Nungguan Bari Leumpang Naratas Jalan

oleh -459 views
Poto DestinAsian

GUNEM catur ngawangun carita. Ngundeur siloka dina galengan waktu nu mustari. Sabot ngaregot kopi. Sakeclak silib dina sagara.

Pait peuheur lain perkara pikasieuneun. Saéstuna jadi cukang hirup sawawa tur waras. Cipati kopi dina paitna. Talaga surti tanwatesan.

Cikopi jeung haté lir waditra pikeun barista. Tataluan nu lahir tina wirahma jajantung. Unggal keclak mirig ucap lampah. Pamiangan.

Kacapangan namper dina gelas. Catur ngabukur. Nyaritakeun nu aya caritakeuneunana. Pikir, ucap, lampah saigel. Lelembutan palasipah kopi.

Paitna kopi nu matak geugeut. Pait lain tugenah. Peuheur lain takdir. Ngan ukur runtuyan carita. Ngaregot cikopi hartina ngajénan prosés.

Naratas rawayan. Nungguan bari leumpang.