Manéhna Lain Musa

oleh -467 views

Carpon Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)

Mimitina mah manéhna kosong. Teu mikir nanaon, teu miharep nanaon. Manéhna ukur ningali, ngadéngé, jeung ngarasakeun. Sakitu.

Saban poé, tina sela-sela gedong pencakar langit teu weléh katémbong langit anu kalan-kalan hideung kalan-kalan kulawu. Lamun langit keur kulawu, manéhna engeuh tangtu langit téh bakal ngaragragkeun jutaan keclak cai saperti awéwé nu dina hiji poé kungsi katingali ku manéhna keur ngaragragkeun cimata tina juru-juru matana. Lamun warna langit keur hideung, manéhna sok rajeun ningali cahaya nu kalan-kalan buleud, kalan-kalan satengah buleud, malah mah kalan-kalan ngan saukur gurat anu melengkung. Éta cahaya téh teu weléh dibaturan ku cahaya-cahaya lian anu laleutik. Cahaya-cahaya anu ngagantung di langit téh leuwih éndah batan warna-warni lampu di gedong pencakar langit jeung mercury di sisi jalan.

Manéhna ogé ningali manusa-manusa anu balawiri ti isuk jedur nepi ka soré jedér, malah mah nepi ka tengah peuting. Éta manusa téh ngaluarkeun sora-sora saperti ngagorowok, ngajerit, nyakakak, ngageunggeuik, ngagerendeng, jeung sora-sora lianna. Maranéhna, manusa-manusa téa, kudu baé nungkup liang irungna lamun ngaliwat ka deukeut manéhna. Tina sakabéh éta, pamandangan jeung sora anu paling dipikawanoh ku manéhna nyaéta sora ratusan, malah mah rébuan, laleur anu terus-terusan ngagembrong manéhna, ngenyotan manéhna. Sora laleur-laleur leuwih gandéng ti sora kandaraan anu unggal poé pasulabreng bari ngaluarkeun sora-sora nu teu puguh déngékeunana. Sora laleur-laleur téh leuwih mirip sora témbakan ti pasukan berseragam anu sababaraha kali ku manéhna katingali keur adu hareupan jeung kelompok pamuda anu ngacung-ngacungkeun poster.

Manéhna mimiti robah basa dina hiji poé aya treuk runtah eureun deukeut manéhna, laju namplokkeun muatanana. Aya kopéah kabalangkeun ka gigireunana.

“Wilujeng sumping,” ceuk manéhna ka éta kopéah.

Si Kopéah imut, “Nuhun.”

“Geus lila di dieu?” ceuk Si Kopéah deui.

“Lumayan…. Ti mana asal anjeun?”

“Mimitina mah kuring téh milik saurang guru agama,” témbal Si Kopéah, “Kuring ampir tara leupas tina mastakana. Sanggeus anjeunna tilar dunya, kuring disimpen di gudang salila mangtaun-taun. Kamari, basa incuna éta guru agama ngaberesihan gudangna, kuring dibalangkeun kana wadah runtah….”

Si Kopéah ngadongéngkeun rupa-rupa pangalamanana, manéhna ngadongéngkeun pangalamanana ngabaturan guru agama, dununganana, ti ngora nepi ka kolot, nepi ka éta guru agama téh ninggalkeun alam dunya. Dununganana téh guru agama nu kakoncara. Manéhna mindeng indit-inditan ka luar kota, malah mah kaluar nagri ogé sok aya nu ngondang ukur keur ngajar agama. Éta guru agama kacida dipikacintana ku umatna, dihormat, jeung dipikasérab ku pangawasa…. Hiji mangsa, manéhna dibéré perusahaan ku pangawasa nagri. Manéhna ngokolakeun perusahaanana kalayan tekun. Manéhna mimiti loba gaul jeung para pengusaha, ogé jeung para sélébritis. Pa Guru Agama téh mimiti diajar kiat-kiat bisnis ti para pengusaha. Anakna anu keur nungtut élmu di hiji lembaga pendidikan agama ku manéhna ditarik, diwawuhkeun ka para pengusaha, jeung otomatis deuih ka para sélébritis. Waktu keur ngajar agama beuki ngurangan. Ti harita, Si Kopéah leuwih mindeng aya dina juru lomari tibatan dina luhureun embun-embunan Pa Guru Agama. Pa Guru Agama téh jadi pengusaha sajati. Lila-lila mah manéhna mopohokeun ogé dipopohokeun umatna….

Tapi nu paling kataji ku manéhnna tina caritaan Si Kopéah téh dongéng ngeunaan Nabi Musa. Nyaéta dongéng ngeunaan orok anu dipalidkeun ka walungan ku Ambuna pikeun nyingkahan balai ti jalma-jalma anu hayang nyilakakeunana. Éta orok dipalidkeun ku Ambuna kalayan dijajap ku kanyaah jeung du’a-du’a.

“Caritakeun ngeunaan Ambu!” cenah, dina hiji poé.

Si kopéah cicing, teu ngomong nanaon.

“Hayoh, geura caritakeun…!”

“Ambu téh…,” tungtungna mah Si Kopéah nyoara, “Nyaéta awéwé. Manéhna ngagelarkeun anak, nyusuan, ogé ngagedékeunana ku kanyaah anu taya hinggana. Ambu téh lautan kanyaah….”

“Jadi Ambu téh awéwé?”

“Enya.”

“Kawas kumaha awéwé téh?”

“Awéwé téh….”

“Kawas kumaha?”

“Manéhna leuwih halus batan lalaki, buukna panjang, imbitna ageung, jeung dadana badag…. Emm, tapi ayeuna mah loba awéwé anu kasar jeung buukna tukung kawas lalaki. Anu ngabédakeun awéwé ti lalaki ukur dadana anu badag, nyeungseung, ngagulantung. Jalma-jalma mindeng nyebut kana dada awéwé téh buah dada, atawa susu, atawa pinareup. Éta buah ngaluarkeun cisusu. Cisusu téh kadaharan anu mimiti asup kana beuteung hiji anak basa manéhna gubrag ka alam dunya. Susu Ambu huluwotan sagala kanyaah di ieu dunya!”

“Naha unggal mahluk boga Ambu?”

“Unggal nu dilahirkeun tangtu boga Ambu.”

“Lamun kitu, di mana atuh Ambu anjeun?”

“Ambu kuring?” Si Kopeah malik nanya.

“Enya.”

“Kuring teu boga Ambu. Kuring mah barang lain mahluk hirup. Kuring dijieun ku manusa tina barang nu teu nyawaan. Kuring teu digelarkeun tina rahim, jadi kuring teu boga Ambu.”

“Lamun kuring? Naha kuring digelarkeun tina rahim?”

Si Kopéah neuteup seukeut ka manéhna….

“Enya,” témbalna.

“Jadi kuring boga Ambu?” tanyana deui.

“Enya, tangtu baé.”

“Anjeun nyaho di mana Ambu kuring?”

“Kuring?” ceuk Si Kopéah, “Tangtu baé henteu. Basa kuring dibalangkeun ka dieu, anjeun geus aya di dieu. Jadi kuring mah teu nyaho sajarah anjeun, saha Ambu anjeun.”

“Tapi bener kan kuring boga Ambu?”

Si Kopéah neuteup deui. Aya éksprési kaprihatinan dina paromanna, “Anjeun mahluk anu lahir tina rahim. Kuduna mah anjeun boga ambu. Tapi anjeun can waktuna kaluar tina rahim Ambu anjeun. Anjeun masih kénéh janin! Kuduna mah anjeun téh masih kénéh tibra dina jero beuteung Ambu anjeun. Teuing naon anu ngalantarankeun manéhna ngaluarkeun anjeun tina rahimna tuluy dipiceun ka ieu wadah runtah.”

“Jadi kuring ngahaja disimpen dina ieu wadah runtah ku Ambu kuring?”

“Meureun.”

“Ceuk anjeun Ambu téh lautan kanyaah?” manéhna terus-terusan nanya.

“Enya,” témbal Si Kopéah, “Tapi loba paktor anu ngalantarankeun lautan téh ngaheureutan.”

“Teu ngarti kuring mah.”

Loba alesan anu ngalantarankeun hiji Ambu teu bisa némbongkeun kanyaahna. Bisa baé manéhna ngagugurkeun kandunganana lantaran alesan kaséhatan, atawa keur nyingkahan aéb lantaran pasanganana mangkir tina tanggung jawab. Atawa mungkin baé lantaran kamiskinan Si Ambu ngusir atawa miceun anakna, atawa….”

“Lantaran aya bahaya nu ngancam anakna nya pikeun nyalametkeunana Si Ambu kapaksa malidkeun budakna…,” manéhna motong kalimah Si Kopéah, “Saperti dina dongéng Nabi Musa.”

“Enya.”

“Jadi sakabéh Ambu pasti kacida mikanyaah anakna?”

“Eu…, eu…, enya….” témbal Si Kopéah, asa-asa.

“Lamun kitu, Ambu kuring pasti bakal datang deui ka dieu. Nyieuhkeun laleur-laleur anu ngagembrong kuring. Ngaluarkeun kuring tina kantong plastik hideung anu ngabulen kuring. Kuring téh tangtu bakal diais, diéyong-éyong. Sakabéh kanyaahna bakal ditamplokkeun ka kuring….”

Si Kopéah neuteup ku sorot mata anu ngahelas.

“Kuring bakal panggih jeung Ambu kan, saperti Nabi Musa anu panggih deui jeung Ambuna?”

“Tapi anjeun lain Musa…! Anjeun mah ukur janin!”

“Tapi tetep kuring bakal panggih jeung Ambu kan?”

Si Kopéah ngabetem, teu ngajawab, leuwih tepatna mah teu tégaeun ngajawab pananyana.

Manéhna terus-terusan nanya. Si Kopéah angger ngabetem. Nepi ka dina hiji poé Si Kopéah dipulung ku galandangan anu kabeneran ngaliwat ka dinya. Tinggal manéhna cuang-cieung sorangan. Manéhna sibuk mikir jeung ngabayangkeun rupa Ambu saperti nu didongéngkeun ku Si Kopéah…. Manéhna teu weléh miharep Ambuna bakal datang manggihan manéhna, mawa indit ninggalkeun éta wadah runtah.

Hiji poé aya anjing nu karak hudang ngajuru—susuna nyeungseung, tinggulantung pinuh ku cisusu—umba-ambeu ngadeukeutan manéhna. Rébuan laleur héjo rabeng haliber bari ngaluarkeun sora saperti sora témbakan. Basa éta anjing téh ngagégél kantong plastik hideung anu ngabulen manéhna, tuluy digusur ngajauhan wadah runtah, manéhna kacida gumbirana….

“Ambu? Ambu…,” cenah.

Bandung, 2000