Carpon Dédé Syafrudin*
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)
Potrét dina bupét nu kacaangan ku lampu 5 watt, potrét Si Cikal. Diteuteup. Manis budak téh, nurun ka indungna, pangpangna lebah matana nu cureuleuk. Tangtu bakal loba budak lalaki nu kapincut. Bakal loba budak anu ngaheureuyan, anu pasang aksi hayang kataji ku manéhna. Enya siga indungna baheula. Gusti, disagigireun rasa sukur dipaparinan budak anu geulis, séhat, jeung pinter téh bet tumuwuh ogé kahariwang jeung karémpan. Inggis kuring teu bisa ngadidikna, inggis budak téh tisolédat kana jalan nu teu bener, nu mawa aéb. Ah, Naudubilahimindalik!
Kapireng hayam jago kongkorongok. Si pelung nu tatangga tangtuna gé nu kongkorongok téh. Tapi naha ber sisinarieun kongkorongok wayah kieu, lain wayah! Rét kana jam dingding, geus pukul satengah sawelas, budak téh can datang kénéh! Rét ka kamar, tina sela panto nu méléngé katémbong pamajikan keur andéprok luhureun sajadah, dua dampal leungeunna ditamprakkeun ka luhur. Tangtu manéhna keur neneda ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Si Cikal dijaga diriksa.
Alahbatan nanggeuy endog beubeureumna boga anak awéwé mah. Keur leutik dinangna-néngné, sagalana diperhatikeun, ditalingakeun. Lain ku nananon, ieu mah bisi manéhna ulin ka tempat anu pibahayaeun atawa nyonyoo barang anu pibahayaeun. Atuh dina manéhna boga kahayang atawa pangabutuh, ari aya duitna mah ku kuring teu weléh dipangmeulikeun, dicumponan. Batur loba nu ngomong gé cenah budak téh tong diogo teuing teu ieuh didéngé, da bari gé saha atuh nu teu hayang ngogo ka anak sorangan! Kanyaah téh teu ngurangan sanggeus adina gelar ka dunya. Tangtu baé teu ngurangan nyaah ka Si Cikal lain hartina kanyaah ka adina jadi kurang.
Ayeuna Si Cikal geus gedé, malah bisa disebut geus déwasa nilik kana umur mah, da geus kuliah tingkat hiji. Tapi rarasaan mah Si Cikal téh asa budak kénéh baé, kudu baé ditalingakeun kalawan ékstra. Keur leutik ditalingakeun téh bisi ulin di tempat pibahayaeun, ayeuna geus gedé inggis manéhna tisolédat kana jalan anu teu bener. Emh, kangaranan budak awéwé mah atuh da sakalina tisolédat milampah nirca téh sok ngabarérang ka saréréa, sok mawa aéb ka saréréa. Béda jeung budak lalaki, jeung adina.
Geus loba kajadian anu bisa dijieun conto. Mang Usén kapan nepikeun ka ngajual imahna terus pindah teuing ka mana pikeun nyingkahan kaéra lantaran anakna nu SMA kanyahoan beuteungna geus eusian. Anakna Pa Béni, kuliahna gé karék tingkat dua basa dikawinkeun ku bapana téh. Ceuk batur mah cenah anakna Pa Béni gagancangan dikawinkeun téh alatan kacilakaan. Padahal saméméhna Pa Béni mindeng ngomong anakna moal waka dikawinkeun saméméh jadi sarjana mah. Lebar ku pinterna, cenah, da éta wé ayeuna gé karék tingkat dua geus loba nu butuheun ku tanagana. Jadi panitia itu téa panitia ieu téa, nepikeun ka remen balik peuting, malah kadang-kadang mah Subuh.
“Apa, kunaon sih Pipit téh diperlakukeun baé siga budak alit? Unggal Pipit badé angkat pasti wé ditaros badé ka mana? Sareng saha? Uihna tabuh sabaraha? Ulah soré teuing nya!” mindeng Si Cikal protés siga kitu.
“Apa mah naros kitu téh, Pipit, dijurung ku nyaah ka nu jadi anak.”
“Muhun. Pipit tau Apa nyaah ka Pipit, tapi kan Pipit téh tos déwasa, udah jadi ma-ha-sis-wi! Pipit udah bisa ngejaga diri sendiri kok.”
“Apa ogé ngarti Pipit téh tos déwasa, tapi tetep wé Apa mah mindeng ngarasa hariwang lantaran Pipit istri.”
“Lho, mémang salah lamun Pipit jadi istri? Jadi pédah Pipit istri teras Pipit kedah diperlakukeun béda sareng pameget, sareng Si Adé? Apa sih dosa kaum wanita sampai harus mendapat perlakuan yang tidak adil seperti ini?”
Kuring nyéréngéh, kagugu ku omongan Si Cikal. Capétang budak téh, siga indungna baheula.
“Tuh nya, Si Apa mah Pipit nyarios téh kalah ka diketawain bukannya didengerin!”
“Néng-nong-néng!” kapireng sora jam dinding disada, sabelas kali! Si Cikal can datang kénéh!
Kuring cengkat, laju leumpag muru kamar. Kasampak pamajikan geus saré, ngaréngkol bari dimukena kénéh. Gancang disimbutan pamajikan téh, terus diambung taarna, lalaunan.
“Emh, Gusti…, muga-muga baé barudak anu gelar tina rahim ieu istri anu kacida soléhahna téh diparengkeun jadi barudak anu soléh.”
Kuring leumpang deui bada nutupkeun panto kamar, lalaunan, laju muru kamar Si Bungsu. Geus tibra budak téh, kérék bari nanangkeup buku Wiro Sableng. Sanajan Si Bungsu rada badeur siga karéréanana barudak pantaranana, tapi haté teu teuing hariwang, da lalaki ieuh! Béda jeung ka lanceukna!
Biasana mah Si Cikal balik kuliah téh soré kénéh. Balik ka imah terus nampeu hareupeun tv, atawa maca buku di kamarna. Tapi ayeuna, méh sabulan kadieunakeun manéhna jadi mindeng balik peuting. Saban poé budak téh ditanya naha bet balik peuting baé. Jawabanana téh ukur: nuju aya kagiatan di kampus, cenah. Kagiatan naon? Mun ku kuring ditanya kitu, manéhna sok kalah ka ngaringkeb manéh di kamarna. Sanggeus haben ditanya, bari satengah dipaksa kakara manéhna balaka, cenah ayeuna keur latihan téater, pementasanana sakeudeung deui jadi latihanana diintésnsipkeun!
Emh, Gusti. Teu apaleun Si Cikal mah kumaha hieumna dunya anu anyaran ku manéhna diancruban téh. Ya Alloh ya Robbi naon atuh dosa kuring nepikeun ka Si Cikal kalahka ngagugulung dunya nu modél kitu! Dicaram mah dicaram éta gé Si Cikal téh sangkan tong milu latihan deui. Tapi panyaram teu diturut. Manéhna kalah ngaluarkeun patwa Kahlil Gibran ngeunaan anak:
Anak-anak anjeun saéstuna lain anak-anak anjeun
Maranéhna téh anak-anak kahirupan nu teu weléh mikasono kana dirina sorangan
Maranéhna gelar ngaliwatan anjeun tapi lain ti anjeun
Sok sanajan maranéhna pagilinggisik jeung anjeun tapi maranéhna lain milik anjeun
Ka maranéhna anjeun bisa namplokkeun kanyaah anjeun, tapi lain pikiran anjeun
Lantaran maranéhna miboga pikiran maranéhna sorangan
Anjeun bisa nyengker raga-ragana di imah, tapi lain jiwa maranéhna
Lantaran éta jiwa-jiwa téh bumetah di imah baring supagi, nu can kungsi bisa dianjangan ku anjeun sanajan ukur dina impian
Anjeun bisa mirupa niron-niron kawas maranéhna, tapi ulah nyoba-nyoba ngajadikeun maranéhna kawas anjeun
Lantaran hirup mah henteu mundur, jeung deuih henteu aya dina wanci bihari
Anjeun téh gondéwa tempat anak-anak anjeun jadi jamparing anu hirup laju dibelesatkeun
Si tukang manah geus ngincer palebah kaabadian, ogé manéhna mentangkeun anjeun ku kakuatanana nepikeun ka jamparing téh bisa ngabelesat kalayan gancang tur jauh
Geura jadikeun éta tarikan leungeun si tukang manah téh minangka kagumbiraan
Lantaran basa manéhna miasih jamparing nu ngawang-ngawang, manéhna ogé miasih gondéwa anu geus ngabelesatkeunana kalayan satakerna
Najan Si Cikal kacida nerelengna ngaderes dalil ti ieu pilusup teureuh Libanon, kuring yakin manéhna tacan bener-bener ngarti kana hal-hal nu ku manéhna dicutat. Deuk bener-bener ngarti kumaha, tuda Si Cikal téh karék gé mahasiswi tingkat hiji. Héjo kénéh dina hirup mah, manéhna can apal pait peuheurna hirup. Can, budak téh can manjing jadi jamparing nu ngabelesat ngawang-ngawang pikeun néangan nasibna sorangan. Manéhna can apal mana jalan pisalameteun jeung mana jalan picilakaeun, masih kénéh kudu diaping ku kolot.
Putusan kuring tetep teu bisa dionggét-onggét: manéhna kudu eureun latihan! Enya budak téh nurut sanggeus dicarék ku nada nu keras mah. Manéhna tara balik peuting, mana kitu gé meureun tara latihan deui, tapi kalakuanana jadi robah. Unggal balik kuliah, soré-soré, manéhna langsung ngaringkeb di kamarna parat nepi ka isukna manéhna kuliah deui. Poho dahar, poho mandi. Meunang tilu poé gé geus katémbong awakna ngorotan jeung caludih. Nempo kitu-kitu teuing mah kuring gé teu téga. Antukna Si Cikal diidinan latihan deui najan haté mah teu weléh melang.
“Tréng…, kérékéééét…,” sada nu muka panto pager.
Geuwat kuring muru jandéla, noong ka luar. Horéng Si Cikal geus balik, jeung budak lalaki katingalina mah, ngan éta budak lalaki téh bet tuluy indit bangun nu rurusuhan.
“Tok tok tok tok…,” kapireng sora sapatu Si Cikal ngadeukeutan panto, terus manéhna ngetrokan panto lalaunan.
“Assalaamualaikum,” cenah, bareng jeung jam dingding disada dua belas kali!
Gancang kuring ngarampa stop kontak, ngahurungkeun lampu néon, laju mukakeun panto.
“Karék balik?!”
“Muhun.”
“Jeung saha?”
“Dianter ku réréncangan.”
“Mana?”
“Dipiwarang uih ku Pipit téh da karunya bisi diseuseulan ku Apa.”
“Emh…!”
“Apa…,” cenah, asa-asa. Leungeuna muka kantong, bangun aya nu ditéangan.
“Naon?”
“Pipit nemu…, eu…, nemu kliping téater anu dulu. Eu…, Pipit ogé nemu potrét Apa dina kliping. Apa, leres ieu téh poto Apa?” manéhna ngasongkeun lambaran kliping ka hareupeun kuring.
Emh, Gusti!
“Betul ini téh potrét Apa?”
Ku saliwatan ogé kuring apal éta potrét dina kliping téh mémang kuring. Kuring unggeuk.
“Hébat! Di sini disebutkan Apa téh, Dédih Bisana, seorang aktor dan sutradara berbakat! Diam-diam ternyata dulu Apa téh seniman. Apa, lamun Apa duluna seniman tentu Apa terang kana jiwa seni, kana perasaan seniman, tapi naha Pipit bet dilarang aktip dina kasenian?”
Budak téh ku kuring diteuteup, anteb.
“Apa?”
“Baheula Apa mémang aktip dina dunya seni, tapi ayeuna mah éta dunya téh geus ditinggalkeun, disingkahan, dijauhan! Ayeuna mah Apa teu hayang kulawarga Apa, turunan Apa, deukeut-deukeut deui kana éta dunya!”
“Why? Pipit hoyong tau alesanana, ceritana. Please!”
Gusti, asa beurat kudu nyaritakeunana, jeung deuih bingung kudu ti mana ngamimitianana.
“Please!”
“Pipit, Geulis, aya kajadian anu geus lila pisan ku Apa disidem, malah indung hidep gé teu nyahoeun. Lila pisan! Ayeuna ku Apa rék dicaritakeun ka hidep ngarah hidep ngarti. Baheula, saméméh Apa panggih jeung indung hidep, Apa kungsi wawuh jeung hiji mojang. Sakanyaho Apa mah manéhna téh awéwé bageur, awéwé bener. Ngan baé kadieunakeun….”
“Kadieunakeunana kumaha?”
“Manéhna jadi unggah adat, kalakuanana jadi robah! Manéhna jadi bébas gaul jeung lalaki, bébas pagilinggisik jeung lalaki, mondok moék di tempat lalaki anu lain muhrimna! Ya Alloh…! Satuluyna mah meureun ku Pipit gé geus kajudi kajadian naon anu tumiba ka éta mojang. Sakanyaho Apa mah éta mojang kalakuanana jadi kitu téh sanggeus manéhna aktip di hiji grup kasenian. Sanggeus péntas ka ditu ka dieu, ka daérah itu daérah ieu! Apa mah sok mangkarunyakeun ka kolotna. Mangkanig kolotna téh kacida neundeun harepanana ka manéhna téh! Tah, Pipit, Anaking ti harita Apa mimiti ninggalkeun dunya seni.”
“Oh.”
“Sanggeus Apa papanggih jeung indung hidep, éta dunya téh bener-bener dipupus tina uteuk jeung jiwa Apa. Kahayang Apa mah kulawarga, anak-anak Apa, komo awéwé mah, ulah deukeut-deukeut deui kana éta dunya!”
Si Cikal katangén olohok ngabandungan dongéng ti kuring téh.
“Apa,” cenah, lalaunan, “lamun Pipit resep kana seni berarti sanés salah Pipit lantaran aya darah seni ti Apa anu ngalir ka Pipit. Tapi, Apa, sanaos Pipit aktip dina kasenian Pipit jangji moal siga taeun Apa.”
“Taeun naon?”
“Iya, gadis yang dulu Apa kenal. Pipit jangji badé kukuh ngajaga diri, ngajaga kahormatan diri Pipit, kahormatan Apa, sareng kahormatan kulawarga. Swear!”
“Sukur.”
“Ayeuna Pipit pamit badé bobo.”
“Geus solat Isa?”
“Oh muhun, hilap.”
“Solat heula atuh, Geulis!”
“Okéy!”
Kuring neuteup tonggong Si Cikal anu ngalanggéor muru kamar mandi, “Emh Gusti, daék teu daék budak téh bakal nepi ka mangsana jadi jamparing anu ngabelesat ka awang-awang pikeun néangan nasibna sorangan, teu bisa dihalang-halang. Gusti, pangjaga-pangriksakeun Si Cikal. ***
Nop ‘99