Paguyuban Pasundan

oleh -297 views
Poto: YPDM Pasundan

PAGUYUBAN Pasundan (PP) hamo bireuk deui, leuwih ti saabad makalangan. Gumelar taun 1913. Ngalalakon ngilu nganteur Indonésia merdika taun 1945.

Pikeun maluruh sakumaha gedéna kakuatan nu dipimilik ku Pasundan. Sadar kana poténsi nu aya tur baris diréngkolkeun dina paripolah.

Tjétjé H. Padmadinata ngajejeran salah sahiji bukuna Hombre Apecibido Medio Combatido, tatahar nu asak hartina satengahna tina karahayuan.

Hiji pasukan nu rék perang, kudu tatahar, jinek ngitung kakuatan sorangan sangkan bisa ngayonan musuh. Ngukur ka kujur.

Kudu merenah milih strategi, lolongkrang pikeun ngahontal karahayuan nu geus nampeu hareupeun. Salah ngaléngkah bisa tisolédat.

Tapis nempatkeun PP poé ayeuna enggoning ngigelan kamekaran organisasi Sunda nu lian katut organisasi étnik séjén, saalam dunya.

Sabaraha jiwa, anggota PP nu kiwari aktif? Salila ieu, nu nembrak ukur jumlah sakola jeung paguron luhur nu dikokolakeun ku PP.

Dina widang atikan, di mana posisi opat paguron luhur di antara PT nu aya? Di mana kapunjulan 104 sakola nu dipayungan ku PP?

Naha geus bisa mapakan sakola nu dipimilik ku pamarentah/swasta lianna? Sabaraha urang pakar pendidikan nu diaku réputasina?

Lebah widang sosial. Naon waé program PP nu adek tur bisa ngajait masyarakat tina kamiskinan jeung tuna élmu?

Sabaraha urang pakar sosial PP nu bisa ngarundaykeun pasualan sosial bangsa sakaligus méré jalan pikeun ngungkulanana?

Dina widang budaya, nepi ka mana PP ngigelan kamekaran wacana kabudayaan Sunda, naon waé sumbangsihna kana kabudayaan Sunda?

Sabaraha urang ahli kabudayaan Sunda nu dipiboga ku PP tur kumaha réputasina di tengah masarakat Sunda?Pikeun ngigelan kamekaran budaya di luar Sunda, naha PP geus miboga pakar kabudayaan étnik séjén katut pakar internasional?

Dina widang ékonomi, sabaraha lembaga ékonomi nu aya jeung kumaha transparansi enggoning ngokolakeunana? Sabaraha pakar ékonomi nu bisa diandelkeun?

Na widang pulitik, naon sumbangsih PP pikeun nyumponan aspirasi pulitik warga Jabar nu miharep aya wawakil Sunda di panggung nasional?

Sabaraha pakar pulitik jeung pulitisi kahot nu dipimilik tur kauji pikeun jadi jontrot nu sanggup ngaréngkolkeun kawijakan pulitik?

Dina widang hukum, naon waé “torobosan” pakar hukum Pasundan pikeun reugeujeugna hukum di Indonésia anu kateug?

Naha geus karasa kerakna lembaga bantuan hukum Pasundan enggoning ngabéla hak-hak hukum masarakat Sunda nu katideresa ku kawijakan sapihak?

Dina widang kautamaan istri, nepi ka mana PP mere lolongkrang pikeun kader-kader wanoja Sunda sangkan makalangan di luar PP?

Dina widang kapamudaan, lebah mana lolongkrang pikeun ngamalirkeun poténsi entragan ngora nu ngemu bakat, sumanget pikeun babakti?

Dina widang média, kumaha tarékah PP sangkan bisa mulangkeun deui nyongcolangna Sipatahoenan? Nu diparajian di Tasikmalaya.

Ku jalan tapis ngitung kakuatan éta pisan PP baris sayaga miang ka “médan perang” iraha waé, di mana waé. Cag!

)* Namperkeun wangkongan jeung Iip Yahya