieu karya luar biasa téh mawa kuring kana kacindekan yén, ‘Hirup kadangkala kudu dilenyepan tiap-tiap bagianana, ti hiji flyer ka flyer séjénna, supaya hirup miboga makna. Ieu hal téh moal bisa kahontal lamun hirup gurunggusuh kawas kahirupan nu ayeuna disorang ku urang.”

  • Dr. Munawar Holil, M.Hum., Ketua Manassa Pusat, Filolog, Dosén Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia

“Wawacan téh kaasup karya sastra Sunda heubeul. Munasabah mun generasi kiwari réa nu teu wanoh kana éta wangun sastra téh. Ngan, Cucu salaku pangarang ngaliwatan ieu buku katangén idéalisna pikeun nandeskeun yén wawacan téh penting dipikawanoh ku unggal jalma di saban mangsa, utamana urang Sunda. Atuh, pikeun ngahontal éta udagan téh teu gampang. Perelu cara nu teu biasa sangkan hasil pamaksudanana, di antarana ngarumajakeun wawacan luyu jeung kamekaran jaman. Tah,  numutkeun sim kuring mah Cucu geus hasil nyanghareupan éta hal, malah leuwih ti nu geus disebutkeun. Jeung deuih, mun niténan karya-karya sastra Sunda anu medal kiwari, asana mah arang pangarang anu nulis dina wangun wawacan. Boa ngan sa-Cucu-Cucuna. Pamungkas, mugia pamaca sadaya jembar haté, boh nu sapuk boh nu henteu kana sawaréh atawa sagemblengna ieu buku, tetep sapuk yén ketak jalma nu hayang ngamumulé tutungkusan karuhun pikeun minterkeun batur téh  kudu diajénan tur dibagéakeun ku balaréa. Reueus ku Cucu nu wantun ancrub kana sastra heubeul nu kiwari ampir-ampiran tinggal tutunggul. Mugi-mugi ku medalna ieu buku tutungkusan karuhun téh kapulasara tur dipikawanoh deui ku balaréa pikeun kajembaran basa ogé bangsa Sunda. Aamiin Ya Rabbal ‘alamin.

  • Dr. Hj. Titin Nurhayati Ma’mun, M.S., Ketua Manassa Jabar, Ketua Program Studi Sastra Arab Unpad