Runtah

oleh -752 views

Carpon Taufik Rahayu*
(Sastrawan, Wartawan, & Dosén)

Saeusi nagara geunjleung. Di unggal juru ra’yat baruntak. Nu jadi jejer euweuh deui iwal runtah. Runtah nu nyayeud ngalaputkeun nagara. Runtah nu ngahunyud di puseur pamaréntahan, pabalatak di puseur dayeuh, di imah-imah sigrong, di unggal kantor, di kota-kota, tuluy sumebar ka pilemburan.

Bau runtah mabek dina ranggeuman wanci. Geus jadi karisi mangpirang-pirang umat. Jadi werejit pikeun jalma hanaang kakawasaan. Jadi baruang ngabayabah nerekab di mana-mana. Bau, mabek, buruk, rujit rujit rujit.
*
Duka ti mana holna, nyaho nambru waé di buruan. Runtahna rupa-rupa pisan. Ti mimiti kalakay, sésa-sésa dahareun, barang-barang nu teu kapaké, jeung palastik. Kabéhanana pacampur ngaleuya di buruan. Di jero imah malah leuwih loba, runtah ngalayah méh di unggal juru. Di kamar, di dapur, di tepas. Matak sareukseuk katénjona.

Disapuan mah disapuan éta ogé, unggal usik unggal isuk. Tapi nya kitu téa, anjing menggonggong kapilah berlalu. Nu sasapu-nu sasapu, runtah-runtah beuki nyayeud.

Di buruan aya tangkal buah. Dahanna ngaroyom ngahieuman imah, rada kaharti mun unggal isuk bala mah. Tapi nu matak teu kaharti téh éta jolna runtah palastik, dahareun penyésaan, barang nu teu kapaké, jeung runtah-runta nu lianna? Da rarasaan téh asa leuwih loba runtah nu kituna tibatan kalakay mah. Di buruan, di tepas, komo di kamar mah, geus waé badis TPA.

Sakapeung asa hémeng kana runtah nu nyayeud di buruan téh. Ti mana asalna geura? Da kuring mah mun pareng tas barang dahar téh teu weléh bérés. Runtah jeung sésa-sésana teu burung diasupkeun kana wadah runtah nu geus disadiakeun. Tapi ari nénjo buktina nampeu na kongkolak panon mah, kuring teu bisa majar kumaha. Ukur bisa ngusap dada.

“Disapuan sapoé lima kali, moal bala teuing geura.” kitu usul manéhna nu harita sok dijadikeun tempat pikeun mangadu ku kuring.

Nyobaan kuring kana saran Manéhna, sapoé lima kali disapuan. Mimiti sasapu téh tengah poé éréng-éréngan, bubuhan gawé keur jam istirahat. Bukti pisan omonganana. Runtah téh teu ngaleuya teuing cara saméméhna. Kira-kira wanci panon poé lingsir ngulon, gura-giru kuring sasapu deui. Tétéla bukti deui waé, runtah beuki saeutik. Satuluyna mah sasapu maneuh unggal poé lima kali. Ditambah wanci harieum beungeut, saméméh reup saré, jeung mangsana balébat subuh.

Rebun-rebun kuring hudang. Ngahaja hudang téh nyubuh pisan, hayang pangheulana beresih sangkan buruan jadi lening. Supaya teu kapiheulaan ku tatangga. Pareng panonpoé haneut moyan téh kari ngahenang-ngahening nyanghareupan kopi jeung koran. Buruan, kamar, dapur, saeusi imah jeung buruan raresik.

“Wah, hébat buruan Juragan Karsa mah, lening jeung raresik kitu, asa kabita da…,” pasti da kitu omongan tatangga téh. Berkah geuning sasapu lima poé sakali mah. Meujeuhna mun ditumanan sasapu samodél kieu mah.

Poé ganti poé, kana sasapu beuki suhud. Malah sabulan sakali mah sok dikorédan buruan téh. Jujukutan jeung lulukutan nu ngotoran buruan jeung témbok ogé sarua. Nepi ka akar-akarna dibasmi. Geus kitu jeroeun imah mah, dipél, dibérésan, ditundaan panyeungit ruangan, matak betah waé ayeuna mah.

Tapi aya nu matak héran, sok sanajan unggal poé di beresihan nepi ka lima kalina. Runtah angger aya. Enya ogé teu pati loba jeung nyayeud pisan cara harita, tapi da angger matak sareukseuk. Ari kahayang mah unggal sasapu téh tong kudu nyapukeun runtah, cukup kekebul waé.

Lila-lila mah kaluman nénjo runtah saeutik ogé. Asa kaganggu, da ari kahayang mah buruan jeung imah téh bener-bener lening. Ulah rék dieunteupan ku kalakay salambar ogé. Pokona mah sing dijauhkeun tina rupaning runtah. Hayang bener-bener kaciri clik putih clak hérang téh enya.

Wanci sapertilu peuting, rerencepan nepungan Manéhna. Kuring rambisak nyuuh dina lahunanana. Ngabudalkeun deui sagala bangbaluh nu teu weléh jadi karisi na diri.

“Jisim abdi téh masih kénéh kirang sugema kana sagala nu tos dilakonan. Atos ngajalankeun sagala saran salira; lima kali dina waktos sapoé sapeuting imah sareng buruan téh disapuan. Tapi angger waé runtah téh aya. Saleresna mah henteu patos seueur, tapi da tetep asa janten bangbaluh sareng teu merenah katawisna. Bongoh saalit, runtah téh geus nyayeud deui waé. Pangpangna mah deuih teu raos ku tatanggi nu lir cakcak bodas, asa teu weléh diperhatoskeun waé ieu laku lampah téh.” teu karasa cimata ngalémbéréh ngabanjiran peuting.

Manéhna ukur imut, tuluy narik napas panjang. Teu burung méré bongbolongan waé ka kuring, “Salila kumelendang di alam dunya mah, runtah moal bisa dipisahkeun jeung hirup huripna urang. Éta mah kantun urang nu bisa ngatur-ngaturna. Runtahna nu ngabalaan jeroeun imah jeung buruan téh rupa-rupa pisan. Aya nu loba, aya nu saeutik, aya nu jeung bauna, aya ogé runtah nu hésé diberesihanana.”

Antaré pisan Manéhna cumarita, bari teu eureun-eureun ramona mah mindah-mindahkeun siki tasbé. “Sasapu lima kali dina sapoé sapeuting mah geus jadi kawajiban nu teu meunang ditinggalkeun. Ngan mun kamar, tepas, buruan hayang bener-bener bersih, lening jeung suci. Paluruh naon-naon waé sumberna nu ngajanggélék jadi éta runtah.” Uleng mikiran sakedapan, parat nepi ka subuh teu bisa meureumkeun panon. Nangtung dina golodog, rét kana tatangkalan nu ngahieuman buruan. Karék engeuh di buruan téh mémang loba tangkal-tangkal nu jadi sumber runtah. Nu antukna kalakayna ngabalaan imah jeung buruan. Paingan waé runtah téh teu weléh nyayeud saban poé.

Tangkal buah ieu nu jadi sumber runtah téh. Salian ti éta, aya ogé kekembangan nu mérés ngajalajar. Panjang lalakonna éta kekembangan téh, hésé béléké ngalana ogé.

Kembangna rupa-rupa; aya kembang eros, kembang dahlia, kembang bungur, kembang malati, angkrék, jeung kembang-kembang lianna, nu seungit ngadalingding matak kapéngpéongan sing saha waé nu ngambeuna.
Ckckkkck, paingan….

Senén isuk-isuk, ngahaja bolos gawé. Ti peuting kénéh geus saged. Rék nuaran sagala sumber runtah nu jaradi di buruan, geus kaluman ku runtah. Rék ditumpes nepi ka akar-akarna. Geus panceg paniatan. Ti poé ieu ka hareup sangeuk wawuh deui jeung runtah.

Di buruan buah téh keur meujeuhna meuhpeuy baruahan, dahan-dahanna daroyong beurateun ku buah. Meujeuhna garumading, matak uruy sing saha waé nu nénjo. Bedog nu ngagantung dina cangkéng bet jadi beurat, talina pegat saharita. Bedog ragrag kana lemah. Sajorélat kuring geus nérékél kana tangkal buah. Karasa kareueut pisan, ngageleser ngaliwatan genggerong.

“Piraku rék dituar, sakieu kareueutna. Da ari kudu meuli ka pasar mah sabarahaeun cobi?” sora angin ngaharéwos halon.

Burudul kalakay ngabarak di buruan, tuluy paheula-heula arasup ka jero imah, ngaleut kana lomari, kamar, goah, dapur, ngaleuyah di mana-mana.

“Sing émut kapungkur waktos palay ieu bibit buah téh. Geuning tuang rama mani dugi ka tutumpuran. Séép sawah séép kebon, pon kitu deui ingon-ingon apan dugi ka ludes. Asa piraku ayeuna sabada masihan hasil nu mucekil rék dimomorékeun. Lebar atuh juragan,” haréwos angin deui-deui ngageterkeun paniatan.

Burudul kalakay ngabarak di buruan, ngaleut ngabandaleut arasup ka jero imah. Minuhan lomari, kamar, goah, dapur, ngaleuyah di mana-mana.

Rét kana kekembangan nu aréndah. Bedog beuki jauh kabawa hiber ku angin. Kekembangan ngajalajar éndah mapaésan buruan. Aya kembang eros, dahlia, bungur, malati, angkrék, jeung kembang nu lianna.

Kembang malati dipetik. Anyar melak kembang nu ieu mah. Seungitna ngadalingding nyulusup kana pangambung. Tuluy ngajak lunta ka tengah peuting jempling. Mangsa tiris, ngagojod di pangkéng paduduaan. Kembang malati diusapan, daunna maluguran taya hahalang, taya aling-aling. Diteuteup seukeut. Kembang ligar, tuluy layu jadi runtah nu nyayeud di saeusi kamar. Sulusup angin mubus kanu jandéla kamar, ngaharéwoskeun haroshos bareng jeung malati nu nyangsaya teu walakaya.

“Piraku ieu kembang rék ditumpurkeun. Sakieu éndahna, sakieu lucuna, sakieu manisna…, henteu lebar kitu Jungjunan? Atuh upami dipiceun mah moal aya déui nu maturan peuting-peuting salira téh,” burudul runtah ti lalangit kamar, ngagebrét lir cihujan nu digebrokeun ti langit, maruragan beuki kerep. Malati nyangsaya di tungtung peuting, runtah-runtah beuki nyayeud di kamar.
***
Isuk-isuk kagareuwahkeun ku jalma-jalma nu pating jorowok di buruan. “Sia pejabat korup! Sia tukang lacur! Sia jalma harak! Kaluar sia kaluar sia kaluar sia …” sora-sora tingjorowok ayeuh-ayeuhan minuhan ceuli. Kuring tibuburanjat hudang, roroésan dina ranjang, nyieuh-nyieuhkeun runtah nu ngaruag awak.

Pikiran mingkin kaweur. Di luar, jalma beuki ngangsreg ngeundeuk-ngeundeuk panto pager. Kaluar ti kamar lir hanjat tina lombang runtah. Di tepas leuwih parna deui, nu katénjo di tengah imah lir sagara runtah, nyayeud jeung mabek. Nu tingjorowok beuki éar, sagara runtah di tengah imah diojayan. Geus tepi panto tepas gura-giru muru buruan.

Jelema nu ayeuhan-ayeuhan beuki loba. Panonna baruringas. Peureupna diacung-acungkeun. Gura-giru nérékél kana tangkal buah, dipupu kabéh. Geuwat dibagi-bagikeun ka jalma-jalma nu lir maung bayangan. Ngan orokaya buah béak, maung angger lapareun. Jalma beuki loba daratang ti unggal madhab, tina bahamna teu eureun-eureun nyupata kuring. Panto pager jebol. Aleutan jalma lir tsunami nu nguwak-ngawik sagalana. Neumbrag awak, neumbrag imah, neumbrag tangkal buah, neumbrag kekembangan.

Sagalana saharita musna, nu katémbong ukur lautan runtah nu nyayeud dina kongkolak panon. Ngalaputkeun sirah.
***
Rada raresik ayeuna mah. Sok sanajan awak kaambeu bau kénéh. Tapi teu nanaon. Ukur bau sauetik mah wajar. Ayeuna mah, tengah imah katangénna lalening. Kamar, goah, dapur jeung buruan pon kitu deui. Tina bangbarung katémbong lénglang taya aling-aling. Jukut héjo ngampar sapanjang teuteup.

Ieu meureun sawarga téh, kuring ngarasa lugina. Nanghunjar nyalsé. Asa betah pisan cicing di tempat anyar téh, matak ningtrimkeun haté. Sok sanajan moal ngasaan deui kareueutna buah katut seungitna kekembangan. Tapi teu nanaon, nu penting jauh jeung runtah.

Ieu geuning jalan hirup nu salila ieu ditéangan téh. Bisa leuwih tumaninah dina unggal léngkah. Sasapu lima kali sapoé ulah tepi ka kaliwat. Mireng umur nu geus tunggang gunung, teu petot-petot neneda ka Nu Kagungan Raga. Tong kudu pinanggih deui jeung nu ngaranna runtah. Palias istana, istana palias. Bararaid teuing, sing dijauhkeun.

Sarigsig beusi teu matak ngurungan haté keur kuring mah. Nu puguh asa mangrupa talaga, nu unggal poé teu lantis-lantis meresihan runtah nu minuhan haté, awak, kamar, tepas, imah, buruan, jeung sagalana.

Moal, moal rék diceungceurikan, moal rék dipaké kaduhung. Nu aya kuring neneda sukur ka Sang Jatinistemen ku ieu padumukan anyar. Keun waé ieu tempat téh jadi padumukan panungtung kuring. Teu hayang deui ingkah, teu hayang deui ngejat. Keun waé sugan ieu jadi panebus laku lampah kuring katukang-tukang nu pinuh ku runtah. ***

Cisompét, bulan kaopat 2011

*Kungsi dimuat di majalah Manglé nomer 2323 taun 2011