Éséy Dédé Syafrudin*
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)
Adam anu kapincut bada neuteup Hawa antukna bisa kaolo, mipit buah kholdi. Ti wangkid harita Adam katut rundayanana, umat manusa, kudu tetep tumetep di alam dunya. Nya ti harita, séksualitas jadi masalah pikeun umat manusa. Habil nu maténi Qobil ogé pan alatan séksualitas, éta kajadian jadi rajapati munggaran di alam dunya. Najan kitu, birahi mah pimanaeun bisa dipareuman, lantaran manusa kudu terus ngagelarkeun rundayanana pikeun terus ngajegkeun éksisténsina minangka kalipah di ieu dunya.
Séksualitas téh jadi salah sahiji sisi kahirupan anu raket patalina jeung kahirupan manusa. Atuh teu ahéng lamun susila, agama, jeung hukum terus-terusan ngatur éta hal. Kitu ceuk MAW Brouwer.
Susila (norma), agama. Katut hukum téh mangrupa rambu-rambu pikeun naon anu meunang jeung naon atu teu meunang dina patalina jeung séksualitas. Lamun manusa taat kana éta rambu-rambu, tangtu moal panggih jeung masalah. Tapi lamun ngarempak, manéhna tangtu bakal tisolédat kana kanistaan.
Baruang ka nu Ngarora (BKN) minangka novél Sunda munggaran (1914) gé dina enas-enasna mah merkarakeun hal anu disebutkeun di luhur. BKN nyaritakeun kahirupan rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah anu burakrakan alatan ayana pihak katilu. Ujang Kusén nu ngarasa harga dirina dileleyek lantaran pamajikanana kabur jeung lalaki lian (Aom Usman) ngabangbalérkeun rasa kuciwana ku jalan lacur gunta-ganti pasangan, jeung ngadu, anu tangtu baé ahirna mah ngancurkeun hirupna sorangan. Kitu ceuk éta carita anu ditulis ku D.K. Ardiwinata.
Pon kitu deui Lain Éta karya moch. Ambri (1950). Néng Éha nepi ka luluasan abur-aburan tibatan kudu hirup jeung lalaki anu teu dipikacintana. Néng Éha leuwih milih minggat ninggalkeun salakina, ninggalkeun bapana nu ngawinkeun dirina sacara paksa. Néng Éha ngawujudkeun “pemberontakanana” ku jalan mabur ti salakina, laju hirup saiimah jeung lalaki lian bari jeung henteu ditalian ku nikah, alias kumpul kebo.
Tétéla séksualitas téh bisa ngarobah sipat jeung kahirupan manusa. Manusa anu ditolak sacara séksualitas sarua hartina jeung diruntuhkeun éksisténsina. Manéhna, anu diruntuhkeun éksisténsina, sok rajeun kumareumbing ka saha bé, kana naon baé. Jang Amin dina novél Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati (ABS) karya Ahmad Bakri (1988) nu tadina pamuda bageur robah jadi pamuda lacur, ngabar birahi ka saban awéwé alatan beubeureuhna kawin ka nu lian. Amin teu eureun-eureun néangan cintana ka nu lian.
Sikep masakarat kana séksualitas, pangpangna mungpangna kana norma-norma jeung hukum séksualitas, antara awéwé jeung lalaki mindeng karasa béda. Aam Amilia dina novél-novélna sering masualkeun éta hal. Malah dina Tempat Balabuh (1994) mah éta hal téh divérbalkeun pisan ngaliwatan tokoh Wawat: “Bener cék kolot, lalaki nyieun codéka dunya daék kénéh ngahampura, dunya bisa kénéh seuri. Tapi sakali awéwé nyieun codéka, dunya téh ceurik saendeng-endeng. Geus taya deui geusan nincak, buktina tumiba ka diri sorangan.” (ilikan kaca 27).
Wawat téh urut ungkluk anu babalik pikir sarta boga niat balik deui ka masarakat anu “beresih”. Tapi masarakat geus teu bisa narima manéhna. Awéwé nu geus ragrag kana jungkrang kahinaan bakal hina salawasna. Geus taya tempat geusan tobat. Éta kanyataan ngalantarankeun Wawat kapaksa balik deui ka dunyana anu “kotor”, jadi ungkluk deui.
Béda pisan jeung tokoh Amin dina ABS, masih kénéh aya tempat keur Amin balik deui kana jalan anu bener sabada kalangsu nganteur birahi. Najan ahirna Amin kudu nemahanpati dipaténi ku jalma anu dengdem ka manéhna. Tapi manéhna masih kénéh bisa ngarasakeun nikmatna nété deui jalan anu bener. Masarakat bisa kénéh ngahampura dosa-dosa Amin anu geus kaliwat.
Sikep toléran masarakat kawas kitu, bisa baé lantaran Jang Amin téh lalaki. Béda deui lamun Jang Amin awéwé saperti Wawat. Katingalina mémang teu adil, tapi da kitu kanyataanana. Rupana baé Hawa masih kénéh mindeng disalahkeun lantaran geus ngagoda Adam pikeun mipit buah kholdi.
Séksualitas téh ésénsi kahirupan manusa, jalan anu tungtungna nyagak dua: sawarga jeung naraka.***
*Catetan rédaksi:
Ieu seratan kungsi dimuat dina majalah Manglé nomer 178. Kénging ngaropéa tina seratan nu judulna “Ngarérét Séksualitas Novél Sunda”, pinunjul ka-3 Pasanggiri Kritik Sastra D.K. Ardiwinata taun 2001.