Tapak Lacak Duduh Durahman

oleh -221 views
Sawala di Perpustakaan Ajip Rosidi harita

NGAGUAR tapak lacak Duduh Durahman di Perpustakaan Ajip Rosidi, Jl. Garut No.2 Bandung, Saptu (28/5/2016) lir dangiang nu hibar. Kajembaran Sastra Sunda teu pukah jeung ketak Abah Duduh Durahman.

Basa nyepeng kalungguhan Redaktur Majalah Manglé, pirajeunan mairan karya-karya anu dimuat. Catetan-catetan Duduh Durahman laju dibukukeun, di antarana waé Catetan Prosa Sunda (1984), Sastra Sunda Sausap Saulas (1991), lian ti ngumpulkeun carita pinilih Petingan (1983). Tur babarengan jeung Abdullah Mustappa, diwewegan ku Karno Kartadibrata, nyarungsum Sawidak Carita Pondok (1982).

Lian ti nulis dina basa Sunda, karangan Duduh Durahman sumebar di sababaraha média basa Indonesia. Remen dimuat dina Pikiran Rakyat jeung Kompas. Pirajeunan ogé narjamahkeun carita pondok tina basa Inggris kana Sunda, lian ti ngaguar pilem, boh nu anyar boh nu geus lawas, boh pilem Indonesia boh pilem deungeun.

Kaparigelan ngiritik pilem dibuktikeun ku anugrah Pinunjul I nulis kritik pilem dina raraga Féstival Filem Indonesia (FFI) taun 1990. Lamun nulis kritik pilem, Duduh Durahman salawasna dibarengan ku data anu lengkep.

Ti taun 1981 ogé Duduh Durahman geus jadi girang pangajén FFI. Pon kitu deui di Bandung, aktif jadi panitén. Unggal taun icikibung di Grup Pengamat Filem Bandung ngilu niténan pilem nasional ngimbangan hasil pangajén juri FFI anu resmi.

Ti saprak Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS) — ti wangkid taun 1990 — sok masrahkeun hadiah ka para pangarang Sunda, Duduh Durahman teu weléh kapeto jadi girang pangajénna.

Munasabah lamun taun 1993 Duduh Durahman kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé, minangka dianggap nu gedé jasana kana kamekaran kasusastraan Sunda. Pon kitu deui, Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PPSS) nu diluluguan ku Cecep Burdansyah, ngabagéakeun pameredih para pangarang nu mikatineung Duduh Durahman ku jalan gelaring buku Tapak Lacak Duduh Durahman.

Tangtungan Duduh Durahman éstuning pikareueuseun. Nembrak basa panumbu catur Teddi Muhtadin nyindékkeun kamandang Abdullah Mustappa, Maman MS, Elin Syamsuri, jeung Eddy D. Iskandar.

Leuwih ti 20 taun ka tukang. Kuring kungsi jadi kulawadet Majalah Manglé, nalika girang rumpaka dicangking ku Kang Karno Kartadibrata. Harita Kang Duduh Durahman manco ngaroris carita pondok jeung rinéka sastra lianna, muateun dina majalah panglipur basa Sunda hiji-hijina saalam dunya. Ras basa kapapancénan nyusul tepus “bursa seks di Pantura”. Reuwas kareureuhnakeun, kukurusukan ka tempat anu hara-haraeun.

Kang Duduh Durahman salahsahiji anu ngabagéakeun. Nepi ka ditulis dina rohang rédaksi sacara husus. Teu nyangka, nu katémbongna lungguh kawas kuring daék apruk-aprukan ka tempat anu cipruk ku birahi. Hatur nuhun Guru!