Rarancagan

oleh -605 views
foto: Dian Héndrayana

Éséy Dian Héndrayana*
(Sastrawan & Dosen di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)

Rarancagan. Wanda rarancagan. Atawa tembang rarancagan. Salah sahiji wanda dina cianjuran di sagédéngeun papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung kakawén. Munculna rada anggang, méh 50 taunan, ti sanggeus lahir papantunan. Mun téa papantunan lahirna dina sabudeureun awal paro kadua abad XIX (leuwih kurang taun 1850-1860-an) dina jaman RAA Kusumaningrat atawa Kangjeng Pancaniti, rarancagan mah lahirna téh sabudeureun awal abad XX, atawa leuwih kurang taun 1900-1920-an dina jaman Kangjeng RAA. Prawiradiredja II (anak Kangjeng Dalem Pancaniti). Malah mekarna mah rarancagan téh dina mangsa Cianjur diheuyeuk ku RAA Wiranatakusumah V (1910-1920).

Enya (wanda) rarancagan mah kudu disebut “tembang”. Éta téh nyuméndér kana kamus basa Sunda (boh LBSS boh Satjadibrata) nu nyebutkeun “tembang” téh ngalagu dumasar kana rumpaka (dangding) anu maké aturan pupuh. Demi pupuh nu ilahar dipaké dina rarancagan nyaéta pupuh ADAKISI (nginjeum istilah Atik Sopandi pikeun singgetan tina asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom) téa. Wanda rarancagan ngawengku sakabéh laras nyaéta pélog, sorog, saléndro, jeung mandalungan.

Wanda dedegungan gé maké rumpaka pupuh. Bédana rarancagan jeung wanda dedegungan téh nya lebah warna laguna jeung sumber pamianganana. Wanda dedegungan mah laguna tararik tur museur dina nada dominan mi (2) jeung la (5), jeung ngan aya dina laras pélog wungkul. Lian ti éta, wanda dedegungan mah miangna téh tina seni degung (nu harita di Cianjurna keur populér pisan di lingkungan padaleman). Kulantaran maké rumpaka anu maké aturan pupuh téa, boh rarancagan boh dedegungan kudu disebut tembang dina seni cianjuran. Enya, béda jeung kana wanda papantunan, nu éta mah henteu bisa disebut tembang, da kapan rumpakana lain tina puisi anu maké aturan pupuh. Rumpaka papantunan mah taya lian ti puisi pantun.

Rarancagan téh minangka hasil kréasi anyar tina tembang rancag buhun. Pada terang ari lagu rancag buhun téh nyaéta lagu tembang nu sok dipaké dina nembangkeun wawacan saméméh diimprovisasi maké lagam gaya kawih beluk atawa gaya kréasi anyar (alam harita). Kapan dina kamekaranana mah, nembangkeun wawacan téh sok rajeun dialeu-aleu diimprovisasi maké gaya beluk sina pepelengkingan. Nu matak di sawatara daérah mah, nyebutkeun beluk téh tujulna nya kana nembangkeun wawacan téa. Padahal nu benerna mah nembangkeun wawacan maké gaya beluk.

Tembang rancag dina wangun seni mamaca (tina dangdingan wawacan kiriman ti Mataram) neba ka Tatar Sunda, di antarana nya nyebar di kadaleman Cianjur. Dina paro ka-1 abad XIX mah di kadaleman Cianjur hirup pisan tembang rancag téh, utamana dilarapkeun dina seni mamaca. Demi seni mamaca téh nyaéta maca wawacan atawa nembangkeun wawacan. Malah dina sapanjang abad XIX mah seni nembangkeun wawacan téh kaasup seni nu dipikalandep ku urang padaleman jeung sabudeureunana.

Nincak awal abad XX, éta haleuang lagu rancag buhun nu biasa ditarembangkeun dina seni mamaca téh ku para bujangga anu percéka kareueus Kabupatén Cianjur diréka deui jadi varian (turunan) turta jadi pirang-pirang lagu anyar (R. Satjadibrata mah dina buku Rusiah Tembang Sunda nyebutna téh lagu-lagu tembang béh dieu). Cindekna mah, motif mélodi nu aya dina lagu rancag buhun anu karasana datar jeung basajan téh ku para bujangga digenah-genah jeung dilemesan. Demi cara ngalemesanana nya nurun tina cara Kangjeng Dalem Pancaniti ngalemesan kawih pantun sina jadi kawih papantunan. Éta inspirasi téh utamana mah lebah konsép musikalna; mangrupa stilasi tina lagu-lagu nu geus aya; papantunan tina kawih pantun, ari rarancagan mah tina tembang rancag buhun dina seni mamaca téa.

Ngeunaan téknik ngalemesan motif mélodi tina rancag buhun sina jadi rarancagan téa, taya lain ti mangrupa tarékah ngagenah-genah lagu sina karasa jadi leuwih lemes, sina leuwih ngalagena. Upamana baé lagu galindeng asmarandana dina gaya rancag buhun (dina seni mamaca) ana geus dilemeskeun mah nya janggélék jadi “Asmarandana Rancag” sakumaha nu kapireng dina rarancagan seni cianjuran. Atawa galindeng dangdanggula dina gaya rancag buhun (dina seni mamaca) ana geus dilemeskeun mah nya janggélék jadi “Bayubud”, atawa “Mangari”, atawa “Kéntar Cisaat”, “Kéntar Ajun” jeung sajabana sakumaha nu kapireng dina rarancagan seni cianjuran. Pon kitu deui galindeng sinom dina gaya rancag buhun (dina seni mamaca) ana geus dilemeskeun mah nya janggélék jadi “Sekargambir”, atawa “Liwung”, “Madendasari” sakumaha nu kapireng dina rarancagan seni cianjuran.

Sakali deui, rarancagan téh hasil ngalemeskeun tina motif galindeng rancag buhun dina seni mamaca. Kulantaran konsépna maké téknik ngalemeskeun téa tina rancag buhun dina seni mamaca, urang Cianjur mah kana rarancagan téh sakapeung nyebutna téh seni mamaos. Kacida mungkinna, éta istilah seni mamaos téh minangka hasil ngalemeskeun tina seni mamaca, seni maca wawacan (muhun, ari wawacan téh puisi dangdingan téa). Cindekna, istilah mamaos nya tujulna téh kana wanda rarancagan dina seni cianjuran anu rumpakana winangun puisi dangding. Lain pikeun wanda-wanda séjénna. Mana komo pikeun istilah seni cianjuran mah. Omat, ulah aya anggapan yén mamaos téh sarua jeung cianjuran. Nu merenah mah, sakali deui, mamaos téh bagian tina seni cianjuran. Betul! Mamaos téh sami sareng rarancagan.

Tepi ka ayeuna, lagu rarancagan téh geus ngaratus. Dina lagu rarancagan anu geus sakitu réana téh bréh wé katangén, tina pupuh dangdanggula ngajanggélék jadi “Bayubud”, “Pangasahan”, “Kéntar Cisaat”, “Kéntar Ajun”, “Mangari”, “Talutur”, “Dangdanggula Madenda”, “Pangauban”, “Bogoh Teu Sapikir”, “Kodok Ijo”, “Kapaksi”, “Budaya”, “Erangbarong”, jeung nu séjénna. Tina asmarandana ngajanggélék jadi “Cintawaas”, “Udan Iris”, “Eros”, “Kumoléang”, “Asmarandana Madenda”, “Kulu-kulu Barat”, “Wani-wani”, “Embat-embat”, jsb; tina kinanti ngajanggélék jadi “Sungkeman”, “Udan Mas”, “Ligar”, “Kagagas”, “Payo”, “Pegat Jodo”, jsb; tina sinom ngajanggélék jadi “Sekar Gambir”, “Sinom Madenda”, “Liwung”, “Cirebonan”, “Banjar Sinom”, “Langendria”, “Rengganis”, “Lampuyangan”, “Samagaha Pikir”, “Madendasari”, “Pegat Duriat”, jsb.

Kakaliruan anu umum tur geus neba di masarakat nyaéta nyaruakeun istilah tembang jeung cianjuran. Malah di antara istilah-istilah tembang Sunda, tembang Sunda cianjuran, jeung mamaos, dianggap miboga harti anu sarua, harti anu tunggal, nyaéta cianjuran. Éta nu kaliru téh! Da kapan sidik istilah tembang, tembang Sunda, tembang Sunda cianjuran, jeung mamaos puguh mibanda harti séwang-séwangan. Tur di papadana mibanda harti anu béda pisan.

Ieu mah sakadar manginget-nginget baé. Istilah tembang mibanda harti lagu anu maké rumpaka dangding (puisi anu maké aturan pupuh). Istilah tembang Sunda mibanda harti haleuang tembang anu aya di Sunda; lain di Jawa atawa di Bali, atawa di Lombok. Istilah tembang Sunda cianjuran nyaéta haleuang tembang anu aya dina seni cianjuran, nyaéta wanda rarancagan jeung dedegungan (da kapan rarancagan jeung dedegungan mah rumpakana maké puisi dangding, merenah disebut tembang). Sedengkeun istilah mamaos mibanda harti haleuang anu geus dilemeskeun tina seni mamaca (maksudna mah nya kana rarancagan téa). Jadi, istilah mamaos téh satemenna sarua pisan jeung rarancagan. Ari rarancagan téh bagian tina cianjuran, di sagédéngeun papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung kakawén.***

*Kungsi dimuat di rubrik Kolom HU Tribun Jabar.